Desember

Disawér ku hujan nu ngaririncik, ditabeuhan ku guludug nu pating jelegur, awéwé nu dikabaya beureum ngaréngkénék, bareng jeung burinyayna kingkilaban, bangun nu motrét dirina. Bagéa, sirna sagala rupa pasualan, cék gerentes haténa.