Naon Lepatna - Darso & Detty Kurnia

 naon lepatna, naon dosana
mun diri katarik geter simpati
kabandang kamelang

naon lepatna, naon dosana
mun rasa rumasa nyimpaykeun tresna
mikaasih ka dirina

kapan cinta kedah anteb jeng asihna
kapan asih kedah tingtrim sumandingna

sedeng rasa rumasa manteng teuteupna
demi kasatiaan janten pageuh pamadegan

naon lepatna naon dosana
nepikeun tungkusan kalbu mustika asmara
naon lepatna naon dosana
da niat rek saenyana, mikaasih ka dirina

kapan cinta kedah anteb jeng asihna
kapan asih kedah tingtrim sumandingna
sedeng rasa rumasa manteng teuteupna
demi kasatiaan janten pageuh pamadegan

naon lepatna naon dosana
nepikeun tungkusan kalbu mustika asmara
naon lepatna naon dosana
da niat rek saenyana, mikaasih ka dirina

naon lepatna naon dosana


Gunung geus aya dipungkur
indit haté mah murilit
duh, aduh indit haté mah murilit

Miang gé da sumoréang
Parang tritis kapiati
aduh enung pileuleuyan
wengi énjing tepang deui, aduuuh ( 2 X )  
Kembang mawar angger beureum,


nya eulis da angger beureum.