Showing posts with label lulucon. Show all posts
Showing posts with label lulucon. Show all posts

kONSULTASI HESE JODO

"Buduk...," ceuk manehna.
Buduk teh tina Bu Dukun.
"Naon, Jang?" Cekeng nanya.
"Begini Buduk, saya teh meni pengen teh punya pacar tapi kenapa nggak ada yang mau sama saya, yah?"
"Cik, cik, ceuk Ujang, naon kira-kirana nu ngahalangan jodo Ujang?"
Manehna ngahuleng sajongjonan. Laju, tring! Manehna seuri, huntuna ngaburiyay. Bakat ku atoh manggih jawaban sigana mah.
"Kayaknya mah begini, Buduk..., saya tidak dapat jodo wae teh karena, hiji, saya teu kasep, kadua, saya teu gawe, Buduk. Katilu, saya cedihan, atuh kaopatna, saya neanganana wajah standar artis, wajar atuh, Buduk, da saya ge punya cita-cita. Kalima, saya mah anti ngaluarkeun duit ari jalan-jalan teh. Sing suwer, Buduk. Kagenep...."

"Setop! Setop! Ari kitu mah atuh, Sujang! Ilaing teu kudu konsul ka dukun, siah!"




KACUGAK

Ayeuna teh poe Minggu, nya? Tah, aya dongeng, yeuh. Isuk-isuk tadi, Sarmidi sakulawarga olah raga. Bedana, ari batur mah make sapatu, lari pagi. Si Sarmidi mah leumpang, nyeker. Ambeh lancar peredaran darah, cenah ceuk Sarmidi ka pamajikanana. Keur ngeunah leumpang, Si Onyon, budakna Sarmidi ngajerewet. "Aduh, Pa, kacugak!" Kesit Si Sarmidi ka nu suku budakna. Teu nanaon. Teu katempo getih-getih acan. "Moal, moal nanaon. Teu pira atuh sakitu mah," pokna bari nangtung deui. "Lain, Bapaaa ...! Eta suku bapa!" tembal Si Onyon bari nunjuk suku bapana. "Halaaah ...! Aduh siah ...! Gancang telepon ambulan, Sujang ...!"

HARGA DIRI...?

"Bapana! Cik atuh! Ulah daek wae dititahan batur teh. Sakali-kali mah jaga gengsi. Mun aya nu nitah ngored deui, bebeja weh keur liburan kituh teu bisa diganggu! Harga diri atuh, bapana! Batur kudu diajar ngahargaan urang! Enya ge jalma leutik...." "Heug...!" "Tah, kitu atuh! Jug atuh ayeuna mah geura pangnimbakeun heula, kami hayang mandi...!"

SARMIDI OH SARMIDI_

Rada sepi poe ieu mah warung teh. Tah, ningan si Sarmidi ngurunyung. "Haduh! Nyaan karunya, Ceu. Waktu tadi uing ngantri di PUSKESMAS, aya pasangan salaki jeung pamajikan nu ngantri oge. Tah, pasen lian ge sigana karunyaeun. Ah, pokona mah pangpikarunyaeunana weh diantara nu rek berobat lianna. Nyaan, meni watir urang mah ka 'nu jadi pamajikanana. Heueuh, atuh da ari pamajikanana geulis, salakina goreng...," cenah.

JURIG BONSAY

Dina tangkal caringin, sok kacaritakeun loba jurigna. Tangkal caringin teh tangkal nu gede, tapi kiwari mah pan bisa dibonsaykeun. Tah, geus weh kabeh tangkal caringin urang bonsaykeun, pasti jurigna milu ngaleutikan. Kumaha?

Aa Botak-Nu gelo tapi beuki tulas-tulis.

Aa Botak keur tulas-tulis 'na tembok imah salah saurang warga. Jaba anyar ngecet deuih imahna teh. Nu boga imah ngahulag, bari nanya, "Naha sia teh bet tulas tulis didinya, kehed?"

Jawab Aa Botak, "Naha atuh siah neundeun tembok didieu".
 

TISEMET AYEUNA

Sup ka kantor Mentri penerbitan kendaraan. Napsu! Enya napsu uing teh. Bongan kamari suku kenca, ayeuna nu katuhu. Memang teu nyeri kitu kageleng mobil teh?

