DANGDANGGULA (GOYONG)

 Mungguh hirup hamo bisa mungkir
tina salah jeung kakaliruan
nu jadi rereged haté
rajeun ngagugu napsu
umangkeuh reujeung asa aing
teu ngajén ka nu lian
geus tangtu kaliru
meungpeung aya kasempetan
urang silih lubarkeun rereged dosa
reujeung papada urang

Nu dipamrih mugi jembar manah
luntur kalbu kersa ngahaksami
malar teu janten bebendon
dina lakuning hirup
binarung kaweningan ati
tur neundeun pangharepan
ampunan Nu Agung
mulang kana kasucian
beresih lir anyar gumelar ka dunya
gymilang sinanglingan