Leketey, awak leuleus.
Asa dibobodo, asa diulinkeun.
Enya kitu manèhna tèh rèk bèla ka kuring?
Enya kitu manèhna tèh nyaah ka kuring?
Boa ukur heureuy, boa ukur rahul.
Rumahuh, Dèwi ukur rumahuh, pasrah kana takdir nu bakal nembrak kahareupna.
Duh, naha bet jadi kieu? Naha kuring tèh bet gampang diolo?.
Ari kuring kunaon? ari kuring naha bet belegug-belegug teuing?.
Dèwi nyalahkeun dirina sorangan.
-0-
Roko nu kari sapotong dikenyot, huh ... haseupna dikaluarkeun tina biwirna.
Rohangan nu leutik tèh atuh pinuh ku haseup.
"Dèw, keur naon? naha huleng jentul kitu?" tanya kuring.
"Nyi, kuring asa dibobodo, asa poèk pikeun kahareupna," tèmbalna.
"Naha aya naon atuh Dèw? Sok nyarita!" tanya kuring deui.
"Nyi, kunaon atuh kuring tèh? Naha teu bisa leupas ti manèhna? pan katempona gè manèhna mah teu nyaah ka kuring".
Kuring kerung saheulaanan, naha Dewi bet cumarita kitu?.
"Dèw, ceuk saha èta tèh? Ceuk saha manèhna teu nyaah ka Dewi?" kuring nyilidik.
Panon Dèwi mimiti cumalimba.
"Nyi, mun enya manèhna nyaah, meureun manèhna aya perhatian ka kuring, mèrè bèja ka kuring. Ieu mah, jiga nu poho ka kuring tèh, hayoh wèh anteng jeung pagawèanna. Nyi, ènya gè kuring ukur jadi nu ngora, kuring gè hayang atuh jiga batur".
Kuring ukur bisa ngarènghap, teu bisa nèmbal kahayang manèhna.
Wayahna.
oleh Nyai Endit pada 25 Juni 2011 jam 19:47