_ GERAKAN MACA BUKU & MEDIA BASA SUNDA _

Urang Sunda teh aya 30 juta leuwih, tapi naha buku anu dicitak, boh prosa boh puisi, umumna tara leuwih ti 1000 eksemplar; media citak basa Sunda anu medal, boh majalah boh surat kabar, can aya nu leuwih ti 10.000 eksemplar (umumna kurang ti 5.000 eksemplar).

Naha urang Sunda teu resep maca? Asa piraku. Naha urang Sunda teu mikanyaah kana basa Sunda? Asa piraku deuih. Naha atuh antara karesep jeung kanyaah teh, lebah maca buku jeung media basa Sunda mah bet henteu natrat katenjona? 

Hartina meureun, kudu aya gerakan ti urang Sunda pikeun ngahangkeutkeun jeung ngaronjatkeun karep jeung karesep maca kana buku jeung media basa Sunda. http://www.facebook.com/BukuBacaanBasaSunda#