"Punten Pa mentri, ngiring ngajorowok sakedap. "POKONA MAH TISEMET AYEUNA KANDARAAN TEU MEUNANG MAKE BAN!" cekeng teh dina cepilna.

ITB Keur Sial

Asép katampa kuliah di ITB. Panggih jeung Dédé, batur sakelasna di SMA nu teu katarima ka kampus negeri.
"Hébat bin édun euy! Manéh katarima di ITB? Manéh man pinter nya...? Dédé semu teu percaya.
"Ah, lain pinter, ITB-na wéh keur sial...."

Tarif Kamer Indekos

Dua mahasiswa anyar di Bandung keur néangan tempat indekos. Masing-masing néangan di tempat nu béda. Jangjian mun manggih nu murah, silih béjaan. Geus soré, duanana panggih di kampus.
"Geus manggih?"
"Acan...ari manéh?"
"Enggeus..."
"Harga séwana?"
"Tah...soal séwana, loba variasina."
"maksudna variasi kumaha?"
"Nu sajuta, kamerna kumplit, kamer mandi di jero, maké AC deuih. Nu dalapan ratus rébu sabulan, kumplit tanpa AC, nu limaratus rébu sabulan, kamer wungkul."
"Nu pangmurahna?"
"Nu pangmurahna ngan lima puluh rébu sataun..."
"Hah? Murah pisan?"
"Enya, ngan aya panto wungkul, rohanganana mah euweuh..."
"Gelo...."

Turunan Beunghar

Déni mahasiswa turunan di bandung, indekos di tempat nu walurat. Kamerna ngan maké dinding tina bilik, teu ku témbok-témbok acan.
"Kuring téh sabeberna mah turunan beunghar, harta jeung kakayaan moal béak ku tujuh turunan," cék déni ka baturna nu nganjang ka indekosanana.
"Naha atuh énté mah miskin?" tanya baturna panasaran.
"Tah ... éta masalahna, kuring turunan ka dalapan!"

Kumpulan Lulucon Manglé

1. OROK
Ma Edoh, tatangga kuring anu teu boga budak ayeuna boga orok meunang mawa ti panti asuhan.  Adopsi tea. Hiji waktu datang tatanggana hayang nempo eta budak.
"Mana orok teh, ma?" ceuk tatanggana bangun nu panasaran.
"Ke atuh sakedap sina ceurik heula."
"Har... naha mani kudu sina ceurik sagala?"
"Atuda ema hilap deui dimana nyimpenna!"

2. UING
Uing memang jelema teu sampurna... komo Djarum Super mah... Wish me luck weh. Jeung mergono... aeh Marlboro maksud mah. Ko..., roko... roko... (bari ngider di setopan)

3. TUKANG BOHONG
Nyai: "Damel dimana, kang?"
Akang: "Bisnis, nyi, Dealer mobil, sewa apartemen, hotel, jeung sajabana..."
Nyai: "(wah, konglomerat!) akang pasti bumina ageung nya?"
Akang: "Ah, teu pira. Ukur 2000m2..."
Nyai: "(edas!) seueur mobilna, nya kang?"
Akang: Sakedik, ngan 12 siki!"
Nyai: (Wah, bagaja temen mun jadi pamajikanana) akang tosa haji?"
Akang: "Karek 3 kali"
Nyai: "Akang hobbyna naon?"
Akang: "Ngabohong!"

4. ENGANG
Aya pasen nu tarangna buncunur datang ka tempat praktek dokter.
Dokter: "Pasti engang!"
Pasen: "Leres pisan, geuning terang?"
Dokter: "Nyengcle dina tarang, pan?"
Pasen: "Leres"
Dokter: "Tuluy nyeureud?"
Pasen: "Can sempet, kaburu dibabuk talenan ku pamajikan..."

5. KARUNYA MAMAH
Si Eneng, budak tatangga anyar kuring cikeneh ditanya.
"Kumaha neng, bumi enggal teh? sae?"
"Muhun sae, ageung..." tembalna. "Tapi karunya mamah..."
"Naha...?" panasaran.
"Atuh da sadaya kengeng kamar sorangan, abi kengeng kamar, aa kengeng kamar, si teteh kengeng kamar, tapi mamah henteu. Kalahka sakamar wae sareng si bapa..."


