Showing posts with label Carpon silat. Show all posts
Showing posts with label Carpon silat. Show all posts

Laras Arum

Ki Arom ngabedega luhureun batu gede sisi situ. Leungeunna melak cangkeng, panon seukeut ngilikan unggal juru patempatan.

Tatangkalan loba nu tutung, dangdaunan ngalayah, layon  pabalatak. Diantara layon-layon marake baju pangsi  gambar maung.  Atra, ieu mah Begal Maung Sancang nu kieu kalakuan teh, moal salah deui.

Ki Arom ngarenghap panjang, leungeun ngeupeul bari  tipepereket, huntuna ting kereket, bati nahan kanapsu.
Oaa … oaa … oaa … ,sora orok ngagareuwahkeun Ki Arom. Sorana datang ti saung nu aya beh kuloneun manehna.

Lalakon Si Kucrit "Jawara Saratus Jago "



Si Kucrit, budak nu ku urang dipikanyaho baheula waktu umur 5 taun, ayeuna mah geus jadi jawara tanpa tanding. Euweuh nu bisa nyaingan kasakten elmuna. Manehna geus ngalalana ka kabeh padataran, kawentar pisan di dunya pasilatan mah. “JAWARA SARATUS JAGO,” kitu katelahna  diantara para jawara mah.

Ngaran Si Kucrit, dipikaserab ku lawan, kitu deui ku musuhna Ki Jarong, pupuhu Padepokan Macan Wulung.Ki Jarong, jawara sakabeh rampog, jawara sakabeh maling. Si Kucrit sabenerna anak Kuwu Suwinta, jeung Nyai Rasmi, boga ngaran asli Raden Tapak.

Harita, basa Pademangan Paseban di serang ku Ki Jarong jeung murid muridna, Kuwu Suwinta jeung Nyi Rasmi eleh jajaten, paeh ku leungeun Ki Jarong. Untung, Si Kucrit nu harita keur leutik keneh, ku Nyai Rasmi di palidkeun ka walungan. Salamet Si Kucrit mah, alatan di cokot ku Nini Kantring. Nini nini rada slebor ti Gunung Gede.

Meunang sababaraha taun Si Kucrit digembleng ku Nini Kantring. Enya ge Nini Kantring rada slebor, tapi ari ngadidik jeung ngagedekeun Si Kucrit mah, teu weleh pinuh ku kanyaah jeung rasa tanggung jawab. Kitu kitu ge Nini Kantring teh pan lanceuk pituin Prabu Kian Santang.

“Ni, Kucrit rek turun gunung, rek neang nu maehan indung bapa, geus ateul hayang mangmaleskeun,”
 “Nya heug bae ari nini mah, moal di rek di ulah ulah, tapi nyaan maneh turun gunung teh rek neang Si Jarong? Der kalah neang bikang deuih,”  Nini Kantring nu keur diuk dina batu nembalan bari sukuna edeg, curuk leungeunna asup kana liang irung, ngala korong.

Kucrit nu keur ngalatih elmu “Peurah Langit” ngalieuk ka Nini Kantring, nu di lieuk pura pura teu nempo. “Ni, kuduna mah bagja mun Kucrit mawa bikang kadieu teh, engke nini aya batur ulin ucing ucingan. engke mah tiluan mu ucing ucingan teh. leuwih rame pan?”.

Nini Kantring cengkat, beungeutna siga nu manggih kabungah, “Nu bener sia teh Kucrit, jug atuh geura indit, poma ulah poho, mawa bikangna sakalian sing loba, ngarah bisa oray orayan, resep pan, nini aya batur ulin euy, nang ning ning nang euy, nang ning ning nang euy”. Nini Kantring igel igelan. 

“Puguh da neang domba bikang, can tangtu Kucrit aya nu mikaresep Ni. Engke, sakalian Kucrit rek neang aki aki keur nini nya? keur batur ocon,” kituna teh si Kucrit bari nyerengeh.

