“Tatép goréng, euweuh rupaan. Irung ngabelesek, biwirna balap lumpat”
Ari Tatép, ngadon ngajedog waé di poyokan téh. Naha teu ngarasa kitu geus didzolimi? (Haha, bahasanya édas begonoh euy si Nyai)
"Hey! Montong sok maroyokan siah! Hayang dibéjakeun ka guru maranéh?"
Beciiiir..., barudak lalumpatan. Kari kuring jeung si Tatép nu keur rambisak. (Terharu jigana mah pedah aya nu méla)
”Tatép nu kasép..., sabar nya, jang. Tatép mah pan budak bageur. Kasép siga Arjuna, gagah jiga Bima,” cekéng téh bari ngusapan sirahna. Heueuh, sugan wéh kahibur.
Na da éta mah, teu di sangka teu dinyana. Sumpah. Si Tatép jung nangtung, molotot bari hohoak, “Naon atuh, Ceu, rek milu moyokan? Make jeung nyindiran sagala!”
Gebeg! "Euh.., dasar Hanoman siah!"