Maling di imah kuring



“maling, maling! tewak tah maling euy!,” kadenge sora nu gogorowokan jeung blag blig blugna nu lalumpatan ti beh kidul imah kuring.

Rikat kuring kaluar ti imah, pikeun nganyahokeun aya kajadian naon diluar. Katempo sababaraha urang tatangga kuring lalumpatan siga nu keur neangan jelema. 

“aya naon Kang Sahma?,” tanya kuring ka salah saurang warga nu ngilu kana abringan. 

“maling Pa Karta, nembe aya maling, kaperego nuju nyandak tipi di bumi Ceu Entat,” tembal Kang Sahma. 

“Pa Karta, katingalna mah kapalih dieu da maling teh lumpatna,” ceuk si Jajang milu mairan.

“ ah, piraku Jajang, da titadi ge bapa teu kamamana, teu kadenge sora nanaon ning,” tembal kuring bari nginget nginget deui, bisi enya aya sora nu nyurigakeun tadi teh, tapi da sidik teu kadenge sora nanaon. “Nya atuh ayeuna mah urang teang weh ku sarerea.”

Nepi ka adzan Lohor, nu di teangan  teu kapanggih wae. “ heran kuring mah, eta maling boga elmu naon nya, bisa ngaleungit teu puguh puguh kitu? pan tadi teh sidik lumpatna kalebah imah Kang Karta,” ceuk si Ujang waktu bareng leumpang mulang ka imah.

“Kuring ge teu nyaho Jang, da euweuh nu nyurigakeun atuh diimah kuring mah.“

Satepina kuring di imah, kuring langsung muru ka cai, pikeun nyokot wudu, tuluy ka tajug, nu aya disagigireun imah. Aya saurang lalaki nu keur ngalaksanakeun sholat meni khusyu pisan. Kuring tuluy  nuturkeun sholat disagigireunana. 

Beres ngalaksanakeun sholat, kuring ngareret ka manehna, ngora keneh, pangawakan beresih, dedegan jangkung leutik. Manehna unggeuk bari imut ka kuring,

“assalamu’alaikum kang”  mere salam bari cengkat tina diukna, tuluy nyampeurkeun, gek diuk hareupeun 

“waalaikumsalam, timanten yayi? sareng bade kamana?” jawab kuring ditungtungan ku nanya. 

“euh, duka ieu teh kang, abdi teu gaduh tujuan,” ngajawab kituna teh bari katempo panonna neuteup kosong. 

“ naha bet kitu yayi? manawi teh aya bujengkeuneun.

“ Mimiti kuring curiga kamanehna, boa boa ieu maling nu diteangan tadi teh. 

”Puguh kang, abdi teh bingung, peryogi artos kangge pun anak nu nuju udur, ari padamelan teu gaduh, nya abdi ti enjing enjing kukurilingan, manawi aya padamelan nu tiasa dibantos, tapi gening, teu kekengingan kang,” cimatana katempo ngeyembeng .


Aya kana sajamna kuring jeung Agus di tajug, kualatan karunya, nya Agus teh dibawa ka imah. Tina carita manehna, kuring jadi ras inget kana nu pernah karandapan ku kuring sawatara waktu katukang. Basa kuring masih keneh jadi pangangguran. Di imah remen teu boga beas beas acan. Enya ge ayeuna, kahirupan kuring masih keneh pas pasan, tapi hayang weh nulungan kanu susah mah. 

Agus ku kuring dibere pagawean, dititah ngangon domba jeung ngurus kebon sampeu. Da ngan ku cara eta wungkul kuring bisa nulungan. Saacan balik, Agus dibekelan duit jang mawa budakna ka dokter.

Pasosore, Ratna pamajikan kuring balik dagang ti pasar, “ Pa, tos tuang?,” tanya Ratna bari nyimpen keresek hideung dina meja. “ Atos mah tadi siang, eta mamah nyandak naon?,” kuring malik nanya.

“oh, eta pa, goreng hayam sareng tempe bacem,” Ratna ngajawab bari asup kakamar. 

“Pa, nembe Ceu Pipin ngawartosan, saurna aya maling di urang?,” nu dikamar nanya deui. 

“muhun saurna mah, tapi da teu kapendak ning.”  Ratna kaluar ti kamar  geus ganti baju ku daster.

“Kade Pa, bilih aya di bumi urang, parios heula ah” Ratna ngaharewos. 

