Ayun ambing
ayun ambing
Nu Kasép tilu taun nyanding
mangsana kembang buruan
mangkat capétang diajar nyarita
diayun-ayun ku indung
ditimang-timang ku bapa
atina ngancik di nini
manahna nyampak di aki
dalit jeung nu ngasuhna
Ayun ambing
ayun ambing
Nu Kasép tilu taun nyanding
titis tulis nitih wanci
kiwari lunta ti indung bapa
jengkar ti pangkonan aki ninina
dipirig ku wawangian
disambat ku kekembangan
ninggalkeun balaréa
mulang ka kalanggengan
Ayun ambing
ayun ambing
Nu Kasép tilu taun nyanding
bodas nyacas lir keretas
taya gurat-gurat pitapak
kamari kembang buruan
kiwari kembang sawarga
hiuk angin wawangian
mirig Nu Kasép nu lastari
dipapag ku widadari
Juli 2010
Ti, Ki sobat, Ibnu Hijar Apandi pikeun anak kami.