Ustad Sabar : “ Tah, ibu-ibu pangaosan nu di mulyakeun ku Alloh, ayeuna mah urang teh
tos terang, yen sabar kedah di angge dina sadidinten.
Bu RT : “Pa Ustad, pami nu sapertos abdi, di nyenyeri ku caroge, kedah tetep sabar
wae nya Pa Ustad?”
Ustad Sabar : “Leres bu RT, ieu teh panginten cocobi kangge ibu, sabar weh bu!”
Ceu Rupiah : “Pa Ustad, pami kieu, urang teh tos ihtiar, nanging teu kenging hasil wae,
kumaha tah Pa Ustad, sami kedah sabar wae?”
Ustad Sabar : “Sami Ceu, sabar mah teu kenging aya watesna. Alloh mikadeudeuh,
mikanyaah, jalmi nu sabar!”
Ceu Rupiah : “Kieu pa ustad, abdi teh nambutkeun artos ka salah sawios jalmi, tos aya
mangbulan bulanna, nanging, pami di tagih anjeuna sok seueur alesan, teu
acan aya artosna tea lah, di angge ka dokter lah, di tipu batur lah, seueur
alesan anjeuna teh Pa Ustad!”
Ustad Sabar cengkat tina diukna bari popolotot, manehna ngomong kieu, “Naon maneh teh,
Rupiah, nyindir ka dewek?