WENGI ÉNJING TEPANG DEUI
Rumpaka : Tatang Sastrawirja
Sanggian : Mang Koko
Laras : Pélog
Disimbutan ku halimun
diaping ku indung peuting
lalaunan ngalayangna
sukma ninggalkeun jasmani ,
Duh aduh sukma ninggalkeun jasmani
Ngalayang ka awang-awang
rék nepangan anu tebih
nepungan ka urang gunung
malati di pinggir pasir
Kakara pisan ligarna
kapendakna tacan lami
katuruban dangdaunan
kaheumpikan naga sari
Kembang diburu dirungrum
sawengi henteu kawangi
patapan henteu kalanglang
raraosan mah sawarsih,
Duh aduh raraosan mah sawarsih,
Hawar-hawar sora hayam
ciri parantos janari
nu nyumput téh humarurung
teungteuingeun milik diri
Harianeun teuing kadar
misahkeun anu keur asih
kembang nganggo dihalangan
ditundung ku indung peuting
Gunung geus aya dipungkur
indit haté mah murilit
duh, aduh indit haté mah murilit
Miang gé da sumoréang
Parang tritis kapiati
aduh enung pileuleuyan
wengi énjing tepang deui
Duh aduh wengi énjing tepang deui.