Rupa-rupa sora


Bél sakola disada: néng ... néng ...néng ... néng ... néng…..! Tukang és nongnong nanawarkeun és-na, nong … nong… nong…. ! Tukang goong kabeneran ngaliwat anteng bari nakolan goong, gung ... gung ... gung .....! 
Karéta api embung éléh milu nyalukan, toooot ….. toooooot… tooooooot…… !

Ceu Konah kaluar ti imahna. Bari nulak cangkéng manéhna jojorowokan, "Baku! Ari geus ramé téh, aing ogé bisa disada siah! Akaaaaaaaaang …...............!”

Sarmidi nolol ti pacilingan, “ Rék nanahaon atuh sia téh Konah, ngan gogorowokan waé? Na teu nempo kami keur kakagokna?”

Berebet! Ceu Konah gancang asup ka jero imah.

Ngalembur di imah Néng Anah


Euh...! Unggal ditanya, badé kamana, naha teu peré, pati weh ngajawabna teh akang ngalembur di kantor. Kitu jeung kitu wéh, bosen! Ari bieu mah patanyaanana dirobah, kang, teu libur? Bade ngalembur dimana ayeuna?" Geuning jawabanana gé ganti, "Di imah Néng Anah," cenah. 

Kacaletot

"Akang, pami akang leres bogoh ka abdi saratna mung hiji, salian ti kedah kasep sareng tiasa nyenangkeun teh, euuuuuh..."

"Naon eta teh, Nyi?"

"Teu sesah, Kang, Nyai mah mung nyuhunkeun akang janten jalmi jujur. Jujur teh salah sawios landasan cinta, Kang"

"Kalebet perkawis akang nu ngaku bujangan? Emmmh..., muhun, muhun! Nanging teu kedah panginten pami jujur perkawis bojo akang nu di Tasik sareng majalengka mah, nya?"

"??"

Nu Bérod jeung nu Burut


Nu kakaput bérod beuheungna.  Lar aya nu Burut ngaliwat,
“ Naha Ceu, ké, ké, ké… put  teh meni ngeluk ngeluk teuing?, ké hayoh we katojos jarum.”
(tadina mah rék nyebut kékérod  nu ngaliwat téh, ngan, kaburu  inget kana beuheung nu keur kakaput, , nu keur kakaput pasti kasinggung)….

Nu kakaput ngarenjag, bari geumpeur, manéhna nembalan,
“ eu, eu, sum, sum, sumuhun, ieu ngaputan baju bur,,bur,, ,tut”.
(na haté nu keur ngaput ngagerentes, Duh Gustiii, ampir wé abdi nyebat burut, da meni sesah nyebat butut téh)


Nu nanya ngabalieur, bari ngarasa éwed, gerentes dina haténa , Baé ah, jadi sekorna hiji hiji pan? .




Setan Bungkeuleukan


Bulan Romadhon, umat muslim keur ngalaksanakeun kawajiban-ana. nyaeta puasa. Tangtuna, urang kudu bisa nahan diri tina sagala rupa hawa napsu, amarah, godaan, nu paling entengna mah, menahan haus dan lapar lah.

Ari ieu, tibeurang, keur meumeujeuhna panon poe mentrang mentring, matak lapar jeung halabhab, eta tukang baso jeung sirop ngaliwat. “Wah, kudu di elingan ari keiu mah”

 Nyai     : “ mang, naha meni siang keneh tos icalan?”

tk. baso : “ muhun neng, rejekina sieun dipacok batur”.

Nyai      : “mang, sanes ayeuna mah sasih ramadon? nu ngagaleuhna ge nuju saum atuh wayah kieu mah”

tk. baso  : “ ah wios neng, da seueur nu teu saum gening “ Nyai       : “Atuh hawatos mang kanu saraum”

tk. baso  : “ Nya neng, matak saum ge, ngalatih kaimanan urang eta teh, naha tahan ku godaan  setan atanapi henteu”.

Nyai ngaleos bari na hate mah ngomong “ heueuh, sia setanna !”.

