Showing posts with label Carpon. Show all posts
Showing posts with label Carpon. Show all posts

Mah, Ida lapar … !


Sinarieun ceu Ikah teu datang ka imah sababaraha poe ieu, na kamana nya? Biasana mah katempo indit dagang bala bala atawa buburuh nyeuseuhan pan, si Ida kitu deuih, teu katempo ulin budak teh. Naha euweuh ka imah tilu poe ieu teh atuh nya? Ah, panasaran, bisi aya nanaon, urang tempo heula. Niat rek ka pasar teh, antukna diteundeun heula, miheulakeun nyimpang ka kontrakan ceu Ikah, randa kang Sahma.

Keur aya dikieuna, almarhum kang Sahma teh katelah pajoang pikeun janda janda nu salakina leungit diculik, pedah merjoangkeun hak asasi manusia tea. Heueuh jiga Munir tea meureun. Tok, tok, tok, panton di ketok lalaunan. Sepi, euweuh nu nembal. “Ceu..., ceu Ikaaaah..., ieu abdi, nyai. Ceu..., euceu aya di bumi?” Naha euweuh nu nembal keneh nya? Tina nako mah siga aya jelema da.

“Teh Nyai, bade ka ceu Ikah?”  Lieuk ka nu ngagorowok. 
“Enya, Tat, kamarana nya?”  kuring malik nanya.
“ Tikamari ge teu aya da, teu kaluar bumi.  Si Ida ge teu aya ameng kadieu deuih, pan biasana ge ameng bobonekaan sareng Nina di dieu,” tembal Tati.

Ah, na kamana atuh? asa hariwang kuring Ceu, mun euceu unjang anjang, naha nganjang kasaha? Pan dulur euceu mah ngan kuring wungkul, enya ge teu saindung, beda bapa, tapi ari sarua budak panti  mah urang teh geus jadi dulur. 

“Idaaaa…, Idaaa…. “ Sakali deui kuring nyobaan ngageroan, susuganan aya. 
Kolotrak! Sora engsel panto dibuka. Bray. Astagfirrulloh…! Ida meni sepa. Panon celong, awak begung. 
“Ida, mamah kamana?”  Kuring buru-buru muru ka kamar Ceu Ikah.  Kosong, euweuh sasaha. 
“Ida, mamah kamana, bageur?” 
“Mamah tos tilu dinten teu uih. Saur mamah, mamah bade ka Jakarta. Ka gedong MPR, bade merjoangkeun hak Apa. Mamah bade nungtut, bade nyuhunkeun bantosan ka nagara. Naha Apa diculik, naon lepat Apa?”

Gebeg! Ser..., duh Gusti Nu Agung. Hate peurih ngupingna, asa digerihan  hinis. Paparinan pitulung, Gusti..., kangge anjeuna nu nuju merjoangkeun hakna. Deudeuh teuing anjeun, ceu, ayeuna meureun anjeun teh keur merjoangkeun nu leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana.

Kuring nangkeup Ida, awakna karasa panas pisan, gening budak teh gering. Di rampa tarangna, euleuh, enya weh gering. “Mah, Ida lapar, hoyong emam … “ Pokna Ida dina tangkeupan. 

Pangharepan Awal Oktober


"Aya hiji nu janten matak di antawis urang duaan Akang, nyaeta tos teu aya 'kapercayaan' di antara urang, naha kedah kumaha abdi ayeuna atuh, supados Akang tiasa percanten deui  ka abdi?,"  sora Imas dareuda, panon carinakdak.

"Ah, duka teuing Nyi," tembal Tarja bari ngahuleng.

"Akang, urang duaan, ngarumah tangga tos aya kana welasan taunna, rumaos Nyai mah kantos  milampah salah. Naha ayeuna bet di guar deui? Kahoyong akang ayeuna kumaha?,"

"Kateuing Nyi ah, lieur,"  bari leos Tarja ka dapur. Di dapur, Tarja ngan saukur cicing, nangtung bari neuteup kosong, pikiranna kumalayang, teu nyaho naon kahayangna ayeuna.

" Ih, ari Akang sok teu puguh, ongkoh saur Akang, Akang mah moal percaya deui pikeun nu kadua kalina, maksadna naon atuh Kang?" Imas kuciwa, nempo salakina teu bisa diajak ngomong nu bener.

Nu di dapur teu nembal, teu kecet kecet.

Sajeroning hatena, Imas ngagerentes, "Ya Alloh, mugia Anjeun maparinan pun lanceuk, kasabaran, kasalametan, anging anjeuna nu dipikaheman, dipikaati ku diri abdi Ya Alloh. Bukakeun panto hatena kangge abdi Ya Alloh, mugia anjeuna uningaeun eusi hate abdi. amin Ya Alloh, Ya Robbal Al Amin".

