Haté gilig dudukun duméh aya kahayang nu jauh ti kahontal.
Cék batur, dukun ieu bisa ngawujudkeun sagala kahayang. Dukun téh pikasieuneun!
Buuk gimbal, kulit lestreng, beungeutna…, ah, hadéna mah ulah dicaritakeun.
“Sok kainyah Ujang peureum, saré sing tibra!” paréntahna. Kéla, bisa kitu uing
saré dipaksa? Cekéng na haté. Tapi anéh, teu sakara-kara atawa pédah dinanaon
ku Si Dukun kitu? Uing bet ker tibra naker, ni’mat batan sasarina. Jleg, jol
aya di jero pabrik, maké jas. Kabéh jalma mikahormat. Euleuh…, uing téh nu boga
pabrik ningan. Sabot keur ngaheureuyan pagawé awéwé, torojol satpam
ngagiringkeun awéwé maké daster belél. Pamajikan. Beu! “Pa, ieu si ibu ngakuna
garwa bapa. Leres kitu?” satpam nanya. Pamajikan dibetot nyinglar ti dinya,
leungeun ngusiwel ngaluarkeun duit tina saku. Song ka manéhna. “Akang! Hirup
mah lain ku molor, duit moal datang sorangan! Pangedulan mah bakal laput
dimangsa jaman! Hudang, Akang!” Aya ku harus sora pamajikan.