Mimitina tina Facebook


Dina inbok anjeun, kuring ngebrehkeun sagalana. Sanajan teu kakedalkeun kabeh, kuring bagja, kuring asa laluasa. Puas diri kuring sok sanajan ngan kitu wungkul. Asa harampang pipikiran sanajan ngan kitu wungkul.

Dina lahunan status anjeun, kuring genah tur merenah. Sanajan ngan kitu wungkul, kuring geus asa pangbageana.
Enya, ngan ukur anjeun, nu ngarti kana kaayaan kuring. Ngan ukur anjeun, nu bisa ngahibur diri kuring.

Sanajan ngan dina inbok jeung status wungkul.

"Eha, geura hudang siah! geus jam sabaraha ayeuna teh? Lain geura mandi kadituh! geus lohor acan? Beuki gede teh beuki ngedul maneh mah!"  

Euh, aing mah, teu kaop cicing, meni teu meunang weh santey teh.

" Naon atuh Ma, Eha mah geus mandi ti isuk ge, lohor ge pan tadi geus lohor!" 

"Keur naon atuh siah dikamar wae? kawas panganten weh nyileungleum di kamar sapoe jeput, kadieu yeuh bantuan ema nyieun adonan!" sora Ema beuki bedas ti tukang.

Haroream ge kapaksa kuring nyampeurkeun ka tukang. Kasampak Ema keur nyieun adonan bala-bala.

"Naon Ma?"

"Tah, asupkeun tariguna!" 

Tarigu ku kuring ditampanan, palastik nu ngabungkus tarigu ku kuring disoehkeun. 

"Make gunting atuh, lain di gegel kitu! jorok pisan maneh mah  awewe awewe teh".
"Da euweuh atuh Ma guntingna, bae atuh lah nu penting mah tariguna asup kana adonan" tembal kuring.

"Ih maneh mah dibejaan teh, paingan euweuh lalaki nu ngadeukeutan atuh da maneh mah kitu geuning, kawas lain awewe." Ema embung eleh omongan.

"Naha teuing Ma, nya ari geus jodo mah engke ge aya atuh. Ayeuna naon deui Ma? tariguna geus nyampur yeuh jeung adonan," cekeng teh ngahaja mengparkeun paguneman.

"Heueuh meunggeus weh kitu," tembal Ema pondok.

"Kitu wungkul?" tanya kuring.

"Nya heueuh, ari geus naon deui atuh? da lamun dititah bari panggorengkeun, hasilna moal jauh ti tutung!" ceuk Ema bari panonna meletet ka kuring.

Teu bisa nembalan deui, jabaning hade keneh menjauh dari lokasi ah, sok jadi perang engkena.

Sup deui ka kamar, gubrag deui kana risbang.

Kalayang, lamunan mimiti kumalayang. Ceuk anjeun, diri kuring panggeulisna, ceuk anjeun diri kuring pangsampurna-na. Sanajan ngan kitu wungkul, ieu hate bagja amarwata suta, bungah euweuh tandingna.

Iraha nya urang bisa panggih? Iraha nya urang bisa paduduaan? da geuning, hate beuki kumejot hayang panggih. Pikiran mingkin manteng hayang geura ngalakonan.

"Eha, keur naon deui atuh, itu aya semah keketrok teu kadenge?"

Ah aing mah si Ema, ngaganggu wae kasenangan batur, teu meunang weh kuring cicing teh.

"Bade kasaha Jang?" kadenge sora Ema nanya kanu jadi semah.

"Eha-nya ada Bu?" tembal nu nyemah.

"Oh, ke sakedap, saha tea nya Ujang teh?"

"Saya Soleh Bu, teman Eha" nu ditanya ngadenge nembalan.

Hah, Soleh? Soleh nu dina Face book tea kitu? Alah siah, kuring can mandi.

"Eha, ieu aya tamu! Sok calik heula Jang, ke sakedap urang sauran". 

Kolotrak, panto kamar dibuka tiluar.

"Eha, itu aya babaturan, cenah ngaranna Soleh, jug geura sanghareupan! kasep siah, pokona mah Ema panuju weh," ceuk Ema bangun nu atoh.

Kuring? Nya puguh deui atuh, atoh pisan.

Can mandi ge, geuwat kuring dangdan. beungeut ditaplokan ku wedak, biwir dibeureuman ku lipen.

Srot, srot, Parfum teu tinggaleun. Baju ganti kunu anyar meuli kamari.

Kaluar tikamar, kasampak tamu keur nyoo HP.

"Kang Soleh?"

Nu ditanya ngalieuk, panonna mencrong ka kuring tiluhur kahandap. Beu! kuring jadi salting.

"Hey, pa kabar?" 

"Euh, baik Kang," tembal teh bari grogi.

"Gini ya, saya mohon ma'af atas segalanya, namun sepertinya saya tidak bisa melanjutkan hubungan kita! Ma'af juga jika kedatangan saya kesini hanya membuat kamu terluka".

Deg, asa aya nu neunggeul kana jajantung, asa aya nu nubles kana hate.

Acan ge parat kuring ngararasakeun kanyeri, manehna geus nuluykeun omonganna.

"Jujur saja, kamu berbeda sekali dengan di Profil ya, saya menyukai wanita yang lembut dan keibuan, saya berada disini udah lama loh, tak sengaja saya dengar pembicaraan kamu dengan ibu kamu didapur tadi" 

Teg, teg, teg, aduh, aduh, aduh. Geus, geus, cukup! Montong dituluykeun deui. Kuring mah kieu ayana, mun didinya rek ngahina, leuwih hade montong panggih sakalian. Balik siah, balik! indit siah, indit!.

Kuring jejeritan, kuring jojorowokan! ngan teu kedal.

Kuring ngan saukur ngabetem, kuring ngan saukur cicing waktu manehna amitan balik.

Kudu kumaha, teu bisa kukumaha, kabisa kuring ngan kitu wungkul.