"Aya hiji nu janten matak di antawis urang duaan Akang, nyaeta tos teu aya 'kapercayaan' di antara urang, naha kedah kumaha abdi ayeuna atuh, supados Akang tiasa percanten deui ka abdi?," sora Imas dareuda, panon carinakdak.
"Ah, duka teuing Nyi," tembal Tarja bari ngahuleng.
"Akang, urang duaan, ngarumah tangga tos aya kana welasan taunna, rumaos Nyai mah kantos milampah salah. Naha ayeuna bet di guar deui? Kahoyong akang ayeuna kumaha?,"
"Kateuing Nyi ah, lieur," bari leos Tarja ka dapur. Di dapur, Tarja ngan saukur cicing, nangtung bari neuteup kosong, pikiranna kumalayang, teu nyaho naon kahayangna ayeuna.
" Ih, ari Akang sok teu puguh, ongkoh saur Akang, Akang mah moal percaya deui pikeun nu kadua kalina, maksadna naon atuh Kang?" Imas kuciwa, nempo salakina teu bisa diajak ngomong nu bener.
Nu di dapur teu nembal, teu kecet kecet.
Sajeroning hatena, Imas ngagerentes, "Ya Alloh, mugia Anjeun maparinan pun lanceuk, kasabaran, kasalametan, anging anjeuna nu dipikaheman, dipikaati ku diri abdi Ya Alloh. Bukakeun panto hatena kangge abdi Ya Alloh, mugia anjeuna uningaeun eusi hate abdi. amin Ya Alloh, Ya Robbal Al Amin".
Cipanon geus teu katahan, teu bisa di sumputkeun deui. Imas lumpat ka kamar, nyegruk ceurik kana bantal.