TABUH SALAPAN WENGI

Jalma ngagimbung. “Tabuh salapan wengi, saparantos ngonci panto téh Cép Dadan katingal rurusuhan ka péngkolan,” pokna Bu Éndah méré katerangan. “Ibu ningali manéhna mawa naon waktu ninggalkeun TKP?” tanya Pulisi deui. “Duka atuh, kirang sidik da anjeuna nganggé jas hujan,” cék Bu Éndah deui. “Kumargi nu disauran teu aya kaluar, nya anjeuna téh teras lebet ka gudang nganggé taraje. “ “Ibu sorangan keur naon harita?” “Abdi nuju calik di tepas. Panginten, ku anjeuna teu katingal da katutupan tatangkalan sareng kembang sapatu” “Geus sabaraha lila korban ngontrak di dieuna?” “Ti Bulan Séptémbér, nya, Abah?” Bu Nyai nanya ka salakina pikeun muguhkeun. “Lain..., ku teu ngarti, éta ucing hideung nepi ka kitu. Beuheung sapat, hulu ancur. Jigana mah disabet maké pedang, huluna dipékprék ku batu nu dibungkus ku kaén sepré tadi, nya?” tanya Hasan ka Godi. “Ari sendal? Naha bet siga boga manéh, God?” Teu ditémbal ah, api-api wéh teu kadéngé.