Sendal capit


Poe juma’ah kamari, si Oleh jeprut, ngilu sholat juma’ahan ka masjid,  Atuh Haji Jejen kacida bungahna. Pikir wa Haji, aya oge wayahna pikeun si  Oleh sadar. Singhoreng simanahoreng, Oleh indit ka mesjid teh, “ membawa suatu misi”, nyaeta, nukeurkeun sandal capitna nu geus make panitih handapna ku sandal nu alus, jang lebaran cenah. Beu!


Singket carita, Oleh jeprut beubeunangan sandal nu pangalusna, alus milik si jeprut mah , da tisaprak make sandal eta, anak haji jejen ge, neng imas, jol daek di ajak ngobrol, malah mah nepika ngajak ulin ka imahna.


Leuwih singket deui ieu carita,,,,
Sabot si Oleh jeprut keur uplek ngobrol jeung neng Imas,,,


Datang haji jejen bari ngacung ngacung bedog , “ mana eneng nu wani maling sandal bapa di masjid teh? Nurustunjung… !”.

Teu loba carita, eta Oleh jeprut, tibuburanjat, lumpat sakalumpat lampet, poho kana sendal sendalna acan.

Hanas....


Acan ge beres balanjana, bi Icih Suricih binti Surili, rurusuhan balik ka imahna.
Pedah bieu meunang beja, cenah di hareupeun imahna, “ telah terjadi pelecehan seksual”.

Halah, aya bahan pirameeun yeuh di imah kuring, pikirna.
Leumpang geus teu malire jalan geui, nepi ka ampir ampiran tikusruk, geus puguh ari tijalikeuh mah, geus katilu kalina tadi teh.

Nepi ka hareupeun buruan iman, katenjo geus loba jelema nu ngariung. gancang bi Icih nyanpeurkeun, bari nanya, “ aya naon? aya naon?”
jawab Pa RT bari ngabelengeh,komplkasi jeung nyerengeh,

“Eta aya ucing jalu, ngalecehkeun ucing bikangna, nepi ka eong eongan “

Nu boga dosana mah ting belehem, areraeun. Heueuh si ucing!.

Tutukangan


Urang tangtu apal biasana, sagala rupa kecap nu make awalan Tukang, hartina  pagawean/ pacabakan.
samisal,

Tukang Endog         : nu pacabakanana kana dagang endog.

Tukang Cendol        : nu pacabakanana kana dagang cendol.

Tukang Tembok      : nu gawena kana nembok .

Tukang beca            : nu gawena kana ngabeca.

ayeuna, Tukang Parkir, markiran,,, Mun TUKANG TEUING ?.......
( NYA MAJU DEUI WEEHHH,,, !!!, jawab tukang parkir bari ngajebian.)

Ulah Sombong


Ceu Onah Markonah, keur ngagosip jeung sababaraha ibu ibu di warung Bi Imi Surimi. maranehna keur ngomongkeun Bu RT nu ayeuna ngadadak ceuyah.

Ceu Onah : “ nyaeta bi Imi, ari jelema mah teu sampurna, nu asalna bageur, bisa jadi buraong, nu    
                        asalna someah, bisa oge jadi samutut murukusunu, Taaahh….kitu deui nu asalna
                         jalma teu boga, ari geus sagala ay amah, bisa jadi sombong”.


Bi Imi       : “ enya, ari kalakuan jelema, bisa robah iraha wae nya?


Nu lain ngan saukur unggeuk unggeukan,ngaregepkeun omongan nara sumber gosip lembur maranehna.


Ceu Onah : “Sidik enya kitu, tuh tingali contona bu RT, pan ari geus beunghar mah,
                      iraha teuing ngumpul deui jeung urang urang ?
                     Teu kawas baheula, soulmate pisan        pan jeung urang teh?
                      Mending siga sayah, sayah mah sagala boga ge teu ngajadikeun sombong
                      kulkas aya,sarua jeung manehna, tipi satilu tilu,di tiap kamar aya hiji,komputer,           
                      mobil sedan ngajegir hareupeun imah,
                      motor kaluaran ayeuna, imah teu butut, malah mah pangalusna di lembur ieu mah.
                      tapi, sayah mah teu sombong! ner teu ibu ibu?”.


Duka teuing iraha bubarna, ngan nu jelas, satamatna Ceu Onah nyarita, di dinya teh geus euweuh sasaha deui. Kari manehna jeung bi Imi Surimi nu keur pura pura  sibuk ngaberesan barang daganganana.