“Neng, sumping nya? Omat ulah dugi ka henteu” Kitu ceuk Siska waktu ngondang pikeun walimahan manehna, kuring ukur imut. “Enya, ke mun bapana daek nganteurkeun” Tembal kuring sanggeus Siska omat-omatan ngaduakalianana. “Pa, dinten Minggu jajap abdi ka walimahan rerencangan nya?” pamenta kuring kanu jadi salaki. “Euh, moal bisa mah, kantor cabang di Cirebon poe Minggu rek dibuka". Kapaksa indit sorangan. Panganten awewe ngagupayan, rupana marahmay. Teu aneh mun panganten katempo marahmay, sabab tangtu hatena keur pinuh ku kabagja. Kuring milu ngarasa bungah, alhamdulillah ahirna sobat kuring aya jodona. Kuring imut bari nyampeurkeun Siska, kado nu geus dibungkus rapih hayang geura dibikeun ka manehna. Ngahaja nyieun kado teh nu matak pikaseurieun, alat kontrasepsi sababaraha rasa. Make jeung aya rasa kadu jeung stroberi sagala. Duka teuing pedah kasima ku kageulisan Siska atawa kuring nu kabawa swasana, timimiti datang kuring teu merhatikeun saha-sahana nu jadi salaki Siska. Ari ret kanu aya disagigireun Siska, seak, leketey.