LAIN RONGGENG SAMANEA v1
Mimitina mah diuk dina korsi, jol cengkat brek émok cabok dina téhel.
Panon seukeut beungeut sepa. Gebeg! dagdigdug, dagdigdug.
Manéhna melong kujuru panon, teuteupna ahéng.
Sirah ngagilek lalaunan. Leungeun kénca namprak, lalaunan ngangkat nepi sawates beungeut. Leungeun katuhu ngusapan buuk, persis nu keur nyisiran bari nyepeng kaca. Umat-imut, nyéh seuri sorangan. Manéhna cengkat, réngkénék, gubrag.
Kami buru-buru muru manéhna. Teuing geus kasabarahakalina.
RONGGENG v2
RONGGENG v2
Mimitina mah diuk dina korsi. Jung, cengkat. Brek, émok cabok dina téhel. Panonna seukeut beungeutna sepa. Gebeg! Manéhna ngagebeg, haténa ratug tutunggulan.
Manéhna melong ku juru panon. Teuteupna ahéng. Sirahna ngagilek lalaunan. Leungeun kéncana namprak, lalaunan ngangkat sawates beungeut. Leungeun katuhu ngusapan buuk, siga nu keur nyisiran bari nyepeng eunteung. Umat-imut, nyéh seuri sorangan. Manéhna cengkat, réngkénék, gubrag.