Nini Kantring teu nembal, ngan saukur ngajebian. tuluy belesat, Nini Kantring kabelesat indit ninggalkeun Si Kucrit sorangan. “Dasar Nini nini ogoan, teu meunang weh uing senang teh, ari diheureuyan sok gumelis, heuheuy, tapi kalah kumaha ge, manehna nu geus ngagedekeun diri kuring, kuring nyaah pisan ka menehna, nuhun Ni”.

Unggal poe, unggal peuting Si Kucrit ngalatih elmu jeung kasaktenna, pantrang pikeun nyebut cape, oge teu pangedulan, demi hiji maksud, maleskeun dendam indung bapana. Dasar si kuru cileuh kentel peujit ceuk Nini Kantring tea mah.

Panon poe acan nembongkeun dirina, Si kucrit geus indit turun gunung, ninggalkeun Nini Kantring pikeun neang Ki Jarong. Teu hese ari pikeun nu boga kasakten mah indit inditan teh, teu siga jalma biasa, kudu leuleumpangan, atawa naek kuda jeung keretek, jalma sakti siga Si Kucrit mah, sakali tembragan kana taneuh ge, bisa ngabelesat jarak sababaraha puluh meter.

Nepi ka Pademangan Paseban, hate Si Kucrit rada ngageter, didieu baheula teh uing gumelar ka dunya. Di dieu oge indung bapa kuring dipateni. Keun siah, di bales ku aing Jarong, montong waka paeh sia, mun lain ku urang di paehan. 

Si Kucrit nuluykeun leumpang, jelema nu ngalieuk jeung melong ka manehna teu di palire. Euweuh nu apaleun ka manehna, da puguh geus mangtaun taun Si Kucrit can pernah nincek deui lembur manehna.

Di hiji warung, Si Kucrit reureuh heula, manehna ngeusi beuteung  nu ti isuk can manggih nanaon.  Nu jaga warung, awewe saumuran manehna, buuk panjang ngarumbay, hideung meles, kulit bodas, jeung awakna lempay.

“Naha bade kamana Kang?,” tanya Nyi Kananga ka Si Kucrit, bari mikeun cikopi, tuluy gek gigireun Si Kucrit.

“Neang jelema Nyi, Neang nu geus mateni indung bapa Akang”.

“Milari saha atuh Kang?,” Nyi Kananga neuteup ka Si Kucrit nu nyuruput kopi panas.

“Ki Jarong Nyi, Akang neang ki Jarong, baheula, indung bapa Akang tiwas ku leungeun manehna, Kuwu Suwinta, jeung Nyi Rasmi, indung bapa Akang.”

“Kutan, Akang teh, putrana Kuwu Suminta sareng Nyi Rasmi? Hapunten atuh Kang, abdi tos kirang tata ka Akang,” bari ngomong kituna teh Nyi Kananga rada ngajauhan diukna, teu wani neuteup, tungkul, sadar yen manehna keur nyanghareupan jelema lain samanea.

“Naha bet ngajauhan Nyi, sieun di gegel ku Akang nya?,” Si Kucrit rada nyerengeh. Nyi Kananga ngan saukur ngajawab ku imut.

Teu sadar, aya tiluan lalaki nu titadi merhatikeun maranehna duaan. Nu kumisan baplang, Si Dirga, nu brewokkan, Si Sahma,  jeung nu kulitna rada peang, Si Sahma. Murid Padepokan Macan Wulung milik Ki Jarong.

“Kumaha euy,urang bejakeun wae ayeuna Ka Ki Jarong, yen anak si Suminta, datang pikeun maleskeun dendam,” ceuk si Dirga ka baladna, waktu leumpang balik ka Padepokan.

“Heueuh bener euy, mun teu salah mah manehna teh Si Kucrit tea, Jawara saratus Jago. Aya bahan pirameeun euy patarungan ayeuna mah, jalma sakti wungkul yeuh, taekkeun ah masangna,” ceuk si Sahma.

