“Montong loba ceta siah Sudra! yeuh, tarima jurus ti aing, omat! ulah rek ingkah saacan aya nu paeh antara urang, rasakeun jurus ti aing!,” Sukma djati ngaluarkeun jurus “Naga amurka,” ieu jurus teh pamere guruna nu ti Gunung Sancang, ti Ki Doclang, nu kawentar di sakuliah dunya pasilatan. Saurang guru nu rada saparapat otakna, tapi kasaktenanna moal aya nu bisa nandingan.
Sukma djati musatkeun pikiranana, tanaga dikumpulkeun, talapak leungeunna dirapetkeun, biwirna ngagerendeng macakeun ajenanana. Angin nu tadi cicing, ayeuna karasa motah, beuki lila, angin beuki ngagelebug, saperti aya nu ngomandoan. Aneh, angin nu pating gelebug teh ting garulung, ngahiji, ngabentuk nu rupana saperti oray naga nu seuneuan.
Kakuatan angin ngumpul na leungeun Sukma djati. Eta angin ibarat nu keur di ulinkeun, luar leor na leungeun Sukma. Sukma katempo siga nu keur ngulinkeun oray ku leungeunna. Tatangkalan ting aroyag, puguh deui daun awi mah, tarik pisan sing keresek. Kaayan harita tangtu pikasieuneun pikeun jalma jore jore mah. Sora angin ngagumuruh, maehan sora alam nu liana.
Ki Sudra nu aya di hareupeunana katingali rada pias, sadar, yen elmu manehna mah,aya dihandapeun kasaktenan Sukma Djati. Tapi najan kitu, Ki Sudra tetep kudu taki taki, nampa serangan ti Sukma djati, nu ayeuna hatena keur ngagolak ku timburu. ” Sok Djati, dewek moal ingkah, rumasa dewek geus maok hate Nyi Laras, tapi Djati, sakali deui dewek ngingetan, Dewek teu pisan pisan rek niat ngarebut diri Nyi Laras, euweuh Djati, euweuh hubungan nanaon antara kuring jeung Nyi laras. Sing percaya ka dewek Djati.”
Ki sudra nyobaan mere alesan, sugan bisa ditarima ku Sukma Djati. Ki Sudra ngarenghap panjang, tuluy nuluykeun caritaanana, “Djati naha duduluran urang teh kudu pegat nepi kadieu? Dikamanakeun atuh carita urang duaan teh, salila ieu urang duaan silih dukung, silih tulung, ngajomantara ka dunya pasilatan bareng duaan. wawuh teh lain kamari sore Djati, sapaguron teh ti leuleutik Djati, maenya teu apal ka diri kuring Djati, ” panon Ki Sudra neuteup Sukma Djati, ku teuteupan pinuh harepan. Harepan, sangkan Sukma Djati narima, jeung ngahampura kasalahan nu teu dihaja ku manehna.
Brak! beledug! beledug! kakuatan Naga Amurka, ku Sukma Djati dilampiaskeun kana batu nu aya di sisi talaga. Batu nu beunang ku kakuatan Naga Amurka ancur, sisirihanana mental kasakabeh talaga. Sukma Djati nyanghareup ka talaga, panonna neuteup ka jerona eusi talaga, nyawang mangsa katukang. Ti leuleutik, manehna hirup nyorangan teu nyaho indung, teu nyaho nu jadi bapa. Manehna hirup ti leuweung ke leuweung, nepi kahiji waktu panggih jeung Sudra, nu sarua budak Yatim, sarua teu boga sasaha.Ti harita manehna jeung Sudra jadi sobat dalit, beuki pageuh deui waktu dipaguron, sagala rupana dilakonan kuduaan.
Sukma ngarenghap panjang, hatena geus tiis deui ayeuna mah. “Sudra, naha bet kudu jadi kieu?” Sudra, hampura diri kuring, sadar kuring geus kapoekan ku rasa timburu Sudra,” pokna teh. Sudra nyampeurkeun, nepak taktak Sukma Djati, “nya enggeus atuh, ayeuna maneh nyaho, antara kuring jeung Nyi Laras euweuh rasa nanaon, saeutik ge kuring euweuh niat ngahianat ka anjeun Djati.”
Sapasang panon, keur neuteup seukeut maranehna duaan diantara dangdaunan, panon nu cureuleuk, nu mibanda bulu panon carentik. Nyi Laras, manehna nu keur ngawas ngawas Sukma Djati jeung Ki Sudra teh.
