Leumpang mapay galengan sawah nu aya di kiduleun lembur, tujuan ayeuna, rek apel ka bebene hate, Neng Dewi, si denok, si demplon, kameumeut hate, pujaan ati jeung diri kuring. Geus lila kuring bobogohan jeung manehna teh, mun di itung itung mah, aya kana tilu taunna.
Hese tah meunangkeun Neng Dewi teh, pinuh ku pangorbanan, ti mimiti saingan jeung si Uju urang bandrek, si Emod urang kampung bobodolan, nepi ka saingan jeung si Lurah Encang.
Neng Dewi teh geulis kawanti wanti, bageur euweuh codeka, numatak, lalaki mana nu teu kapelet ku manehna?. Najan teu kudu make elmu pelet ge, lalaki normal mah bakal ngudag ngudag, paboro boro, wani padungdung meunangkeun dirina.
Ceuk pikir, kuring jelema pangsabar sabarna. Pek weh pikiran, basa si Uju nangtang gelut, pan kuring mah teu ngalayanan, lain sieun, tapi era, maenya geus kolot kudu padungdung mah, mun kitu budak olol leho. Harita, basa si Uju ngurunyung, katempo pinuh ku amarah.
”Kardi, aing rek balitungan jeung maneh, ceuk si Dewi, maneh ngaheureuyan ka si Dewi! naha bener kitu Kardi? boga kawani kitu ilaing Kardi? haram jadah siah,” si Uju hahaok teu make basa basi deui.
“Ke, keheula Ju, timana maneh meunang beja kitu teh?,” kuring malik nanya. “ nya ti jinisna atuh goblog! matak aing kadieu oge!”, tembal si Uju beuki emosi.
Hate karasa mimiti ngaheab, tapi inget ceuk guru ngaji kuring, urang teh kudu bisa nahan amarah, kudu bisa mertahankeun kasabaran.
”Yeuh Uju, kuring moal kumawani ngaheureuyan Neng Dewi, mun kuring nyaho manehna kabogoh didinya! Saha nu teu apal ka Uju preman kasohor di lembur ieu atuh, preman nu berehan, nu loba bela ka sasama, loba amal ka barudak ojeg. Kuring ge salut anjeun Ju, bisa kawentar ku berehanana, loba nyumbang inuman keur barudak lembur ieu! hebat lah”.
Si Uju tea, di puji mah karesepna, ceuk batur ge, beuki di puji beuki berehan cenah. Pek Uju siah, kumaha maneh, rek ngengklak atoh ge moal di caram. Nu penting Neng Dewi kapimilik.
Uju baluar balieur, tuluy neuteup anteb, leungeunna nyepeng taktak kuring, “Kardi, urang rek nanya ka maneh, naha bener kitu maneh bogoh ka si Dewi? naha rek bener maneh ka dirina,” si Uju nanya katempo serieus pisan.
”nya enya atuh Ju, maenya kuring rek ngadon heureuy wungkul? moal atuh, da kuring ge boga adi awewe, sieun aya karmana!,” tembal jeung alesan kuring pikeun ngayakinkeun manehna.
Si Uju ngaleupaskeun leungeunna tina taktak kuring, bari pokna, “heuh nya enggeus atuh ari kitu mah, urang mikeun si Dewi jang maneh, tapi omat! ulah nepi ka dinyenyeri!”.Bray, dunya asa caang pisan, moal aya nu jadi hahalang ayeuna mah.
Teu lila ti harita, aya deui mangkeluk nu nyiar masalah jeung kuring. Si Emod, budak Haji Tata nu kasohor jegudna. Saha nu teu apal kana kabeungharan Haji Tata atuh, sawahna, taneuhna, kontrakanana, geus puguh mobil jeung motor mah. Pokona mah bru dijuru bro di panto teh lain ngan saukur paribasa.
Aduh, Jadi inget, basa si Emod, datang kaimah, nyarekan laklak dasar, pajar kuring, lalaki teu gableg duit, wani wani miharep Neng Dewi. Eta ku lajag lejegna, beu, asa ku kamalinaan teuing. Tapi, harita ge kuring masih keneh bisa sabar. Enya ge geus di hinakeun, kuring mah cicing weh, da geus capeeun ngacapruk mah, si Emod ge balik sorangan gening, teu kudu di titah. Tah kitu ari jadi jelema sabar teh,masalah ge indit sorangan.