Cipanon geus teu katahan, teu bisa di sumputkeun deui.  Imas lumpat ka kamar, nyegruk ceurik kana bantal.

Sono ka Ujang


Ngitung waktu, milang poe,, diri nyai nyobaan nangtung deui pikeun hirup nyai kahareupna. Sagala kanyeri,kapeurih,jeung kasedih nyai di bangbalerkeun kana carita.
Sugan jeung sugan, liwat ieu carita, nyai bisa ngupahan hate nyai nu pinuh ku katunggaraan.
Saha nu teu peurih, saha nu kuat, narima cocoba nu sakieu gedena. Di tinggalkeun ku budak nu keur lucu lucuna. Kembang buruan cenah ceuk batur mah, ari pikeun nyai mah,, kembang hate, kembang nirwana.
Budak nyai, tiwas ku alatan kaserempet treuk nu ngaliwat. Euweuh nu salah dina kajadian ieu teh, da eta mah geus aya gurat takdirna. Panan jodo, pati jeung cilaka geus aya garisna. Urang teu bisa nolak,moal bisa mungkir, kitu deui, urang teu bisa nawar.
opat puluh poe can kaliwat, hate nyai kiwari geus kaubaran, bati peupeujeuh ti kidulur, kisobat, jeung kabeh jelema nu mikaasih, mikadeudeuh ka diri nyai jeung budak nyai.
Mun seug anjeun apal, unggal peuting, teu weleh nyai nyambat, sugan jeung sugan, isuk bisa panggih jeung budak nyai. Tapi dalah dikumaha, eta harepan ngan sakur impian, ku teu asup kana akal bakal kacumponan.
Isuk isuk, mun nyai hudang, ieu cimata sok ngalembereh, ngabaseuhan hate jeung mamaras. Ret kaditu, ret kadieu, diteang kaditu, diteang kadieu, angger euweuh hidep teh gening.  Kamana atuh hidep teh jang? ,dimana atuh hidep ayeuna?.
mun seug meunang, kahayang mah ngajerit maratan langit, ngoceak laratan jagat. Sugan jeung sugan, budak nyai bisa ngadengeeun, sugan atuh manehna datang nyampeurkeun.
Yap kadieu bageur, yap kadieu, urang eyong ambing ku nyai, cuang usapan eta mastaka jungjunan kalbu teh.
Rek diciuman, rek digalentoran, ditangkeup, moal deui deui di leupaskeun…
Anaking, dangukeun jang,, nyai sono kahidep, nyai kasiksa ditinggalkeun kuhidep. Euweuh nu bisa ngupahan kanyeri hate nyai, iwal ti imut hidep ujang…

Ujang, ieu carita nyai, kaluar tina  dasaran hate, nu lila disidem, ayeuna kaguar deui, pedah  teu kuat nandanganana. Da geuning, beuki disidem, beuki rosa karasana.
Nyai yakin, hidep keur ningalikeun ieu diri. Nu ayeuna  keur kasimbeuhan ku cimata. Hampura nyai sujang, hampura nyai. nyai sono tan wates kabendung. Nyai sono sujang. Nyai sono.
DEMI ALLOH,NYAI SONO KA UJANG!

Mimitina tina Facebook


Dina inbok anjeun, kuring ngebrehkeun sagalana. Sanajan teu kakedalkeun kabeh, kuring bagja, kuring asa laluasa. Puas diri kuring sok sanajan ngan kitu wungkul. Asa harampang pipikiran sanajan ngan kitu wungkul.

Dina lahunan status anjeun, kuring genah tur merenah. Sanajan ngan kitu wungkul, kuring geus asa pangbageana.
Enya, ngan ukur anjeun, nu ngarti kana kaayaan kuring. Ngan ukur anjeun, nu bisa ngahibur diri kuring.

Sanajan ngan dina inbok jeung status wungkul.

"Eha, geura hudang siah! geus jam sabaraha ayeuna teh? Lain geura mandi kadituh! geus lohor acan? Beuki gede teh beuki ngedul maneh mah!"  

Euh, aing mah, teu kaop cicing, meni teu meunang weh santey teh.

" Naon atuh Ma, Eha mah geus mandi ti isuk ge, lohor ge pan tadi geus lohor!" 

"Keur naon atuh siah dikamar wae? kawas panganten weh nyileungleum di kamar sapoe jeput, kadieu yeuh bantuan ema nyieun adonan!" sora Ema beuki bedas ti tukang.

Haroream ge kapaksa kuring nyampeurkeun ka tukang. Kasampak Ema keur nyieun adonan bala-bala.

"Naon Ma?"

"Tah, asupkeun tariguna!" 

Tarigu ku kuring ditampanan, palastik nu ngabungkus tarigu ku kuring disoehkeun. 