“Ah, silaing mah kana masang wae euy lumpatna, aing miluan ari kitu mah, hahahahah,” tembal si Peang. Sajajalan, maranehna ngalecok ngaromongkeun kumaha hebatna Si kucrit, ceuk para jawara nu kungsi adu kadigjayaan jeung manehna.

 “Naon Dirga? Teu salah silaing mere beja? bener eta teh anak si Suwinta?,” Ki Jarong cengkat tina diukna waktu narima beja ti si Dirga yen anak Suwinta, Si Kucrit aya di Pademangan paseban.

“Puguh enya Ki, jelas pisan tadi teh, waktu manehna ngomong yen manehna anak Suwinta”.

“Dimana ayeuna mangkelukna? hayang nuturkeun indung bapana sigana mah, keun ku aing di anteurkeun”.

Karek ge tamat Ki Jarong ngomong kitu. siuuuttt, jleg, nu di omongkeun geus ngabedega di hareupeun maranehna. Rada reuwas oge ki Jarong nempo Si Kucrit, sabab awak jeung beubeungeutanna teu jauh jeung bapana, Suwinta. tapi nu jadi kareuwas sabenerna mah, ku elmuna, Si Kucrit  teu kanyahoan datang ti lebah mana manana, jol jleg aya di hareupeun. Tangtuna, ieu budak geus ngeusi ku elmu nu teu bisa di jore jorekeun.

“Teu kudu cape cape neangan Jarong, simpen weh tanaga maneh pikeun ngalawan kuring,” ceuk Si Kucrit.

“Hahahahah, budak olol leho hayang galungan jeung aing? indung bapa maneh wae paeh di leungeun kuring, komo deui maneh? di sintreuk sakali ge, bakal nyuuh dina dampal suku dewek siah!”.

Keupeulan leungeun Ki Jarong dimaksudkeun kana beungeut Si Kucrit, tapi leungeun Ki Jarong ku Si Kucrit di tepak, malik suku Ki Jarong nu di tengkas ku Si Kucrit. Saheulaanan ki Jarong ampir ampiran tisungkruk, tapi buru buru menehna masang kuda kuda deui.

Murid murid Ki Jarong rek milu maju, tapi di hulag ku ki Jarong,”caricing kabeh, keun ku aing di sanghareupan ieu budak”.

Si Kucrit seuri nyakakak. “Hahahah, gede hate maneh Jarong, pan bieu ge kasaksian ku kabeh, maneh euweuh naon naonna di hareupeun aing mah”.

Hate Ki jarong beuki panas, manehna nyerang Si kucrit, ku sababaraha serangan, tapi angger, bisa di peupeuh ku elmu Si Kucrit.Ki Jarong ngiceupan ka si Dirga, si Dirga surti, kabeh murid nyerang ka Si Kucrit. Si Kucrit, saeutik oge teu gimir, di sanghareupan kabeh murid padepokan.

“Euweuh kaera maneh jarong, wani ka budak leutik, jaba rempugan deuih. hik hik hik, hayang ngajaran di bulucunan ku aing?”.

Jleng, jleng, jleng, hiji kalangkang katempo bebelesatan tina tangkal ka tangkal sejenna, tuluy jleg, Nini Kantring aya di hareupeun maranehna. Cicirihilan bari gulak gilek, katempo sleborna teh. Curuk leungeun angger asup kana irung, kuriwel, kuriwel neang Korong.

Kaayaan padepokan macan wulung beuki katempo rame sanggeus kadatangan Nini Kantring, ayeuna mah aya dua patarungan di dinya teh. Patarungan antara Ki Jarong jeung Si Kucrit, sarta Patarungan Nini Kantring jeung murid murid Ki Jarong nu aya ratusan urangna.

