Ucing Sumput

"Ji..., wa..., lu..., pat..., ma..., nep..., juh..., pan..., lan..., luh...." Nu jadi ucing mimiti ngitung. Berebet, barudak lalumpatan. "Can deut, deut can, deut deuuut...." Bari raéng narembalan, nu lalumpatan rancingeus néang panyumputan. Nu lumpat, kudu gancang néang panyumputan. Nu ngitung, kudu geuwat namatkeun itungan. Kuring gé milu nyumput, malah dinu nyamuni pisan. Euweuh deui tempat ngeunah keur panyumputan, iwal ti imah kosong ieu. Di luar, tatangkalan jarangkung matak tiis. Kitu deui di jero imah, sok sanajan pinuh ku rambat lancah, tapi nyicinganana ngeunah. “Asép! Ulah nyumput di imah éta! Aya jurigan, siah!” Ji..., wa..., lu..., pat..., ma..., nep..., juh..., pan..., lan..., luh.... Nu ucing keur ngitung kénéh. Ah..., sorangan deui baé nyumput téh.