"Make gunting atuh, lain di gegel kitu! jorok pisan maneh mah  awewe awewe teh".
"Da euweuh atuh Ma guntingna, bae atuh lah nu penting mah tariguna asup kana adonan" tembal kuring.

"Ih maneh mah dibejaan teh, paingan euweuh lalaki nu ngadeukeutan atuh da maneh mah kitu geuning, kawas lain awewe." Ema embung eleh omongan.

"Naha teuing Ma, nya ari geus jodo mah engke ge aya atuh. Ayeuna naon deui Ma? tariguna geus nyampur yeuh jeung adonan," cekeng teh ngahaja mengparkeun paguneman.

"Heueuh meunggeus weh kitu," tembal Ema pondok.

"Kitu wungkul?" tanya kuring.

"Nya heueuh, ari geus naon deui atuh? da lamun dititah bari panggorengkeun, hasilna moal jauh ti tutung!" ceuk Ema bari panonna meletet ka kuring.

Teu bisa nembalan deui, jabaning hade keneh menjauh dari lokasi ah, sok jadi perang engkena.

Sup deui ka kamar, gubrag deui kana risbang.

Kalayang, lamunan mimiti kumalayang. Ceuk anjeun, diri kuring panggeulisna, ceuk anjeun diri kuring pangsampurna-na. Sanajan ngan kitu wungkul, ieu hate bagja amarwata suta, bungah euweuh tandingna.

Iraha nya urang bisa panggih? Iraha nya urang bisa paduduaan? da geuning, hate beuki kumejot hayang panggih. Pikiran mingkin manteng hayang geura ngalakonan.

"Eha, keur naon deui atuh, itu aya semah keketrok teu kadenge?"

Ah aing mah si Ema, ngaganggu wae kasenangan batur, teu meunang weh kuring cicing teh.

"Bade kasaha Jang?" kadenge sora Ema nanya kanu jadi semah.

"Eha-nya ada Bu?" tembal nu nyemah.

"Oh, ke sakedap, saha tea nya Ujang teh?"

"Saya Soleh Bu, teman Eha" nu ditanya ngadenge nembalan.

Hah, Soleh? Soleh nu dina Face book tea kitu? Alah siah, kuring can mandi.

"Eha, ieu aya tamu! Sok calik heula Jang, ke sakedap urang sauran". 

Kolotrak, panto kamar dibuka tiluar.

"Eha, itu aya babaturan, cenah ngaranna Soleh, jug geura sanghareupan! kasep siah, pokona mah Ema panuju weh," ceuk Ema bangun nu atoh.

Kuring? Nya puguh deui atuh, atoh pisan.

Can mandi ge, geuwat kuring dangdan. beungeut ditaplokan ku wedak, biwir dibeureuman ku lipen.

Srot, srot, Parfum teu tinggaleun. Baju ganti kunu anyar meuli kamari.

Kaluar tikamar, kasampak tamu keur nyoo HP.

"Kang Soleh?"

Nu ditanya ngalieuk, panonna mencrong ka kuring tiluhur kahandap. Beu! kuring jadi salting.

"Hey, pa kabar?" 

"Euh, baik Kang," tembal teh bari grogi.

"Gini ya, saya mohon ma'af atas segalanya, namun sepertinya saya tidak bisa melanjutkan hubungan kita! Ma'af juga jika kedatangan saya kesini hanya membuat kamu terluka".

Deg, asa aya nu neunggeul kana jajantung, asa aya nu nubles kana hate.

Acan ge parat kuring ngararasakeun kanyeri, manehna geus nuluykeun omonganna.

"Jujur saja, kamu berbeda sekali dengan di Profil ya, saya menyukai wanita yang lembut dan keibuan, saya berada disini udah lama loh, tak sengaja saya dengar pembicaraan kamu dengan ibu kamu didapur tadi" 

Teg, teg, teg, aduh, aduh, aduh. Geus, geus, cukup! Montong dituluykeun deui. Kuring mah kieu ayana, mun didinya rek ngahina, leuwih hade montong panggih sakalian. Balik siah, balik! indit siah, indit!.

Kuring jejeritan, kuring jojorowokan! ngan teu kedal.

Kuring ngan saukur ngabetem, kuring ngan saukur cicing waktu manehna amitan balik.

Kudu kumaha, teu bisa kukumaha, kabisa kuring ngan kitu wungkul.

Manehna kungsi ninggalkeun kiwari tepung di meja hijau.


Ieu carita lain carita dongeng atawa sabangsaning roman jeung novel. Lain, lain dongengna sasaha, atawa roman jeung novel panulis nu sohor.  Kajadian ieu kajadian nu kungsi jeung kiwari disanghareupan ku kuring.