 Nini Kantring ngaluarkeun Samping poleng SI KEBAT  SAKTI, sakali ngebatkeun, sababaraha urang murid Ki Jarong teu walakaya.

“Sok kadarieu, kadarieu, urang usapan ku Kantring, Nini Kantring, enya ge jalma kurang eling, tapi kadigjayaan tanpa tanding. Nu bisa ngelehkeun kuring, ku kuring rek di kawin, hihihihih, hahahahah”.

Bret, bret, samping Poleng Si kebat sakti ngababet ka murid murid Ki Jarong. euweuh nu bisa ngalayanan kasakten eta samping. Ahirna, kabeh murid Ki Jarong euweuh nu bisa nangtung saurang urang acan. Pipina barengep, beungeutna barareuh, aya oge nu biwirna  jadi jeding.

Nini Kantring nyampeurkeun ka palebah Si Kucrit nu keur ngalayanan Ki jarong. Tuluy cingogo nonton nu keur galungan. Sup deui, curuk leungeunna asup kana irung.

Ki Jarong ngaluarkeun bedog, tuluy di sabetkeun ka Si Kucrit, sakali ngalilek, bedog ukur nyabet kosong. Cara licik ku Si Jarong di halalkeun, Leungeun Jarong nu kenca ngaluarkeun jarum nu di eusian ku peurah. nancleb pisan dina dada Si kucrit.

Nini Kantring nu nempo kalicikan Ki Jarong cengkat, “Kucrit, bereskeun ayeuna! montong di lila lila deui jalma bangkawarah kitu mah”.

Si Kucrit unggeuk, najan tanaga dina awakna karasa ngurangan, tapi demi indung bapana, manehna kudu bisa ngelehkeun Ki Jarong.Si Kucrit mapatkeun jampe, teu lila, katempo awak si kucrit dadaligdeugan, panon bolotot, tuluy ngadadak, Si kucrit ngaluarkeun peurah tina jero biwirna, beunang pisan ka Ki Jarong.

 Karasa panas jeung peurih beungeut Ki Jarong, lila lila, kulitna maloletekan, ki jarong nyuuh, tuluy ngajoprak didinya keneh.  

Si kucrit kapiuhan ku alatan peurah nu nyebar dina awakna.

“ Ah, nyaneh mah Kucrit,ongkoh rek mawa bikang, can nanaon geus kapiuhan”.

Ceuk Nini Kantring bari ngaluarkeun peurah tina awak Si Kucrit.




 


Warisan Dendam



“Montong loba ceta siah Sudra! yeuh, tarima jurus ti aing, omat! ulah rek ingkah saacan aya nu paeh antara urang, rasakeun jurus ti aing!,” Sukma djati ngaluarkeun jurus “Naga amurka,” ieu jurus teh pamere guruna nu ti Gunung Sancang, ti Ki Doclang, nu kawentar di sakuliah dunya pasilatan. Saurang guru nu rada saparapat otakna, tapi kasaktenanna moal aya nu bisa nandingan.

Sukma djati musatkeun pikiranana, tanaga dikumpulkeun, talapak leungeunna dirapetkeun, biwirna ngagerendeng macakeun ajenanana. Angin nu tadi cicing, ayeuna karasa motah, beuki lila, angin beuki ngagelebug, saperti aya nu ngomandoan. Aneh, angin nu pating gelebug teh ting garulung, ngahiji, ngabentuk nu rupana saperti oray naga nu seuneuan.
 
Kakuatan angin ngumpul na leungeun Sukma djati. Eta angin ibarat nu keur di ulinkeun, luar leor na leungeun Sukma. Sukma katempo siga nu keur ngulinkeun oray ku leungeunna. Tatangkalan ting aroyag, puguh deui daun awi mah, tarik pisan sing keresek. Kaayan harita tangtu pikasieuneun pikeun jalma jore jore mah. Sora angin ngagumuruh, maehan sora alam nu liana.

