Tragedi Kananga



Sudirja, juragan beas, kasohor jelema beunghar. Boga budak awewe ti salah saurang simpenan-ana. Ma’lum Sudirja, boga harta banda, teu aneh mun loba awewe nu daraekeun ka manehna. Pamajikan Sudirja nu di kawin mah aya tilu. Tapi nu teu dikawin mah teuing sabaraha urang.

Sudirja nyaaheun pisan ka anakna nu awewe teh. Sabab, lian ti geulis teh pinter dagang deuih. Beda jeung lanceuk lanceuk terena, nu bisanaukur  meakkeun duit bapa-na wungkul.

Budak awewe Sudirja teh ngaranna Rukmini, ayeuna umurna jejeg salapan welas taun. Keur memeujeuhna beger . Rukmini  hahadean jeung Permana. Hanjakal Permana teh lain budak jelema aya, lain jelema sakolaan deuih. Ukur budak ti panyawah kulawarga Sudirja. Permana teu apaleun saha bapana, lantaran indungna teu kungsi betus mun ditanyakeun riwayat  Bapana.

Pasosore,di sisi walungan nu aya di lemburna, Permana jeung Rukmini uplek ngobrol paduduaan. Maranehna nyacapkeun kasono, silih ebrehkeun eusi hate.

“Kang, kumaha atuh, da gening bapa teh teu robih wae pamadegan-ana, Nyai bade ditikahkeun ka Ruslan,” ceuk Rukmini. Permana ngarenghap, bari neuteup seukeut panon Rukmini nu mimiti baseuh ku cimata. 

“Sabar geulis, urang antosan wae, sugan isuk pageto, juragan tiasa nampi urang!,” ceuk  Permana nenangkeun hate bebenena.

“Akang, kumaha pami bapa maksa nyai teras? Da saurna satuju teu satuju, nyai kedah kersa ditikahkeun sareng Kang Ruslan,” ceuk Rukmini bari nyegruk.

Tangkal awi oyag katebak angin,daunna pating keresek, keur maranehna mah kadengena siga sora tembang katunggaraan. Sora manuk piit kadengena bangun ngalelewe. Permana teu nyarita nanaon deui da puguh manehna ge bingung. Dalah dikumahakeun oge Sudirja moal mikeun budakna. Saha atuh ari manehna, saha ari Rukmin. Ibarat bumi jeung Langit, najan ajol ajolan tangtu moal bisa ngahiji.

Layung beureum geus bijil, nandakeun maranehna kudu mulang  ka tempatna sewang sewangan. Rukmini mulang ka imahna nu agreng, sedeng Permana, ka saung reyod. Tapi, harita mah duanana ge euweuh nu jengkat ti eta tempat. Nepi ka teu inget, maranehna teu kuat ku panggoda setan, milampah dosa nu dipahing ku agama jeung darigama. 

Bulan jeung bentang meungpeun. Era nempo kalakuan eta dua manusa, nu keur milampah dosa. Mega hideung lalumpatan, teu wasa nempo maranehna. Peuting nu simpe, peuting nu geus ngahijikeun hate maranehna. Saung butut nu  jadi saksina.

Isukna, juragan Sudirja ngagedor panto kamar Rukmini, tarik pisan gegedorna teh, ”Rukmini! Rukmini, buka panto! geus timana maneh tadi peuting?,” Sudirja hohoak ti luar kamar. Rukmini nu keur sare tibra, ngorejat, reuwas  ngadenge sora bapana hohoak ti luar kamar. Buru buru manehna hudang, tuluy muka panto.

 “Geus timana maneh tadi peuting Rukmini? heueuh maneh balik tadi subuh? Jawab nu jujur Rukmini!,” Sudirja nanya bangun nu teu mere kasempetan Rukmini pikeun ngajawab.

“ Euh, abdi ngendong di bumi Saraswati, pa,” jawab Rukmini ngabohong. “Awas siah mun bohong! dipodaran ku aing”, Sudirja ngancem. 

Dua bulan ti harita, Rukmini gering, manehna remen utah utahan, seueul beuteng, jeung awakna babareuhan. Rukmini sadar, yen eta teh ladang pagawean nu geus dilakonan jeung Permana.  

Hiji mangsa, isuk isuk keneh, Rukmini hudang, rek maksakeun nepungan Permana ka imahna, rek ngabejaan yen manehna keur kakandungan. Rukmini dianteur ku Bi Imah, nu ngurus Rukmini ti leuleutik, nyaaheun pisan ka Rukmini leuwih leuwih ti indungna sorangan. 

