Manehna kungsi ninggalkeun kiwari tepung di meja hijau.


Ieu carita lain carita dongeng atawa sabangsaning roman jeung novel. Lain, lain dongengna sasaha, atawa roman jeung novel panulis nu sohor.  Kajadian ieu kajadian nu kungsi jeung kiwari disanghareupan ku kuring.

Kuring Esih, umur kuring duapuluh dua taun boga budak hiji euweuh bapa-an. Lain, lain rek agul pedah boga budak euweuh Bapa-an. Eta mah kakeuheul kuring ka manehna nu geus ninggalkeun waktu si utun  dina kandungan. Da ayeuna mah budak teh geus boga Bapa.

Kuring wanoh ka manehna, enya bapana budak, diamprokkeun ku babaturan sakola. Cenah mah manehna teh geus mikaresep ka kuring tisaprak panggih di imah Ida.

Teu apal apal acan waktu di imah Ida mah, teu kareret reret acan. Naon pikatajieunana atuh, kulit hideung, buuk acak acakan, make baju asal rap bae. Estuning kuleuheu, lain tipeu kuring pisan.

Diamprokkeun  ku Agus, kabogohna Ida di halteu jalan Asia Afrika. Maranehna nungguan di halteu nu biasa dipake ku kuring megat  beus DAMRI ka Cibeureum.


Satadina mah Agus jeung manehna teh rek nyampeur ka sakola, ngan ku kuring dihulag pedah era ku babaturan sasakola. Disakola kuring kasebut kutu buku, kuuleun, pinter tapi kuper cenah. Enya, meureun pedah harita kuring ngan ngagugulung buku jeung ngudag kana prestasi diajar.

Lain nanaon  niat kuring mah hiji, nyenangkeun indung bapa kalayan sakola bener , jadi budak nu teu nguciwakeun kanu jadi kolot.

Dasar kuring harita, abong jalma kuuleun, teu gaul, ku asa jadi jelema panggedemilikna aya nu ngomong cinta teh. Rumasa, sok sanajan harita geus kelas tilu SMA ge, tacan aya nu pernah nyatakeun cinta.

Tisaprak panggih jeung manehna di halteu, kuring jeung manehna mingkin raket wae. Meusmeus mabal sakola, meumeus nyieun surat ijin sakit keur ka sakola. Sarua manehna ge ka sakolaanna, sok remen ijin jeung alpa.

Momotoran buar biur euweuh pangjugjugan ge asa bagja weh da jeung nu dipikacinta. Dunya milik duaan teh lain bohong.

Sakali waktu, kuring jeung manehna kacolongan, sosonoan nepi ka teu inget yen nu dilakukeun nyata nyatana nyalahan. Komo sanggeus remen ka imah Agus mah, nu tara aya sasaha di imahna da indung bapana Agus mah digarawe duanana, beuki weh pogot kuring jeung manehna teh.

Ngalakukeun hal nu dipahing ku Agama geus asa jadi biasa, asa aya batur da Agus jeung Ida ge sarua cenah sok ngalakukeun hal eta.

Tungtungna, kuring meunang buah tina hasil pepelakan manehna. Kuring ngandung, dina umur salapan belas taun. Kacida bingungna kuring harita, kitu deui manehna. Teu wani kuring bebeja ka Ema atawa ka Bapa, kitu deui manehna.

“Sih, urang akalan weh nya? ceuk si Agus si Ida ge pernah jiga Esih, tapi gancang nginum obat, tah ieu obatna! Sok geura dieueut sadinten dua kali da obat keras ieu mah” ceuk manehna harita.

“Moal nanaon ieu teh? Kumaha mun gagal? Der orokna kaluar cacad,” hamham kuring teh sabenerna mah narima obat ti leungeun manehna harita.

Manehna kerung, “Moal lah, moal nanaon, pasti berhasil  ieu mah, si Ida ge geuning teu nanaon”.
Leg!, obat diteureuy bari hate mah nolak.

Euweuh, euweuh pangaruhna obat teh. Ceuk si Agus cenah mah kandungan kuring nu kuat, euweuh cara lian salain ti ka bidan.

“Kumaha Sih, ka bidan wae nya? Duit mah aya, kengeng nyungkeun ka mamah sareng tumbat tambut ka rerencangan? Kumaha? Kalem Sih, da Aa mah moal ninggalkeun Esih, nepi ka iraha ge Aa mah pasti gigireun Esih. Sumpah Sih, Aa mah deudeuh ka Esih, sayang ka Esih!” kitu ceuk manehna waktu ngolo kuring pikeun miceun si utun, pedah kuring keukeuh embung ngagugurkeun.