Kajadian katilu, ieu kajadian nu paling beurat nguji kasabaran kuring. Lurah Encang ngajak saingan jeung kuring liwat kolotna Neng Dewi. Kolotna, ku lurah Encang unggal poe di kiriman dahareun, boh martabak, roti bakar, nepi ka kadaharan luar nagri. Kungsi indungna Neng Dewi, Ceu Ai, ngabandingkeun kuring jeung si lurah. Eta pedah kuring tara barang bawa ari apel teh, cukup ku sayang jeung rindu. Harita kuring ngan saukur mesem. Sugan kuring nempas? henteu, atawa kuring pundung? henteu deuih. Pan kuring mah jelema sabar.
Lengkah kuring rada ngalaunan, kusabab geus deukeut ka imah Neng Dewi. Katempo di hareupeun buruan imah aya mobil kaluaran anyar nu keur parkir. Aya semah jauh sigana mah, cekeng teh na hate. Da jarang atuh aya semah nu nganjang make mobil ka imah pimitohaeun kuring mah.
Palebah mobil nu keur diparkir, kuring ngabebener heula baju, kudu rapih atuh ari rek apel mah, komo ieu aya dulur dulurna. Bari ngeunteung na spion mobil, kuring nyisiran buuk nu tadi kaangin angin, jaba leucir ku kesang deuih. ”Bae ah, da kasep keneh gening,” luak lieuk, tuluy leungeun rada di kaluhurkeun, ngangseu kelek, bisi bau kesang, da puguh geus leumpang jauh, seungit keneh.
Tah, ayeuna, kabeh geus siap, malah mah sun sayang ge geus disiapkeun, hususon pikeun Neng Dewi. Ibarat satria nu turun ti langit, kuring ngalengkah beuki gagah. Nepi ka tepas imah, tijero ruang tamu kadenge sora nu cicirihilan.
Aeh, gening sora Neng Dewi, bangun nu keur ngobrol, jeung saha meni uplek kitu, pikir kuring bari panasaran. Di denge denge, asa beuki araneh wae ieu teh. panto ku kuring didorong saeutik, katingali aya sukuna wungkul. Aya suku lalaki jeung awewe. Dasar geus kudu katohyan, panto teh teu ngahaja kasurungkeun ku awak deuih, ari bray the, kasampak Neng Dewi keur gagalentoran dina tangkeupan Lurah Encang.
Seak, ieu getih ngadadak panas kaduruk amarah. Ah, teu loba ngomong, kuring nyerenteng nyampeurkeun si Encang. Lurah koplok didudut tina diukna. Maranehna duaan karageteun, komo Dewi mah, nepi ka soak pisan, beungeutna langsung pias.
”Akang, Akang, aya naon akang, sabar akang, sabar!,” Dewi gogorowokan, bari leungeunna ngabebetot leungeun kuring nu keur pageuh narik kerah baju si Encang.
“ Kaluar siah Sencang!,” si Encang nuturkeun ka luar imah. Jerit Si Dewi teu di denge, teu di palire, si Lurah atah adol di gusur ka buruan, tuluy, jekuk, jekuk, habek, habek, di peupeuh ku keupeulan leungeun kuring.
Si Encang ngagoler teu walakaya, getih ngucur tina irungna, Neng Dewi ngan saukur wani nempokeun ti tepas imah bari ceurik. Tatangga mimiti daratang, loba nu ngadon ngalalajoan, tapi euweuh nu wani nyampeurkeun.keun, bae ah, teu paduli.
“Yeuh, Encang, untung dewek jelema sabar, mun lain jelema sabar mah, geus beak silaing ku dewek di dieu,” ceuk kuring bari tutunjuk kana irung si Encang. Sanggeus seubeuh neunggeulan jeung laklak dasar nyarekan si Encang, kuring ngaleos ninggalkeun si Encang nu keur ngusapan irungna.
Halah, asa harampang ayeuna mah. Leumpang ge meni asa beuki tambah gagah. Sajeroning hate kuring, aya nu ngagerentes, enyaan, ari kieu mah, kuring teh kaasup jelema pangsabarna. Eta buktina, si Encang hirup keneh, teu kudu asup rumah sakit. Da lamun kuring lain jelema sabar mah, si Encang pasti geus tinggal ngaran wungkul”.