Preman Nyeri Huntu


Saha nu teu apal ka diri kuring atuh? 
Preman setasion nu dipikaserab ku sakabeh jalma.
Pulisi? lewaaaat…! Teu ngaruh chuy! Aing tea atuh! Seubeuh ku pangalaman. Nanaon ge euweuh hartina pikeun kuring mah! Deuleu atuh aing. Digebugan ku saratus jelema? teu ngaruh, Chuy! Murag tina kareta? Jagjag  kuring mah! Digeleng setum ? Bisa keneh lumpat! Diteunggar treuk? Teu bohak bohak acan. Naaaaa...,  dibere nyeri huntu kawas ayeuna..., halah, tobaaaaaaat, ampun Gustiiiiii..., moal sakali-kali deui!.