Salungsurna tina Kandaraan

Panto mobil dipangmukakeun, salira masihan isarah supados sim abdi énggal lebet. Gék calik sagigireun salira. Salira nyeuseup napas panjang, lajeng neuteup bari imut. Supir ngalajukeun kandaraan. Saterasna urang anteng gunem. Kalan-kalan soca paadu teuteup, hanjakal mung sakedapan. Dina manah sim abdi dumareuda, sateuacan lungsur tina kandaraan widian abdi neuteup engkang ulah mung ukur kalangkang. Reg mobil liren di buruan. Abdi kedah lungsur tina kandaraan. Salira gugupay,  abdi nyandang kahayang. Kang, apan urang teh awis tepang.