  “Neng, tebih keneh ieu teh?,” Bi Imah nanya satengahing jalan. “Tos caket Bi, tuh nu aya tangkal asem,”  Rukmini bari nunjuk ka saung butut nu teu jauh ti dinya.

Bi Imah ngarandeg. Panonna melong ka saung butut nu bieu dituduhkeun. Satengah teu percaya, bi Imah  olohok mata simeuteun.

“Ieuh, bibi, aya naon meni olohok kitu? hayu enggal mapahna,”ceuk Rukmini bari noel Bi Imah.Nu ditoel katempo bangun nu reuwaseun

Sanggeus nepi, Rukmini unjuk salam. Teu kungsi lila torojol awewe kira kira umur opat puluh taunan kaluar ti jero saung. Beungeutna katingali aya sari sari geulis keneh, dedeganna jangkung lenjang, buuk panjang ngarumbay hideung meles.

Awewe nu kaluar ti saung, katingali kagetna ningali Rukmini, jeung bi Imah. Sabenerna mah, eta awewe nu teu lain indungna Permana teh leuwih kaget barang nempo bi Imah.  Ngingetkeun diri manehna ka sababaraha waktu katukang, basa manehna jadi panyawah. 

“saha tea nya?,“ indung permana nanya bari neuteup ka Rukmini, asa apal eta panon teh, gerentes hatena. 

“ abdi, Rukmini nyai!,”  tembal Rukmini bari imut manis. ”Permana aya di bumi?,sambung Rukmini nanya deui. 

“ oh, Permana mah nuju ka leuweung, ngala suluh.  Aya naon milarian Permana? Aya padamelan panginten nya?,” indungna Permana nanya deui, bari panon angger neuteup kanu geulis hareupeunana. 

Bi Imah nu aya di gigireun Rukmini, neuteup ku teuteupan sono ka indungna Permana. Duka aya nanahaon tah sajeroning hate bi Imah teh.

Sanggeus ngalor ngidul tiluanana ngawangkong, Rukmini jeung bi Imah amitan, da panon poe geus  aya di luhureun sirah pisan. Sapanjang jalan balik, bi Imah teu loba ngomong, titadi ngan ngabetem wae. Sedengkeun Rukmini, titadi ngan noroweco weh, norolang, ngomongkeun kumaha bageurna jeung geulisna indung Permana. Rukmini teu sadar, yen nu di ajak ngomongna mah, pikiranana keur jauh ka mangsa katukang.

“ sssttt,,, pssttt,,, Imah!,,, Imah…!”, kadenge aya sora awewe nu ngageroan lalaunan ti lebah tangkal kacapiring, katempo indungna Permana gugupay. Imah nu keur sasapu nyampeurkeun.

” Darsih, bener ieu teh maneh? indungna Permana teh maneh Darsih?,” nya bi Imah bari ngagabrug ka nyi Darsih, nu teu lain indungna Permana tea. Duanana silih tangkeup ku kasono, sono kanu jadi sobat, nu geus lawas teu  bisa tepung.

” enya Imah, ieu kuring, kuring Darsih,” ceuk Darsih bari ngendoran tangkeupan, melong kana beungeut bi Imah. “Imah, kuring rek nanya, Rukmini anak saha, Rukmini teh Kananga tea lain? Kananga anak kuring jeung  Kang Sudirja?,” hiji patanyaan nu beurat di jawab ku Imah.

Imah ngan saukur unggeuk. Euweuh ucap  nu kaluar, ngan saukur unggeuk jeung cirambay, bari neuteup ka nyi Darsih. Nyi Darsih, ningali Imah unggeuk ngaenyakeun yen Rukmini anak manehna, awakna  langsung ngoleang, dirina asa di bentar gelap.  Permana, boga niat rek ngawin ka adina,Kananga, atawa Rukmini tea.

Sudirja katempo ambek pisan waktu nyahoeun budak awewena Rukmini keur kakandungan. Panyangkaan Sudirja langsung ka Permana, saha deui atuh lalaki nu deukeut jeung anakna, iwal ti si Permana pikirna teh. Euweuh nu wanieun lalaki sejen mah. 

“ Uja, brewok, Peang, kadieu!,” gorowok Sudirja ngageroan jongosna. Nu digeroan lalumpatan nyampeurkeun juraganana. “ aya naon gan?,” tanya si Uja, jongos nu di percaya pisan ku Sudirja. 

