Urang tèh Saha?

"Ma, ari Brahma, saha?"

"Brahma tèh Dèwa nu nyiptakeun bumi jeung langit, Jang. Jiga Prèsidèn kahiji urang, nu nyieun nagara urang"

"Ma, ari Wisnu, saha?"

"Tah, mun Wisnu mah Dèwa nu ngurus alam, awang-awang, hujan jeung sinar Panon poe. Mèntri tèa meureun, Jang"



"Tah ma, ari Siwa, naon?"

"Siwa mah Dèwa nu sok ngaruksak atawa ngamusnahkeun bumi jeung alam"
"Oh, koruptor tèa meureun nya, ma?"

"Enya meureun, Jang"

Budak ngahuleng, rèk nanya deui asa-asa. Rèt ka indungna, rèt deui ka indungna.

"Ma, ari urang saha?"

Lila, jempling.

Budak teu wani nanya deui ka indungna nu keur ngalimba.