Reup peuting, hawa talaga karasa beuki tiis, Sukma Djati jeung Ki Sudra ayeuna mah geus hahadean deui. maranehna anteng, guntreng nyaritakeun pangalaman maranehna, sakapeung ditempas ku seuseurian. Nyi Laras, nu keur ngawas ngawas satukangeun rumpuyukna tatangkalan , mimiti ngarasa keuheul, sabab taktik manehna pikeun misahkeun Sukma Djati jeung Ki Sudra katembong gagal. Kieu carana mah, sigana kudu make cara kasar, pikir Nyi laras.
Nyi Laras kaluar ti panyumputana, ku sakali tembragan kana taneuh, awakna nu leutik, ngabelesat laksana anak panah nu dileupaskeun tina panahna. Sukma Djati jeung Ki Sudra ting korejat, maranehna langsung masang kuda kuda. Sukma Djati jeung Ki Sudra silih reret, duanana maresem, bangun nu geus nyaho bakal kadatangan ku wanoja geulis, sageulis Nyi laras. “
Awak Nyi Laras ayeuna geus nangtung diluhur sesa tumpukan batu nu tadi di ancurkeun ku ajian Naga Amurka, “ Djati, Sudra, kuring rek balaka ka anjeun duaan. Sabenerna diri kuring teh, murid Nyai Kananga Bodas, nu meunang titah pikeun maehan maneh duaan, Guru kuring nyimpen dendam keneh ka Ki Doclang, kuring kudu mangmaleskeun kanyeri guru kuring. Peuting ayeuna, siap siap maraneh pindah alam Djati, Sudra,” pok kitu teh Nyi Laras bari ngaluarkeun aji “Racun Kananga,” hiji ajian nu bisa maehan jelema dina waktu nu sakocepat ku racunna.
“Keheula Nyai, naha teu bisa kitu urang omongkeun ku cara hade?,” Ki Sudra nanya bari awakna luncat, ngahindar tina serangan ajian “ Racun Kananga” Nyi Laras. Kitu deui Sukma Djati, sagilek, Sukma Djati geus pindah tina tempatna, mundur sababaraha lengkah. “ Teu, Teu bisa, karenyi hate Guru kuring, alabatan Gunung nu geus lila hayang muncratkeun laharna, kuring apal, kuring nyaho, unggal peuting Nyai Kananga Bodas cirambay ku kalakuan Ki Doclang nu geus ninggalkeun manehna.”
Nyi Laras nyerang deui ka Sukma Djati jeung Ki Sudra ku ajian “ Kilat Bodas Sarebu Nyawa,” hiji ajian nu bisa maehan sababaraha nyawa dina waktu nu sakiceup, ieu ajian teh bisa ngabalukarkeun awak tutung. Sukma Djati jeung Ki Sudra, nu titadi ngan ngahindar jeung ngahindar, dina hiji kasempetan, Sukma Djati bisa notok awak Nyi laras nu titadi nyerang maranehna duaan kucara ngababi buta.
“Leupaskeun kuring Djati, kuring kudu bisa munahan kanyeri Nyai Kananga Bobas, Nyai nu geus dianggap indung ku kuring. Djati, dendam ieu kudu nepi ka punah, mun henteu, teuing nepi kamana ieu dendam kabawana, hampura kuring Djati, hampura kuring, tapi Guru kuring lewih penting tibatan hubungan urang.”
Nyi Laras nu katotok awakna, nyobaan mere kajelasan. Djati nyampeurkeun, leungeunna ngusapan kana buuk Nyi Laras anu panjang ngarumbay, sasakali angin ngulinkeun buuk Nyi Laras, nambahan geulisna beubeungeutan Nyi Laras. Ki Sudra geus teu katempo jinisna, teuing ngabelecet kamana jelema eta mah.
“Nyai, teuteup akang Nyai, diri akang nyaah pisan ka anjeun, akang mikadeudeuh ka anjeun, mun enya diantara guru urang aya dendam, sugan, ku asih urang mah, maranehna bisa baralik deui silih mikaasih jiga baheula.” Hiji hiji totokan na awak Nyi Laras dibuka, ayeuna Nyi laras geus bisa ngagerakkeun deui awakna, tapi Nyi Laras ngadon cicing dina tangkeupan Sukma Djati, Teu ngiser, teu ngalengkah, panon Nyi Laras mimiti pinuh ku cimata, cimata pinuh kabagja. Manehna teu bisa ngaluarkeun ucap, ngan bisa malik nangkeup pageuh ka Sukma Djati.
Langit katembong lenglang, beresih euweuh megaan, ngan bentang anu baranang, jeung bulan anu nyorot, nambah endah kaayaan talaga, jeung hate maranehna.
Cangkuang, September 2010