Showing posts with label Sajak. Show all posts
Showing posts with label Sajak. Show all posts

Sajak: Panineungan Kembang Buruan

Ayun ambing
ayun ambing
Nu Kasép tilu taun nyanding
mangsana kembang buruan
mangkat capétang diajar nyarita
diayun-ayun ku indung
ditimang-timang ku bapa
atina ngancik di nini
manahna nyampak di aki
dalit jeung nu ngasuhna

Ayun ambing
ayun ambing
Nu Kasép tilu taun nyanding
titis tulis nitih wanci
kiwari lunta ti indung bapa
jengkar ti pangkonan aki ninina
dipirig ku wawangian
disambat ku kekembangan
ninggalkeun balaréa
mulang ka kalanggengan

Ayun ambing
ayun ambing
Nu Kasép tilu taun nyanding
bodas nyacas lir keretas
taya gurat-gurat pitapak
kamari kembang buruan
kiwari kembang sawarga
hiuk angin wawangian
mirig Nu Kasép nu lastari
dipapag ku widadari











Juli 2010
Ti, Ki sobat, Ibnu Hijar Apandi pikeun anak kami.

Lenglang Engkang


Lenglang Bentang
Lenglang Bulan
Lenglang ku Engkang

Bangbaluh teu bisa dibangbaler
Rongheap, nyeri peurih pohara

lenglang Bentang
Lenglang Bulan
Lenglang ku Engkang




Oleh Nyai Endit· 23 Juni 2011


Amanah dalam Sebuah Surat


Beberapa carik kertas bertuliskan kalimat indah terangkai.
Sebuah kerinduan dirimu.
Digores melalui aksara sarat makna.
Suratmu melayang kembali  siang ini.

Andai aku dapat memenuhi dahaga rindumu.
Andai aku bisa menorehkan kalimat cantik sepertimu dengan cepat.
Tentu aku tak perlu membuang waktu hanya untuk berfikir
"kalimat apakah sebagai jawaban atas surat-suratmu?"

Sedari tadi kertas tuk balasan bagi suratmu telah siap menerima tugas.
Pun begitu dengan pena.
Mereka mengangguk setuju untuk mengemban amanah dariku.

Kukatakan pada pena, kali ini tugasmu ringan.
Ukirkan huruf dengan indah.
Ukirkan saja, "Akupun begitu".

Kusabdakan pada kertas, temui orang yang alamat hatinya tertera disitu.
katakan, aku tak sanggup menggerakkan penaku.

Pergilah, temui dia.
Sampaikan amanah ini padanya.





Amanah dalam Sebuah Surat

oleh Nyai Endit pada 16 Juni 2011 jam 15:43

Anjeun



Muka deui jandela monitor
nembongan deui raray salira
teuteup dipasieup geugeut
imut pinuh mamanis
najan sepi tina galecok

Monitor nu jadi tilam sono
tilam kangen nu taya reureuhna
mangprungkeun lamunan ka jauhna

Gambar salira, jungjunan
ditatap diusap taya bosenna 
salira kembang impian
beurang peuting ngukuntit pikir

Juni 2011

Keur ESKA
Oleh Nyai Endit· 23 Juni 2011