Kuring Esih, umur kuring duapuluh dua taun boga budak hiji euweuh bapa-an. Lain, lain rek agul pedah boga budak euweuh Bapa-an. Eta mah kakeuheul kuring ka manehna nu geus ninggalkeun waktu si utun  dina kandungan. Da ayeuna mah budak teh geus boga Bapa.

Kuring wanoh ka manehna, enya bapana budak, diamprokkeun ku babaturan sakola. Cenah mah manehna teh geus mikaresep ka kuring tisaprak panggih di imah Ida.

Teu apal apal acan waktu di imah Ida mah, teu kareret reret acan. Naon pikatajieunana atuh, kulit hideung, buuk acak acakan, make baju asal rap bae. Estuning kuleuheu, lain tipeu kuring pisan.

Diamprokkeun  ku Agus, kabogohna Ida di halteu jalan Asia Afrika. Maranehna nungguan di halteu nu biasa dipake ku kuring megat  beus DAMRI ka Cibeureum.


Satadina mah Agus jeung manehna teh rek nyampeur ka sakola, ngan ku kuring dihulag pedah era ku babaturan sasakola. Disakola kuring kasebut kutu buku, kuuleun, pinter tapi kuper cenah. Enya, meureun pedah harita kuring ngan ngagugulung buku jeung ngudag kana prestasi diajar.

Lain nanaon  niat kuring mah hiji, nyenangkeun indung bapa kalayan sakola bener , jadi budak nu teu nguciwakeun kanu jadi kolot.

Dasar kuring harita, abong jalma kuuleun, teu gaul, ku asa jadi jelema panggedemilikna aya nu ngomong cinta teh. Rumasa, sok sanajan harita geus kelas tilu SMA ge, tacan aya nu pernah nyatakeun cinta.

Tisaprak panggih jeung manehna di halteu, kuring jeung manehna mingkin raket wae. Meusmeus mabal sakola, meumeus nyieun surat ijin sakit keur ka sakola. Sarua manehna ge ka sakolaanna, sok remen ijin jeung alpa.

Momotoran buar biur euweuh pangjugjugan ge asa bagja weh da jeung nu dipikacinta. Dunya milik duaan teh lain bohong.

Sakali waktu, kuring jeung manehna kacolongan, sosonoan nepi ka teu inget yen nu dilakukeun nyata nyatana nyalahan. Komo sanggeus remen ka imah Agus mah, nu tara aya sasaha di imahna da indung bapana Agus mah digarawe duanana, beuki weh pogot kuring jeung manehna teh.

Ngalakukeun hal nu dipahing ku Agama geus asa jadi biasa, asa aya batur da Agus jeung Ida ge sarua cenah sok ngalakukeun hal eta.

Tungtungna, kuring meunang buah tina hasil pepelakan manehna. Kuring ngandung, dina umur salapan belas taun. Kacida bingungna kuring harita, kitu deui manehna. Teu wani kuring bebeja ka Ema atawa ka Bapa, kitu deui manehna.

“Sih, urang akalan weh nya? ceuk si Agus si Ida ge pernah jiga Esih, tapi gancang nginum obat, tah ieu obatna! Sok geura dieueut sadinten dua kali da obat keras ieu mah” ceuk manehna harita.

“Moal nanaon ieu teh? Kumaha mun gagal? Der orokna kaluar cacad,” hamham kuring teh sabenerna mah narima obat ti leungeun manehna harita.

Manehna kerung, “Moal lah, moal nanaon, pasti berhasil  ieu mah, si Ida ge geuning teu nanaon”.
Leg!, obat diteureuy bari hate mah nolak.

Euweuh, euweuh pangaruhna obat teh. Ceuk si Agus cenah mah kandungan kuring nu kuat, euweuh cara lian salain ti ka bidan.

“Kumaha Sih, ka bidan wae nya? Duit mah aya, kengeng nyungkeun ka mamah sareng tumbat tambut ka rerencangan? Kumaha? Kalem Sih, da Aa mah moal ninggalkeun Esih, nepi ka iraha ge Aa mah pasti gigireun Esih. Sumpah Sih, Aa mah deudeuh ka Esih, sayang ka Esih!” kitu ceuk manehna waktu ngolo kuring pikeun miceun si utun, pedah kuring keukeuh embung ngagugurkeun.

“Atos lah A, urang  duaan teh salah, urang tos ngadamel dosa, bakal tambih ageung deui dosa mun ieu jabang bayi digugurkeun”.

“Sih, sing ngarti atuh ka Aa, Aa teu bisa mun kudu kawin ayeuna. Aa can siap, bakal kumaha ambekna mamah jeung Apa Aa engkena, Aa mah teu wani Sih,” jawaban nu teu dipiharep pisan ku kuring ti manehna.