“ yeuh, maraneh ayeuna teangan mangkeluk nu ngaranna Permana, bawa kadieu, rek di podaran ku aing!,” ceuk Sudirja bari tuluy nyeuseup bakona heula tuluy nyarita deui, “Omat ulah waka dikukumahakeun, ke weh ku leungeun aing sorangan! ngarti?,” Sudirja mere parentah bari dibarengan ku nanya. 

“ ngartos gan!,” jawab nu tiluan bari tuluy indit rek neangan jelema nu di maksud ku juraganana.

Rukmini nu titadi ngadedengekeun ditukangeun panto buru buru indit, rek ngabejaan Permana yen bapana keur neangan manehna. Rukmini leumpang rurusuhan, sakapeung bari lulumpatan, sieun kapiheulaan ku jongos titahan bapana. Ku kabeneran, di tengah jalan, Rukmini panggih jeung Permana nu rek indit ka leuweung. 

“ Akang, Kang Permana, ulah kamamana, bapa nuju milari akang, anjeuna apaleun abdi kakandungan putra akang!,”ceuk Rukmini bari nyampeurkeun ka Permana. Permana ngahuleng, kudu kumaha atuh ayeuna.

Sabot duanana keur ting haruleng, kadenge sora nu ngagareuwahkeun, “Permana, kadieu silaing, juragan kuring aya perlu jeung maneh! montong lumpat siah !,” si Uja nu hahaok kitu teh.

Permana jeung Rukmini siga nu sarua hatena, maranehna lumpat muru ka walungan tempat nu biasa dipake maranehna silih nyacapkeun kasono. 

Di eta walungan, maranehna silih teuteup, euweuh ucap nu kaluar. lila ngajaranteng di sisi walungan nu harita caina keur pinuh pisan. cipanon Rukmini teu bisa di tahan, kitu deui Permana, peurih hatena. 

Teu lila, datang nyi Darsih kadinya, disusul ku Sudirja jeung jongos jongosna. 

”Ulah ngadeukeutan kadieu! mun ngadeukeutan, kuring jeung Rukmini rek ngagejeburkeun maneh ka walungan ieu!”, ancem Permana. 

“ Permana, ujang, ieu ema,,naha ujang rek tega ninggalkeun ema?,” Darsih ngelingan ka budakna. Permana ngan saukur neuteup ku teuteupan kadeudeuh. “Rukmini, ulah geulis, ulah tega megatkeun nyawa su utun nu aya na kandungan hidep!,” olo Darsih ka Rukmini.

“ Yeuh! dengekeun ku kabeh, naha kuring jeung Rukmini teu meunang ngahiji? kuring nyaah ka dirina, Rukmini ge teu bisa jauh ti kuring! Naha maraneh teu ngidinan, naon salah kuring jeung Rukmini?,” nanya kitu teh Permana bari neuteup seukeut ka Sudirja.

Sudirja teu langsung ngajawab, manehna katempo bingung pisan, Sudirja neuteup ka nyi Darsih, tuluy neuteup ka Rukmini, “Permana, Rukmini, sabenerna mah anjeun duaan teh duduluran, adi jeung lanceuk!, sagetih, sasusuan. Baheula, Nyi Darsih teh awewe simpenan kuring, kuring teh bapa maneh duaan!”.

Permana jeung Rukmini ngagebeg waktu Sudirja nyarita kitu. Maranehna sakur silih teuteup,” akang ... ," biwir Rukmini ukur kaluar ucap sakitu. “Rukmini ...,” duanana unggeuk laun. 

Teu kungsi lila, maranehna duaan luncat ngagejeburken diri ka jerona walungan nu salila ieu jadi saksi carita asih maranehna. awak maranehna kabawa palid ku tarikna cai walungan.

Hawar hawar, kadenge sora Sudirja jeung  Nyi Darsih nu ting jarerit,, geus kitu, les weh euweuh nu kadenge deui. Walungan mawa Permana jeung Rukmini ka dunya nu moal bisa misahkeun hate maranehna deui.

Tah kitu, carita nu salila ieu di sidem di apik apik teh, Ayeuna mah geus kari carita nu lawas. Sudirja cenah mah jadi jelema teu waras, nepi ka maotna, Sudirja ngan nyebut nyebut ngaran kananga, sedengkeun nyi Darsih, maot ku alatan gantung diri, teu lila sanggeus dua anakna malidkeun maneh di walungan. 

Tragedi Kananga ceuk urang dieu mah!.