Nun Alloh pangѐran abdi, abdi nyalindung tina robihna ni’mat anu tos dipaparin ku Anjeun, sareng robihna kasѐhatan nu parantos dipaparinan, ogѐ nyalindung tina luasna kani’matan anu tos dipaparin ku Anjeun, sareng nyalindung tina kamurkaan Anjeun, saupami abdi teu syukur ni’mat , amin. Sabeungkeut du’a nu di kedalkeun.
Unggal bedug, bѐrѐs ngalaksanakeun kawajiban, teu welѐh kuring ngadu’a, ngedalkeun pamѐnta ka Gusti nu Maha Kawasa. Karasa ngemplongna mun geus mudalkeun naon nu aya dina pipikiran.
-0-
Tilu taun, kuring teu bisa nempo deui mata poѐ, teu nyaho deui rupana gunung, atawa pasawahan nu ngampar hѐjo. Sono kuring kana nѐmpo, sono kuring kana sakabѐh nu baheula katempo.
Kumaha ayeuna raray ema? Kumaha ayeuna dedegan apa?. Ngan saukur sora saban paguneman, nu dareuda, nu bisa dirarasakeun ku kuring. Naha ema keur bungah, naha apa keur bagja, atawa sabalikna.
Palataran asrama Garuda tiis combrѐk, sakabѐh pangeusina keur baralik ka lembur sѐwang sѐwangan, kari kuring, nu keur diuk dina bangku jati panjang hareupeun asrama Wyata Guna. Di Panti Sosial Bina Netra, kuring nuluykeun lalakon hirup.
Aya hiji nu jadi pikiran kuring ayeuna, nyaѐta kumaha kahareupna kuring?. Tisaprak kajadian ѐta, kacilakaan mobil nu nyababkeun kuring jadi jalma lolong, kuring kaleungitan harepan.
Kuliah nu kari sasemѐster deui antukna bolay, kahayang pikeun nyenangkeun kolot gening bet kudu nyieun bohak na manahna. Enya gѐ duanana bisa narima ieu cocoba, meureun na hatѐna mah ngajerit kawas kuring.
Duh Gusti, paparinan abdi kakiatan dina mayunan ieu cocobi.
-0-
Ngalèngkah tѐh geus teu kudu sieun budagbadug deui, da ayeuna mah geus apal lebah lebahna, dimana panto, dimana mѐja, dimana korsi jeung dimana ayana ranjang. Jaba dibaturan ku iteuk deuih.
Lѐngkah kuring muru kana mѐja, leungeun katuhu maca rohangan ku iteuk, leungeun kѐnca nempo ku dampalna.
Tok tak sora keretas majalah nu di teken makѐ alat nulis brailleu marengan kuring. Ayeuna mah kuring geus bisa nulis deui, ѐnya gѐ makѐ aksara brailleu. Ngan kitu, nu bisa macana ngan ukur nu sarua teu bisa ningali atawa pagawѐ panti.
Mimiti diajar nulis braileu, kacida hѐsѐna pisan, kudu diajar deui kana aksara. Buleudan dina alat nulis brailleu aya genep, buleud jeung rada legok alatna tѐh, ngarah mun di ketok atawa diteken engkѐna tarimbul handapna. Cara macana, keretas dibalikeun, tapak nu tarimbul ѐta nu di baca, dirampa ku ramo.Maca aksara brailleu mah kudu dirarasakeun, dipapay ku dampal ramo.
Rѐk teu aral kumaha harita, ibarat jadi budak TK, kuring diajar ti enol deui. Jauh pisan cara nulisna jeung ku pulpen atawa patlot, ieu mah diketok atawa diteken ti katuhu ka kѐnca, mun macana, ti kѐnca ka katuhu.
Ngetokna, makѐ beusi leutik, siga sumpit. Titik hiji di kѐnca luhur hartina hurup a jeung angka hiji, titik dua ngajajar bѐh kѐnca, hartina ѐta hurup be jeung angka dua, mun titikna dua diluhur, ѐta hurup cѐ jeung angka tilu. Kitu satuluyna.
Ceuk adi kuring mah, jiga kartu gaplѐh, ngan ieu mah tina beusi. Ah, kateuing atuh, sabab kuring gѐ nyaho kana alat nulis ieu teh sanggeusna teu nempo.
Aèh, naha bet kalah ngalamun ieu tèh, lain tadi kuring tѐh rѐk nulis?. Enya, pangabisa kuring ngan saukur nyajak, ngaliwatan sajak, kuring bisa nembleuhkeun eusi hatѐ.