Ti harita, manehna ngaleungit, teu puguh laratanana. Diteang ka sakolana tara aya, di susul ka imahna teu manggih beja.

Sorangan, nyata nyatana kuring nyanghareupan masalah ieu ku sorangan. Indung jeung Bapa mimiti mah teu tarima, tada teuing wirangna Ema jeung Bapa, tada teuing kuciwana anjeuna.  Ema, Apa, abdi nyuhunkeun dihampura.

Sok sanajan keur kakandungan,  sumanget sakola kuring teu kendor. Komo bari pihak sakola mere kawijaksanaan mah. Keun wae babaturan ngomongkeun ge, keun wae sobat sobat ngajauhan ge, kuring narima meureun ieu babalesna nyimpang tina Agama.

Teu lila ti lulus sakola, budak borojol kalayan normal jeung salamet. Budak mah diurus ku Ema, sedengkeun kuring, tuluy gawe dihiji parusahaan gede.

Enya ge gawe di parusahaan gede, tapi kaayaan kuring angger teu bisa rubah. Beubeunangan gawe saukur pikeun nyukupan kaperluan budak, tacan bisa mulang tarima ka indung jeung ka bapa. Tapi ah, sok sanajan kitu kuring teu ngarasula, kuring pasrah tumarima. 

Aya kana sataun digawe, nu boga parusahaan, ditinggal maot ku pamajikanna. Kuring ayeuna pisan nu ngaganti posisi pamajikan dunungan teh. Enya kuring dikawin ku Mister Liem, urang Taiwan pamilik parusahaan nu umurna geus ayaan.

Hirup kuring rubah, sagala kacumponan, awak kaurus teu cara basa nyorangan. Ema jeung Bapa ngilu bungah, komo deui kuring nu tungtungna bisa mulang tarima kanu jadi Indung jeung Bapa.

Ayeuna manehna datang deui, nepungan kuring di kantor parusahaan nu dipingpin ku kuring.Sababaraha kali manehna nepungan kuring, ngaganggu pisan kana kahirupan kuring. Adelia, alesanna pikeun Adelia. Budak nu teu nyaho di wujud Bapa aslina. Budak nu ngan nyaho yen Papih Liem bapa hiji hijina.

“Sih, Aa mah moal ngaganggu kana rumah tangga Esih, Aa ngan hayang apal budak urang. Tilu taun Aa kasiksa. Salila tilu taun Aa teu weleh nyebut ngaran Esih. Lain Aa rek ninggalkeun Sih, tapi sanggeusna Aa cumarita ka Mamah jeung ka Bapa, Aa harita keneh dipindahkeun sakola ka Jogja. Sih, hampura Aa, ijinkeun Aa panggih jeung budak urang,” pamenta manehna.

“Teu! Teu bisa!” tembal kuring teges.

“Sih, mun Esih ngewa ka Aa ayeuna, heug teh teuing, Aa narima. Tapi tulungan Sih, tulungan Aa, Aa ngarasa dosa mun budak urang teu apal ka bapana,” manehna maksa.

Kuring molotot ngadenge manehna nyarita kitu.

“Ngeunah weh, sanggeus ninggalkeun budak ti keur dina kandungan keneh,  didinya teu pupuguh datang nyebutkeun didinya bapana? eling atuh ngomong teh! Saha ari didinya? Ngurus teu? Ngabeayaan teu?”  awak karasa panas nyongkab, sirah asa rek bejad ngareungeu manehna nyarita kitu.

"Sih, kieu kieu ge Aa teh bapana, mun perlu ayeuna keneh Aa rek nyokot budak! paduli Esih rek ngijinan atawa henteu, budak rek dicokot ku Aa". 

"Kaluar! kaluar maneh Purwa! Montong coba coba ngadeukeutan Adelia! kaluar siah!"
leungeun kuring lempeng nunjuk kana panto.

“Sih, mun didinya keukeuh wae embung nepungkeun Aa jeung Adelia, Aa rek nungtut! urang panggih di meja hijau!”
Gebeg! alam dunya asa ku poek mongkleng.

Manehna kungsi ninggalkeun, kiwari  tepung di meja hijau.

Banjir & Reformasi


“Bapana, itu cai rembes tina tehel, heulakeun heula di jero imah atuh”

“Keheula Ibuna pan ieu yeuh tidieu biasana ge cai teh jolna”

“Cicing Ujang! Ulah turun tina meja bisi leuleuncangeun!”
Budak ngarengkog deui nempo indungna molototan.

Caah, jeung caah, unggal dibere hujan ngan caah jeung caah. Iraha atuh pamarentah rek nguruskeun  solokan? mirosea walungan nu beuki dieu beuki ngaleutikan?.

Heueuh, ari walungan  angger sagede kitu,  jumlah jalma hirup nambahan.
Sampah, pamakean cai pikeun sapopoe ge tangtu nambahan.

