Waktu kuring ngajalin tresna jeung bebende hate nu taya duana.
Ngaranna Onyon Suronyon. Unggal poe si Onyon taya kabosen nanyakeun ku patanyaan nu sarua. Bosen ngajawabna ge da pasti npatanyaanana teh, " Nyai, saha nu dipikameumeut, dipikanyaah, dipikasono, diimpen impen ku Nyai teh?"
Jiga Malem Minggu kamari, eta patanyaan muncul deui.
" Nyai nu geulis, bebende Akang Onyon nu Kasep, saha nu dipikasono ku nyai teh? "
Kuring ngabetem, cape.
" Nyai nu manis, nu imut, nu panggeulis geulisna sadunya, waler atuh geulis, ieu aa Onyon ngantosan waleran..."
Heueuh da karunya atuh. Kapaksa ditembal. "Sok atuh, geura taros," cekeng teh.
Si Onyon imut bari irung rada rebeh.
"Saha kahijina?"
"Kang Onyon"
"Kaduana?"
"Tetep kang Onyon"
"Dupi, nu katiluna, geulis?"
"Mung Kang Onyon"
"Tah geuning..., kaopatna, sun?"
"Hanya Kang Onyon"
Irungna beuku rebeh.
"Nu kalima, nu kalima? Cik saha?"
"Kang Onyon atuh..."
"Kagenepna, sayang?"
"Kumaha dinya weh lah, Kang Onyon!"
"Katujuh?"
"Ceuk aing Onyon, Onyoooon! Na sia teh!"
Beretek ka kamar. Blug ! Panto ku uing dibanting.