“Atos lah A, urang  duaan teh salah, urang tos ngadamel dosa, bakal tambih ageung deui dosa mun ieu jabang bayi digugurkeun”.

“Sih, sing ngarti atuh ka Aa, Aa teu bisa mun kudu kawin ayeuna. Aa can siap, bakal kumaha ambekna mamah jeung Apa Aa engkena, Aa mah teu wani Sih,” jawaban nu teu dipiharep pisan ku kuring ti manehna.

Ti harita, manehna ngaleungit, teu puguh laratanana. Diteang ka sakolana tara aya, di susul ka imahna teu manggih beja.

Sorangan, nyata nyatana kuring nyanghareupan masalah ieu ku sorangan. Indung jeung Bapa mimiti mah teu tarima, tada teuing wirangna Ema jeung Bapa, tada teuing kuciwana anjeuna.  Ema, Apa, abdi nyuhunkeun dihampura.

Sok sanajan keur kakandungan,  sumanget sakola kuring teu kendor. Komo bari pihak sakola mere kawijaksanaan mah. Keun wae babaturan ngomongkeun ge, keun wae sobat sobat ngajauhan ge, kuring narima meureun ieu babalesna nyimpang tina Agama.

Teu lila ti lulus sakola, budak borojol kalayan normal jeung salamet. Budak mah diurus ku Ema, sedengkeun kuring, tuluy gawe dihiji parusahaan gede.

Enya ge gawe di parusahaan gede, tapi kaayaan kuring angger teu bisa rubah. Beubeunangan gawe saukur pikeun nyukupan kaperluan budak, tacan bisa mulang tarima ka indung jeung ka bapa. Tapi ah, sok sanajan kitu kuring teu ngarasula, kuring pasrah tumarima. 

Aya kana sataun digawe, nu boga parusahaan, ditinggal maot ku pamajikanna. Kuring ayeuna pisan nu ngaganti posisi pamajikan dunungan teh. Enya kuring dikawin ku Mister Liem, urang Taiwan pamilik parusahaan nu umurna geus ayaan.

Hirup kuring rubah, sagala kacumponan, awak kaurus teu cara basa nyorangan. Ema jeung Bapa ngilu bungah, komo deui kuring nu tungtungna bisa mulang tarima kanu jadi Indung jeung Bapa.

Ayeuna manehna datang deui, nepungan kuring di kantor parusahaan nu dipingpin ku kuring.Sababaraha kali manehna nepungan kuring, ngaganggu pisan kana kahirupan kuring. Adelia, alesanna pikeun Adelia. Budak nu teu nyaho di wujud Bapa aslina. Budak nu ngan nyaho yen Papih Liem bapa hiji hijina.

“Sih, Aa mah moal ngaganggu kana rumah tangga Esih, Aa ngan hayang apal budak urang. Tilu taun Aa kasiksa. Salila tilu taun Aa teu weleh nyebut ngaran Esih. Lain Aa rek ninggalkeun Sih, tapi sanggeusna Aa cumarita ka Mamah jeung ka Bapa, Aa harita keneh dipindahkeun sakola ka Jogja. Sih, hampura Aa, ijinkeun Aa panggih jeung budak urang,” pamenta manehna.

“Teu! Teu bisa!” tembal kuring teges.

“Sih, mun Esih ngewa ka Aa ayeuna, heug teh teuing, Aa narima. Tapi tulungan Sih, tulungan Aa, Aa ngarasa dosa mun budak urang teu apal ka bapana,” manehna maksa.

Kuring molotot ngadenge manehna nyarita kitu.

“Ngeunah weh, sanggeus ninggalkeun budak ti keur dina kandungan keneh,  didinya teu pupuguh datang nyebutkeun didinya bapana? eling atuh ngomong teh! Saha ari didinya? Ngurus teu? Ngabeayaan teu?”  awak karasa panas nyongkab, sirah asa rek bejad ngareungeu manehna nyarita kitu.

"Sih, kieu kieu ge Aa teh bapana, mun perlu ayeuna keneh Aa rek nyokot budak! paduli Esih rek ngijinan atawa henteu, budak rek dicokot ku Aa". 

"Kaluar! kaluar maneh Purwa! Montong coba coba ngadeukeutan Adelia! kaluar siah!"
leungeun kuring lempeng nunjuk kana panto.

“Sih, mun didinya keukeuh wae embung nepungkeun Aa jeung Adelia, Aa rek nungtut! urang panggih di meja hijau!”
Gebeg! alam dunya asa ku poek mongkleng.

Manehna kungsi ninggalkeun, kiwari  tepung di meja hijau.