Banjir & Reformasi


“Bapana, itu cai rembes tina tehel, heulakeun heula di jero imah atuh”

“Keheula Ibuna pan ieu yeuh tidieu biasana ge cai teh jolna”

“Cicing Ujang! Ulah turun tina meja bisi leuleuncangeun!”
Budak ngarengkog deui nempo indungna molototan.

Caah, jeung caah, unggal dibere hujan ngan caah jeung caah. Iraha atuh pamarentah rek nguruskeun  solokan? mirosea walungan nu beuki dieu beuki ngaleutikan?.

Heueuh, ari walungan  angger sagede kitu,  jumlah jalma hirup nambahan.
Sampah, pamakean cai pikeun sapopoe ge tangtu nambahan.

                                                                     -0-

“Karasa hesena hirup teh ayeuna mah leuwih leuwih ti jaman Suharto euy, sakapeung mah sok hayang balik deui ka jaman basa dipingping ku manehna, wayah kieu aing can meunang saperak perak acan, goblog!”  si Kikin muka wangkongan.

Si Sarja nu diuk di juru warung nyengir sakeudeung, leungeunna  nyepeng  gelas pinuh cikopi nu karek cur. Tuluy manehna pok, “ Heueuh, padahal nu salah mah nu dihandapna ceuk uing mah”.  Suruput  kana cikopi.

“Kateuing pamarentahan nu ayeuna yeuh, sugan weh atuh bener reformasi teh,“ pokna si Sarja deui.

"Ah, waduk reformasi, tisaprak reformasi, dor dar bom geuning dimana meni! Bener teu? Kamari urang ge ngadenge cenah di simpang lima aya bom. Sok, mana? Nepi ka kiwari mangkelukna can kapanggih tah nu neundeun bom teh,” tempas si Kikin.

Lain teu hayang milu mairan, ngawangkong jeung maranehna ngan ieu awak asa pasiksak bati tadi peuting beberes imah alatan kacaahan.

“Tis kunaon ilaing euy? bet ngabetem wae? ditundung ku pamajikan?, ” si Kikin ngagonjak.

“Ih ari si eta, naha teu nyaho kitu, tadi peuting imah si Entis kacaahan? Sameter leuwih nu asup ka imahna teh,” si Sarja mangnembalankeun.

“Heueuh Kin, tadi peuting mah kacaahan teh pangparna-na.  Sameter duapuluh di jero imah euy. Mun seug lain ku butuh, poe ieu teh moal narik, cumah tu da moal aya panumpang”.

“Heueuh bener” pokna Kikin diembohan ku ungeuk unggeukan, kateuing naon maksudna.

                                                                              -0-

Dina baliho nu dipentangkeun tina tangkal ka tangkal  aya tulisan ”silih asah, silih asuh, silih asih,” sahandapeunna aya gambar pamingpin make jas bari dikopeah.

Naon maksudna ari di jaman ayeuna? Silih asah, meureun silih adu kapinteran dina usaha kapilih pikeun jadi pamingpin. Silih asuh, meureun silih tutupan kabohongan yen maranehna  geus nilep duit rahayat , meureun, ieu mah meureun, nu senior mere nyaho, ngawurukan kanu junior kumaha carana nyumputkeun duit rahayat.  Atuh silih asih, ka, kela, naon nya hartina? Maenya  hartina silih ngabagi hasil korupsi mah.

“Kiri Pak di depan!” sora panumpang nu menta eureun jenger kadenge ti tukang. Gancang mobil dikasisi beh kencakeun.
Jrut panumpang turun, sanggeus mere pamulangan mobil  dijalankeun deui.

Tihareup, katempo barudak mahasiswa keur  ngagimbung bari aya nu mawa keretas karton, spanduk jeung ban mobil. Rek daremo naon deui atuh cenah, pan geus puguh euweuh nu didenge.

Kapaksa mobil teh eureun heula, kusabab jalan ditutup ku mahasiswa. Sanggeus maranehna ngaliwat, kuring nuluykeun deui  pagawean, his lain gawe meureun ari saukur nyupiran angkot mah, kuli.

Acan ge nepi ka terminal, geus kasampakeun jeung nu demo deui, guru honorer cenah ceuk tukang asong bieu mah menta diangkat jadi pagawe negri.

Duh aing mah, karek ge dua rit bari acan beubeunangan, aya weh  gogoda teh.  Saha nu kudu disalahkeun? Bener ceuk si Kikin leuwih ngeunah jaman Suharto, euweuh nu demo, teu kacaritakeun nu sangsara.

“Tis bakal lila yeuh sigana macet teh, geus weh puterkeun deui !” si Kikin ngagorowok tin a jandela angkot manehna nu aya sateukangeun angkot kuring.

Ret kana spion, nu diuk dina korsi tukang aya duaan panumpang awewe  barudak keneh.
“Neng, liren dimana?”tanya teh.

“Di jalan Samboja Pa,” tembal nu buuk pondok.

“ari eneng?” cekeng teh nanya kanu saurang deui.

“Abdi mah di jalan Bagja Pa”.

Geuleuyeung mobil dituluykeun deui bari meus meus kudu eureun, da kapegat banjir jeung nu daremo.
Emh, mun kieu tuluy, kumaha pijagaeun barudak kuring atuh? Dimana mana banjir, dimana mana tingjorowok reformasi, bari euweuh hasilna. Duh ieu nagara, ngadon weh banjir reformasi.