                                                                     -0-

“Karasa hesena hirup teh ayeuna mah leuwih leuwih ti jaman Suharto euy, sakapeung mah sok hayang balik deui ka jaman basa dipingping ku manehna, wayah kieu aing can meunang saperak perak acan, goblog!”  si Kikin muka wangkongan.

Si Sarja nu diuk di juru warung nyengir sakeudeung, leungeunna  nyepeng  gelas pinuh cikopi nu karek cur. Tuluy manehna pok, “ Heueuh, padahal nu salah mah nu dihandapna ceuk uing mah”.  Suruput  kana cikopi.

“Kateuing pamarentahan nu ayeuna yeuh, sugan weh atuh bener reformasi teh,“ pokna si Sarja deui.

"Ah, waduk reformasi, tisaprak reformasi, dor dar bom geuning dimana meni! Bener teu? Kamari urang ge ngadenge cenah di simpang lima aya bom. Sok, mana? Nepi ka kiwari mangkelukna can kapanggih tah nu neundeun bom teh,” tempas si Kikin.

Lain teu hayang milu mairan, ngawangkong jeung maranehna ngan ieu awak asa pasiksak bati tadi peuting beberes imah alatan kacaahan.

“Tis kunaon ilaing euy? bet ngabetem wae? ditundung ku pamajikan?, ” si Kikin ngagonjak.

“Ih ari si eta, naha teu nyaho kitu, tadi peuting imah si Entis kacaahan? Sameter leuwih nu asup ka imahna teh,” si Sarja mangnembalankeun.

“Heueuh Kin, tadi peuting mah kacaahan teh pangparna-na.  Sameter duapuluh di jero imah euy. Mun seug lain ku butuh, poe ieu teh moal narik, cumah tu da moal aya panumpang”.

“Heueuh bener” pokna Kikin diembohan ku ungeuk unggeukan, kateuing naon maksudna.

                                                                              -0-

Dina baliho nu dipentangkeun tina tangkal ka tangkal  aya tulisan ”silih asah, silih asuh, silih asih,” sahandapeunna aya gambar pamingpin make jas bari dikopeah.

Naon maksudna ari di jaman ayeuna? Silih asah, meureun silih adu kapinteran dina usaha kapilih pikeun jadi pamingpin. Silih asuh, meureun silih tutupan kabohongan yen maranehna  geus nilep duit rahayat , meureun, ieu mah meureun, nu senior mere nyaho, ngawurukan kanu junior kumaha carana nyumputkeun duit rahayat.  Atuh silih asih, ka, kela, naon nya hartina? Maenya  hartina silih ngabagi hasil korupsi mah.

“Kiri Pak di depan!” sora panumpang nu menta eureun jenger kadenge ti tukang. Gancang mobil dikasisi beh kencakeun.
Jrut panumpang turun, sanggeus mere pamulangan mobil  dijalankeun deui.

Tihareup, katempo barudak mahasiswa keur  ngagimbung bari aya nu mawa keretas karton, spanduk jeung ban mobil. Rek daremo naon deui atuh cenah, pan geus puguh euweuh nu didenge.

Kapaksa mobil teh eureun heula, kusabab jalan ditutup ku mahasiswa. Sanggeus maranehna ngaliwat, kuring nuluykeun deui  pagawean, his lain gawe meureun ari saukur nyupiran angkot mah, kuli.

Acan ge nepi ka terminal, geus kasampakeun jeung nu demo deui, guru honorer cenah ceuk tukang asong bieu mah menta diangkat jadi pagawe negri.

Duh aing mah, karek ge dua rit bari acan beubeunangan, aya weh  gogoda teh.  Saha nu kudu disalahkeun? Bener ceuk si Kikin leuwih ngeunah jaman Suharto, euweuh nu demo, teu kacaritakeun nu sangsara.

“Tis bakal lila yeuh sigana macet teh, geus weh puterkeun deui !” si Kikin ngagorowok tin a jandela angkot manehna nu aya sateukangeun angkot kuring.

Ret kana spion, nu diuk dina korsi tukang aya duaan panumpang awewe  barudak keneh.
“Neng, liren dimana?”tanya teh.

“Di jalan Samboja Pa,” tembal nu buuk pondok.

“ari eneng?” cekeng teh nanya kanu saurang deui.

“Abdi mah di jalan Bagja Pa”.

Geuleuyeung mobil dituluykeun deui bari meus meus kudu eureun, da kapegat banjir jeung nu daremo.
Emh, mun kieu tuluy, kumaha pijagaeun barudak kuring atuh? Dimana mana banjir, dimana mana tingjorowok reformasi, bari euweuh hasilna. Duh ieu nagara, ngadon weh banjir reformasi.