Ki Sudra nu aya di hareupeunana katingali rada pias, sadar, yen elmu manehna mah,aya dihandapeun kasaktenan Sukma Djati. Tapi najan kitu, Ki Sudra tetep kudu taki taki, nampa serangan ti Sukma djati, nu ayeuna hatena keur ngagolak ku timburu. ” Sok Djati, dewek moal ingkah, rumasa dewek geus maok hate Nyi Laras, tapi Djati, sakali deui dewek ngingetan, Dewek teu pisan pisan rek niat ngarebut diri Nyi Laras, euweuh Djati, euweuh hubungan nanaon antara kuring jeung Nyi laras. Sing percaya ka dewek Djati.” 

Ki sudra nyobaan mere alesan, sugan bisa ditarima ku Sukma Djati. Ki Sudra ngarenghap panjang, tuluy nuluykeun caritaanana, “Djati naha duduluran urang teh kudu pegat nepi kadieu? Dikamanakeun atuh carita urang duaan teh, salila ieu urang duaan silih dukung, silih tulung, ngajomantara ka dunya pasilatan bareng duaan. wawuh teh lain kamari sore Djati, sapaguron teh ti leuleutik Djati, maenya teu apal ka diri kuring Djati, ” panon Ki Sudra neuteup Sukma Djati, ku teuteupan pinuh harepan. Harepan, sangkan Sukma Djati narima, jeung ngahampura kasalahan nu teu dihaja ku manehna.

Brak! beledug! beledug! kakuatan Naga Amurka, ku Sukma Djati dilampiaskeun kana batu nu aya di sisi talaga. Batu nu beunang ku kakuatan Naga Amurka ancur, sisirihanana mental kasakabeh talaga. Sukma Djati nyanghareup ka talaga, panonna neuteup ka jerona eusi talaga, nyawang mangsa katukang. Ti leuleutik, manehna hirup nyorangan teu nyaho indung, teu nyaho nu jadi bapa. Manehna hirup ti leuweung ke leuweung, nepi kahiji waktu panggih jeung Sudra, nu sarua budak Yatim, sarua teu boga sasaha.Ti harita manehna jeung Sudra jadi sobat dalit, beuki pageuh deui waktu dipaguron, sagala rupana dilakonan kuduaan.

Sukma ngarenghap panjang, hatena geus tiis deui ayeuna mah. “Sudra, naha bet kudu jadi kieu?” Sudra, hampura diri kuring, sadar kuring geus kapoekan ku rasa timburu Sudra,” pokna teh. Sudra nyampeurkeun, nepak taktak Sukma Djati, “nya enggeus atuh, ayeuna maneh nyaho, antara kuring jeung Nyi Laras euweuh rasa nanaon, saeutik ge kuring euweuh niat ngahianat ka anjeun Djati.”

Sapasang panon, keur neuteup seukeut maranehna duaan diantara dangdaunan, panon nu cureuleuk, nu mibanda bulu panon carentik. Nyi Laras, manehna nu keur ngawas ngawas Sukma Djati jeung Ki Sudra teh. 

Reup peuting, hawa talaga karasa beuki tiis, Sukma Djati jeung Ki Sudra ayeuna mah geus hahadean deui. maranehna anteng, guntreng nyaritakeun pangalaman maranehna, sakapeung ditempas ku seuseurian. Nyi Laras, nu keur ngawas ngawas satukangeun rumpuyukna tatangkalan , mimiti ngarasa keuheul, sabab taktik manehna pikeun misahkeun Sukma Djati jeung Ki Sudra katembong gagal. Kieu carana mah, sigana kudu make cara kasar, pikir Nyi laras.

