Bél sakola disada: néng ... néng ...néng ... néng ... néng…..! Tukang és nongnong nanawarkeun és-na, nong … nong… nong…. ! Tukang goong kabeneran ngaliwat anteng bari nakolan goong, gung ... gung ... gung .....!
Karéta api embung éléh milu nyalukan, toooot ….. toooooot… tooooooot…… !
Ceu Konah kaluar ti imahna. Bari nulak cangkéng manéhna jojorowokan, "Baku! Ari geus ramé téh, aing ogé bisa disada siah! Akaaaaaaaaang …...............!”
Sarmidi nolol ti pacilingan, “ Rék nanahaon atuh sia téh Konah, ngan gogorowokan waé? Na teu nempo kami keur kakagokna?”
Berebet! Ceu Konah gancang asup ka jero imah.
Berebet! Ceu Konah gancang asup ka jero imah.