Panglayar jadi Panglayur


Aya kana sajamna nungguan,  nu dijangjian can datang-datang. Pikasebeleun jelema teh. Rani, mun lain maneh nu menta tulung, teu hayang urang mah kikieuan. Daek soteh pedah maneh nu nitah, rumasa urang rea ditulungan ku maneh.

Ran, urang  jadi heran naha maneh bet embung nyanghareupan sorangan?Panan maneh nu panasaranna ge. Ari dina facebook mah calakan maneh teh siga nu enya wanian ka lalaki, ari dina kopdarna haben weh nitah urang. Urang mah nepi ka beak pikir ku maneh teh, naha maneh teh teu boga kawani sorangan?Beungeut teu ngerakeun, dangdanan modis, duit aya, kari pede wungkul, Ran.

Kapok urang mah kikieuan teh, Ran, sieun jiga basa kopdar jeung si Asmarahadi euy, geus beungeut siga si Boneng teh maksa urang milu ka hotel deuih. Untung urang bisa nolakna euy enya ge ku cara kasar. Paduli manehna bos ge ah.

Hihihi, Ran inget si Jaka?nepi ka kiwari ge urang mah hayang nyakakak keneh. Gehel tah jelema, sugan teh heueuh  kasep jeung atletis siga poto profilna, hanas urang duaan parebut tiheula hayang meunangkeun manehna, ari gok teh bet leuwih parah si Boneng, ha ha ha ha … Ran, mun maneh milu harita, moal teu seuri hareupeunana tah.

“Punten, kengeng ngiring calik dipalih dieu?”Tanya lalaki kameja biru nu titadi diperhatikeun ku kuring.

“Oh, mangga …”Tembal kuring luak-lieuk nempoan meja sejen nu masih  kosong.

Loba keneh korsi nu kosong, tapi naha make jeung  milu diuk didieu sagala?Bae ketang ah, da kasep ieuh, resep nempona ge itung-itung hiburan bari nungguan jelema nu dijangjian.

“Raoseun nya Kafe teh?”Tanya manehna.

Kuring imut bari unggeuk, “Muhun, raoseun pisan, tuangeunana ge raos deuih”

“Sering kadieu, Teh?”

“Ah henteu, kaleresan abdi nuju ngantosan rerencangan”Cekeng teh.

“Oh … muhun-muhun, abdi ge jangjian ieu teh, nanging duka nu mana jalmina” ceuk manehna deui.

Jep, kuring jeung manehna jarempe. Anjrit, Raaan…. kasep siah ieuuuh …!Mun maneh aya, meureun maneh ge kabita, aya bahan urang duaan pasea deui yeuh. Kulitna bodas beresih, panon linduh, irung mancung, biwir ambucuy siga awewe. Wah, terawat sigana nu ieu mah, Ran.

“Duh, lami geuning nya?”

“Sami, Kang, abdi ge dugi ka karesel kieu. Tos aya kana sajam langkungna abdi ngantosan didieu”

“Linggih dimana, Teh?”

“Abdi mah di Cibaduyut, terasan TVRI”

“Atuh seueur sapatu nya?”

“Nya muhun atuh ari nu sanes mah, he he he …”

“Nyalira wae, Teh?”

“Muhun, atuh da bade sareng saha,  rerencangan saribuk sadaya benten sareng abdi nu pangangguran”

“Maksad teh, teu sareng caroge?”

“Abdi mah lengoh keneh, akang nyalira, naha teu sareng bojo?”

“Sami, abdi ge lengoh,”Tembalna bari maledogkeun imut. Aduh Ran, pas pisan baledoganana! Keuna euy kana hate!.

“Aeh, dupi nami Eteh saha?Pami abdi mah Yusuf,” song leungeunna diasongkeun ka kuring.

“Abdi, Sofy!”Cekeng teh.

“Seneng pisan tiasa pendak sareng salira, Teh Sofy …”

“Sami, abdi ge seneng tiasa tepang sareng Kang Yusuf…”

“Kengeng nyuhunkeun nomer hapena?”

“Mangga, sok nomer akang miskolkeun ka abdi. Ieu nomer abdi, enol dalapan dua hiji hiji tujuh dua tilu enol dua dua enol”

Gustiiiii … ieu hate abdi bingah pisan, nuhun nuhun nuhuuuun ….! Yes!yes!yes!manehna nanyakeun nomer hape.
Manehna mencetan keypad hapena. Hape disada, galindeng sora Nining Meida atra. Ih geuning si Rani ieu mah.

“Halow …”

“Sof, geus aya jelemana?Cenah mah manehna rek make kameja biru!Omat nya, mun kasep ulah disabet!”

“Mangga, engke abdi laporan ka salira, Juragan ….”

