Budak nu ka tilu umurna dua taun waktu nu jadi salaki
ninggalkeun kuring. Ayeuna budak téh geus kelas dua SD. Budak nu panggedéna
sakolana teu junun, teu kabedag ku ongkosna. Sabaraha atuh ari buburuh ngajait
di konvéksi? Demi bisa hirup, unjak-anjuk ka ditu ka dieu, dulur gé geus
kapapay. Ieu aya lolongkrang usaha, meunang orderan ngamaklun kaos. Ari mesin
mah aya, da baheula kungsi boga konvéksi. Nu jadi harepan ukur Siti. Sugan méré
nginjeum, pan manéhna mah apal kumaha kaayaan kuring. Rerengkogan waktu rék
ngetok panto téh, asa-asa. Bray, panto muka. “Wati, aya naon ka dieu? Rék
nginjeum duit, nya?” Kuring olohok, kagét. Teg. Haté kasigeung. “Nya, tadina
mah jang modal, Ti,” cekéng. “Ieuh, ari sakirana teu boga modal mah, geus gawé
di batur! Leuheung mun maju usahana. Mun henteu?” pokna. Dina angkot, cipanon
nyurucud. Si bungsu, ditangkeup pageuh. “Mamah, engké mah ulah ka bumina Uwa
deui, nya!”