Laéla

Peuting teu simpé. Sora-sora nu takbir ngageterkeun pangeusi dunya. “Mun keukeuh hayang kawin jeung Si Iyus, nyingkah ti imah ieu!” sentak bapana. Lima taun geus kaliwat, rasa hayang balik beuki rosa. Aweuhan sora takbir nyeuit ati, dulag nu ditabeuh ngajojoét rasa. Cimatana, ngawakilan peurih batin Laéla. Sanajan panonna dipeureum-peureumkeun, angger teu bisa saré. Teu genah cicing, teu genah rasa. Pikiranana kumalayang ka lembur, nyawang mangsa-mangsa katukang, dina unggal lebaran. Nyata, kabagjaan téh bisa ngariung jeung kulawarga. Reup, Laéla saré. Di lembur Paniisan, dina peuting nu sarua. Saurang awéwé tengah tuwuh, manteng dina du’a-du’ana. Du'a pikeun salaki nu geus taya dikieuna, du’a pikeun kulawargana. “Néng, enggeus ngala kembang jang nyekar téh?” “Atos, ma!” Ma Émi reugreug, laju nuluykeun deui du’a-du’ana. Beuki husu, demi anak nu duka dimana. Di hiji kamer, di puseur kota. Sanggeus lima taun pindah ageman, hiji wanoja gulinggasahan dina saréna. Laéla, nu sono lebaran. Dug dulug dug dag!