AHMAD BAKRI

Ahmad Bakri (Rancah, Ciamis 11 Mei 1917-Ciamis, 18 Juli 1988) lain wae kaasup pangarang Sunda produktif, tapi deuih kungsi meunang jujuluk pangarang favorit, dumasar kana hasil angket majalah Mangle dina taun 80-an. Tangtu aya dasarna hasil angket Mangle teh; karangan Ahmad Bakri-- boh carpon boh carnyam--anu dimuat dina eta majalah loba anu mikaresep, malah sok kacida diarep-arepna.

Satamatna ti Sakola ra'yat 3 taun, Ahmad Bakri neruskeun ka Schakel School (sakola sambungan) di Ciamis. Meunang sawatara bulan kungsi masantren di Genteng jeung di Sadewa. Taun 1973, milu keurseus montir di Bandung, tapi teu kungsi tepi ka tamat. Ti dinya digawe di PTT, tepi ka jaman Jepang.

Satutasna pengakuan kedaulatan (taun 1949), Ahmad Bakri sapiriumpi pindah ka Bandung, lantaran kaayaan di lemburna teu aman balukar gangguan gorombolan. Kungsi ngajar di SD Cicadas (1952), tuluy milu ujian persamaan SGB, ditema deui ku KGA, anu sabada tamat diteruskeun ka B-1 Basa Sunda. Sanggeus ngantongan diploma B-1, Ahmad bakri ditempatkeun jadi guru SPG Ciamis, nepi ka pangsiunna (1973). Ti dinya terus diangkat jadi Kepala SPG Muhammadiyah Ciamis, tapi kalah menta diturunkeun deui jadi Wakil kepala, sabab hayang aya waktu anu laluasa pikeun ngarang.

Karya-karya Ahmad bakri anu geus medal mangrupa buku di antarana:
- Payung Butut
- Rajapati di Pananjung
- Sanghiang Lutung Kasarung
- Srangenge Surup manten
- Sudagar Batik
- Mayit dina Dahan jengkol
- Juru Tulis Malingping
- Asmaramurka jeung Bedog Si Rajapati
- Ki Merebot
- Dina Kalangkang Panjara
- Dukun Lepus
- Kabandang ku Kuda Lumping
- Mapag Perang Bharata





**Dicutat tina buku Ki Merebot