Nyi Laras kaluar ti panyumputana, ku sakali tembragan kana taneuh, awakna nu leutik, ngabelesat laksana anak panah nu dileupaskeun tina panahna. Sukma Djati jeung Ki Sudra ting korejat, maranehna langsung masang kuda kuda. Sukma Djati jeung Ki Sudra silih reret, duanana maresem, bangun nu geus nyaho bakal kadatangan ku wanoja geulis, sageulis Nyi laras. “

Awak Nyi Laras ayeuna geus nangtung diluhur sesa tumpukan batu nu tadi di ancurkeun ku ajian Naga Amurka, “ Djati, Sudra, kuring rek balaka ka anjeun duaan. Sabenerna diri kuring teh, murid Nyai Kananga Bodas, nu meunang titah pikeun maehan maneh duaan, Guru kuring nyimpen dendam keneh ka Ki Doclang, kuring kudu mangmaleskeun kanyeri guru kuring. Peuting ayeuna, siap siap maraneh pindah alam Djati, Sudra,” pok kitu teh Nyi Laras bari ngaluarkeun aji “Racun Kananga,” hiji ajian nu bisa maehan jelema dina waktu nu sakocepat ku racunna.

“Keheula Nyai, naha teu bisa kitu urang omongkeun ku cara hade?,” Ki Sudra nanya bari awakna luncat, ngahindar tina serangan ajian “ Racun Kananga” Nyi Laras. Kitu deui Sukma Djati, sagilek, Sukma Djati geus pindah tina tempatna, mundur sababaraha lengkah. “ Teu, Teu bisa, karenyi hate Guru kuring, alabatan Gunung nu geus lila hayang muncratkeun laharna, kuring apal, kuring nyaho, unggal peuting Nyai Kananga Bodas cirambay ku kalakuan Ki Doclang nu geus ninggalkeun manehna.”

Nyi Laras nyerang deui ka Sukma Djati jeung Ki Sudra ku ajian “ Kilat Bodas Sarebu Nyawa,” hiji ajian nu bisa maehan sababaraha nyawa dina waktu nu sakiceup, ieu ajian teh bisa ngabalukarkeun awak tutung. Sukma Djati jeung Ki Sudra, nu titadi ngan ngahindar jeung ngahindar, dina hiji kasempetan, Sukma Djati bisa notok awak Nyi laras nu titadi nyerang maranehna duaan kucara ngababi buta.

“Leupaskeun kuring Djati, kuring kudu bisa munahan kanyeri Nyai Kananga Bobas, Nyai nu geus dianggap indung ku kuring. Djati, dendam ieu kudu nepi ka punah, mun henteu, teuing nepi kamana ieu dendam kabawana, hampura kuring Djati, hampura kuring, tapi Guru kuring lewih penting tibatan hubungan urang.” 

Nyi Laras nu katotok awakna, nyobaan mere kajelasan. Djati nyampeurkeun, leungeunna ngusapan kana buuk Nyi Laras anu panjang ngarumbay, sasakali angin ngulinkeun buuk Nyi Laras, nambahan geulisna beubeungeutan Nyi Laras. Ki Sudra geus teu katempo jinisna, teuing ngabelecet kamana jelema eta mah.

“Nyai, teuteup akang Nyai, diri akang nyaah pisan ka anjeun, akang mikadeudeuh ka anjeun, mun enya diantara guru urang aya dendam, sugan, ku asih urang mah, maranehna bisa baralik deui silih mikaasih jiga baheula.” Hiji hiji totokan na awak Nyi Laras dibuka, ayeuna Nyi laras geus bisa ngagerakkeun deui awakna, tapi Nyi Laras ngadon cicing dina tangkeupan Sukma Djati, Teu ngiser, teu ngalengkah, panon Nyi Laras mimiti pinuh ku cimata, cimata pinuh kabagja. Manehna teu bisa ngaluarkeun ucap, ngan bisa malik nangkeup pageuh ka Sukma Djati. 

Langit katembong lenglang, beresih euweuh megaan, ngan bentang anu baranang, jeung bulan anu nyorot, nambah endah kaayaan talaga, jeung hate maranehna.





Cangkuang, September 2010