“Jriiiit, aya ku lemes eta basa euy!Ha ha ha ha .. hayang seuri ngadengena ge!Enya atuh, geus heula nya, urang keur onlen yeuh, aya mangsa baru euy!”

Pet, hape pareum. Baku si eta ari geus nelepon teh, teu wassalam wassalam acan. Hah?Kela, Kameja biru?

“Hemh …Ran, wayahna nu ieu mah keur urang weh nya?”

Kapanasaran Hate

Syifa imut, hatena bungah. Kapanasaran salila ieu kajawab kabeh. Salila opat belas taun, aya kanyeri nu disidem kumanehna.  Poe tadi, kabeh patanyaan hate kabayar.
Arya, geuning manehna ge inget ka kuring.

Bray, alam dunya karasana leuwih caang, katumbiri leuwih endah, galindeng tembang ngalem manehna.

-0-

Opat belas taun katukang.

Syif, Arya juga minta ma’af sama kamu. Karena kesalahan itu bukan kesalahan kamu saja. Arya.

Sajak ti Saurang Sastrawan

Nun Alloh pangѐran abdi, abdi nyalindung tina robihna ni’mat anu tos dipaparin ku Anjeun, sareng robihna kasѐhatan nu parantos dipaparinan, ogѐ nyalindung tina luasna kani’matan anu tos dipaparin ku Anjeun, sareng nyalindung tina kamurkaan Anjeun, saupami abdi teu syukur ni’mat , amin. Sabeungkeut du’a nu di kedalkeun.

Unggal bedug, bѐrѐs ngalaksanakeun kawajiban, teu welѐh kuring ngadu’a, ngedalkeun pamѐnta ka Gusti nu Maha Kawasa. Karasa ngemplongna mun geus mudalkeun naon nu aya dina pipikiran.

Wayahna

Leketey, awak leuleus.

Asa dibobodo, asa diulinkeun.

Enya kitu manèhna tèh rèk bèla ka kuring?

Enya kitu manèhna tèh nyaah ka kuring?

Boa ukur heureuy, boa ukur rahul.

Rumahuh, Dèwi ukur rumahuh, pasrah kana takdir nu bakal nembrak kahareupna.

Serat kanggo jungjunan.

Mugia anjeun nampi, ieu serat nu eusina pangebrehan eusi ati, gerentes nu ngajorojoy ti sanubari.

Mugia anjeun nampi, sagala rupi kirang sinareng kumahana ieu diri.

Teu karaos jungjunan, tos wuwulanan urang silih cantelkeun hate, pautkeun angen, silih ebrehkeun eusi ati. Tangtos urang duaan ge pada pada apal, pada pada uninga, yen asih urang, tresna urang saestuna kaluar tina nu samistina.

Diri urang jungjunan, geus aya nu mibanda. Ari umur tunggang gunung, angen angen pecad sawed, eta panginten babasan nu meneran kangge urang teh. Teu nyalahan jungjunan, Urang duaan, tos teu ngemutkeun deui kana lalampahan.  

Tapi, dalah dikumaha, geningan, hate mah teu tiasa di bobodo, angen teu tiasa diakalan.

Munggaran tepang, diri anjeun sababaraha kali maledog ku imut, ngalungkeun teuteup. Endah jungjunan … kiwari ge aya keneh na lelembutan.

Sakedik ge abdi teu nyangki, yen lalakon urang bakal manjang. Teu nyangka sacongo buuk, dugi ka kitu gening lalampahan urang. Nanging, teu sing abdi bade ngaraos hendeueul, teu, teu pisan pisan abdi ngaraos hanjelu, malih abdi ngaraos bagja kamanyangan. 

Naon atuh nya nu kedah diserat didieu, da gening, imut anjeun nu micangcam, soca anjeun nu ngabongroy, ngajantenkeun diri abdi teu tiasa kukumaha, kagembang ku jungjunan.

Kemis, pasisiang, emut keneh jungjunan? urang duaan aya di hiji kamar. Duh, seungitna rohangan, aya keneh dina implengan, malati, enya malati nu ngahibaran, ngahibaran diri urang duaan.

Laksana panganten anyar urang duaan silih udar rasa kasono, silih ebrehkeun rasa kacinta. Rasa nu salami ieu ngagalura, nu sumarambah dina unggal paguneman urang.

Kemis, enya kemis, di hiji kamar, aya lalampahan antara urang duaan nu sapanjang yuswa urang panginten moal dugi ka ilang tina emutan.

Kasawang keneh jungjunan, waktos urang nyiar tanjakan, duaan silih kaleng na teteclean. Panto kamar dibuka, bray, kabungah datang sapada harita. Duaan, urang teu nyangka impenan teh seja laksana.

Mugia anjeun nampi jungjunan sagala rupi kirang sinareng kumahana ieu diri.