Baheula, keur kuring kuliah gѐ, pan dosѐn dosѐn pada muji, pajarkeun kuring tѐh calon sastrawan cenah. Ah, meureun ayeuna mah, ѐta tѐh moal deui bisa kahontal. Sanajan abrug abrugan usaha, sanajan kokosodan nyoba, dalah dikumaha da geus kieu kuduna.
-0-
Jeprѐt! Kadѐngѐ sora listrik pareum, ah, teu hayang ingkah na korsi pikeun menerkeun listrik.
“Fir, listrikna pareum, naha teu dilereskeun?,” sora Pa Barna bareng jeung sora ngѐrѐkѐtna panto.
Cetrèk!, sora listrik geus dihurungkeun deui.
“Ah Pa, da kangge abdi mah pareum atanapi caang gѐ, sami waѐ poek,” tembal kuring bari ngabѐlѐhѐm.
“ha ha ha … Ih, ari taeun tèh, keur naon Fir? Bangun nu anteng kitu? Nyajak? Sok atuh, ѐngkѐ ku apa dibantuan ngirimkeunana, urang kirim ka redaksi koran atawa majalah nya? Mun teu salah mah keur aya lomba ayeuna tèh,” ceuk Pa Barna bari lѐngkahna kadѐngѐ ngadeukeutan mѐja.
Rada ngahulѐng ogѐ kuring ngadѐngѐ beja kitu, aya lomba nyieun sajak cenah, duh, meni hayang pisan, hayang pisan kuring bisa ngiluan. Tapi, naha bisa kitu nu lolong ngiluan?, pan teu cara batur meureun, batur mah makѐ ketikan komputer, maenya kuring makè tulisan braille, jaba dina majalah urut deuih.
“Sanes teu hoyong Pa, naha tiasa kitu abdi ngiringan? rumaos abdi mah teu normal sapertos nu sanès,” walon kuring.
“Ih, naha makè jeung teu tiasa? Dicobi heula wèh Fir, Departèmèn sosial gè moal ngantep, keun bagèan bapa nu nyuhunkeun pangrojong ti dinas mah. Ayeuna mah ngadamel heula wèh heula sajakna,” tembal pa Barna wijak pisan.
Sabaraha lila mah boh kuring boh Pa Barna euweuh nu ngaluarkeun ucap. Sepi, jempling, ngan pèrèpètna sora bako nu dikenyot nu kadèngè.
Heeemmhh … ! Kadèngè rènghap Pa Barna, ”Fir, ulah gimir, ulah ngarasa teu bisa kukumaha, ceuk saha nu lolong teu bisa suksès? Ulah ngarasa èlèh saacan tanding. Teu kabèh jalma bisa nempo, boga kaleuwihan jiga hidep. Teu kabèh jalma nempo bisa suksès. Euweuh bèdana urang jeung maranèhna tèh,” Pa Barna nempatkeun dirina dina posisi nusarua jeung kuring. Posisi nu lolong, nu nyandang cacat nètra.
“Muhun Pa, kantenan, abdi badè nyobian, hatur nuhun kana pangrojongna,” beurat ieu kecap rèk kaluar tèh, kahayang mah nyegruk ayeuna kènèh. Bagja, kuring bagja, gening aya kènèh jalma nu mirosèa.
Kuring nuluykeun nulis, sanggeus Pa Barna ninggalkeun kamar. Sora jangkrik, jeung toktakna alat nulis maturan kuring peuting ieu, sarua, jeung peuting peuting kamari.
Panon geus karasa beurat, sirah mimiti karasa jangar, loncèng jam disada dua kali. Euleuh, gening jam dua peuting. Abong nu lolong, teu nyaho di waktu, abong nu lolong, beurang peuting gè sarua.
-0-
Saurang lalaki aya umuran, nu diuk dina korsi panghareupna rambisak waktu nempo saurang pamuda tuna nètra maju pikeun narima Hadiah Sastra.
Dina leungeunna aya nu dicepeng pageuh, majalah urut nu pinuh ku sajak, nu dikirimkeun ku manèhka ka panitia lomba. Makè aksara brailleu jeung tarjamahanna dina aksara tulis meunang manèhna.
Hatèna bungah, hatèna sugema. Juara Sajak Taun ieu, Firman Sastra Adi Pangersa.
Kahatur :
Kidulur nu aya di PSBN WYATA GUNA BANDUNG