ANGIN PRIANGAN

 ANGIN PRIANGAN
Rumpaka : Wahyu Wibisana
Sanggian : Mang Koko
Laras : Pélog

Seungit angin Priangan
ngusapan embun-embunan, duh embun-embunan
Hawar-hawar reureundahan ngahariring
ayun ambing, ayun ambing

Seungit angin kayangan, sumerepna lelembutan
Duuuuh na lelembutan.
Hawar-hawar reureundahan ngahariring
Eling-éling mangka éling

Dengkleung déngkdék
Dengkleung déngkdék sisi lamping
anu déwék enya anu kuring
Tanah wasiat tanah duriat
anu matak tibelat nya rarasaan

Dengkleung déngkdék
Dengkleung déngkdék sisi lamping
anu déwék enya anu kuring
tanah wasiat jadi sarakan
anu tetep marengan nya lelembutan