Aya Apa dina Eunteung

Sisi basisir. Ombak tingjelegur, angin laut séah. Keueung. Langit ceudeum sabregbregeun. Di pangumbaraan, kakangen datang teu nyaho mangsa. Siga ayeuna, bet kumejot hayang balik ka lembur. Sono ka nini, kangen ka indung. Bapa? Enya, sigana mah mun nyaho kumaha ari nu jadi bapa, urang gé bakal sono ka manéhna. Duh..., kapanasaran téh bet datang deui. Kumaha ari rupa bapa sorangan? Enya kitu Apa téh tiwas di tambang batu bara tempat gawéna.... Jegurna ombak asa ngalaunan. Naha ema mun ditanya perkara éta tara ngawaler? Naha Enin sok ngadon nitah aing ngeunteung nya? Huuhh..., rumahuh. "Mamah, pami Apa Dédi rarayna siga kumaha?" Indungna teu némbal, ngadon hayoh nyurudcud cimata. "Déd, hayang apal bapa hidep mah, jug, ngeunteung kaituh! Aya geura Bapa hidep...." cék enin. Enya kitu bapa téh siga nu aya dina eunteung? Ah..., sok sieun bohong. Breg! Hujan ngabegbreg. Kuring lumpat ka imah rék muru eunteung.