Sapanjang jalan, hate galecok ngomong sorangan. Dipikir pikir, ari aing gelo kitu?. Nya teu rek jadi pikiran kumaha atuh, da maneh nu nyieun perkara. Urang mah teuing kudu kumaha ayeuna, kitu salah kieu salah jadina teh, teu ngahampura salah, ngahampura, ieu hate acan merean, ari aing kudu kumaha atuh?.
Tapi, jelema nu teu daek ngahampura mah kaasup jelema sombong lin? heug atuh, ku aing dihampura, asli tah tina jero hate.
"Nyai, kamana euy?," Ceu Ai nu karak turun tina angkot nanya.
"Hey ceu, ieu rek ka Bandung," haroream ge di tembal weh.
Motor teu eureun heula, da kagok, mun eureun, engke lila deui ngobrolna jeung si eta mah.
Mobil kijang nu di satukangeun ngelaksonan. "ke heula kehed, jalan salega lega, naha teu bisa kitu nyiap?." Jadol teh, supirna ngadon ngiceupan. goblog supir teh, teu nyaho aing keur narapsu meureun.
Heueuh, gara gara maneh aing jadi kieu teh, jadi loba pikiran. keur mah titadina loba pikiran, hehe. Eh, naha aing bet seuri sorangan?, bae ah, da euweuh nu melongkeun.
Ah aing mah, jadi hanjakal di tepungkeun jeung maneh baheula teh. Sugan mah enya weh maneh salah saurang jelema nu bisa di andelkeun ku aing. Sugan teh maneh mah lalaki nu bisa jadi sumanget pikeun aing ngalakonan hirup. Gening kabeh ge sarua, euweuh lalaki nu eucreug. Eh, keheula, gening Bapa urang mah jelema bener ketang, teu loba ceta, teu loba cudra. Estuning Bapa nu sampurna.
Motor dibelokkeun heula ka POM bensin, da puguh can di eusian ti kamari. Sanggeus di pinuhan, geuleuyeung, motor di jalankeun deui.
Teu nyangka saeutik eutik acan, maneh rek tega ka aing. Naon ari salah aing? Tega nya maneh ngaduakeun diri aing, tega maneh ngahianat hate aing? deuleukeun siah, dibales ku aing.
tok, tok, tok. tilu kali urang ngetok panto imah kosan maneh, maneh muka tulak, muka panto, aing teu loba ngomong, ngan cleb, peso nu di bekel ti imah, di tunclebkeun kana awak maneh.
Tah kitu siah mun awewe di bobodo teh.
Teu lila, tatangga pada ngagimbung, pulisi datang. Satuluyna, urang teu inget nanaon.