Kuring ngan saukur unggeuk bari mesem,  “ pan Bapa malingna,” nu diheureuyan ngan saukur ngadilak bari imut.

Isuk isuk pisan Agus geus katempo ngarambet, kandang domba ge geus beresih. 

“Gus, geus ngopi acan? ngopi heula yeuh“ 

“muhun Kang, ke ah, teu acan rengse,” tembalna. 

Ratna nu titadi keur sibuk di dapur, nyampeurkeun, “saha eta teh pa?” “eta mah, Agus, urang lembur cibatok cenah saur anjeuna mah, karunya mah, putrana nuju udur, manehna teu gaduh biaya kangge ka dokter, nya ku Bapa teh, dipiwarang ngabantosan weh di urang mah “

“ kade ah Bapa, bilih tukang tipu, mamah mah teu percanten kitu wae ka jalmi teh, komo ieu jalmi salangkung.“ Ratna ngaharewos bari tuluy asup deui ka dapur. Rada kasinggung oge ku omongan pamajikan teh, tapi teu ditambalan, da sieun ngadon jadi papaseaan.
 
 Salila ieu, rumah tangga kuring jeun Ratna tara aya riributan. Enya ge nepi ka kiwari tacan boga budak wae, tapi kuring jeung Ratna mah tetep weh teu ngajadikeun hal eta masalah nu gede.

Geus aya samingguna Agus babantu di kebon jeung di kandang, salila ieu euweuh kalakuan manehna nu nyurigakeun.

“Gus, ayeuna mah wayahna, bantuan oge pagawean si Euceu di imah, da si Eceu sibuk di pasar, bulan Romadon mah sok rame nu meuli, Akang geus beak cutina, kudu indit gawe deui yeuh” “ muhun Kang, mangga” tembal Agus.  Geus kitu mah kuring tuluy indit digawe. 

Jam duabelas leuwih, sabot kuring keur istirahat gawe, hape disada, geuwat di kaluarkeun tina saku calana, Ratna nu nelepon. Buru buru telepon ditarima,

”aya naon mah?” 

“ Bapa, dibumi aya maling, emas sareng artos tabungan urang teu aya”. 

Gebeg, asa teu percaya. “tos dipilarian heula mah?” 

“nya atos atuh Bapa, ieu Mamah nuju dibumi, Bapa enggal mulih atuh, tingal heula geura kadieu.” 

Gura giru kuring nepungan dunungan, menta ijin balik ka imah, untung dunungan teh ngarti, ijin langsung dibere, biasana mah sok hese ari di pabrik nu sejen mah.

Satengah jam, kuring geus nepi ka imah, motor geuwat disetandarkeun, Ratna muka panto,

” Bapa, hayu geura tingal, lomari kamar ge janten acak acakan” Ratna ngabeyeng kuring ka kamar.

Enya weh, eusi lomari paburantak, aya tapak urut dibongkar paksa na lebah koncina. “Kamana ari Agus mah?,” kuring jeung Ratna silih teuteup, bangun nu karek sadar, yen aya jalma nu lain salian ti kuring jeung manehna. “Aeh, muhun nya Pa” pamajikan ngadon milu ngahuleng.

“Gus, agus,“ kuring jeung Ratna ngageroan Agus nu titadi teu katempo jinisna. 

“Pa, boa Agus malingna Pa, pan nuju Bapa pendak sareng Agus, aya nu kaicalan tivi tea sanes,? jabi  saur tatanggi nu ngarudag, maling teh lumpatna ka bumi urangkeun Pa”. 

”Astagfirrulloh, Mamah, naha bet gaduh emutan kadinya? saur Bapa mah asa moal mungkin  Agus  palakuna. Ulah suudzon Mah ah, Mamah panginten nu jorok nyimpenna!,” ceuk kuring rada ambek.

“naon ari si Bapa, ieuh, Bapa teh nuduh ka Mamah? Mamah nu teu tarapti kana barang? salami ieu, saha nu sok jorok kana barang? saha nu sok hilap kana sumpan simpen barang? pan Bapa sanes?, malih mah mamah nu sok mangnyimpenkeun pami Bapa kirang tarapti. Nyeri hate Mamah mah, Bapa langkung percanten ka si Agus tibatan ka Mamah.” Ratna ngaleos ka kamar, bari ngageblugkeun panto. Kuring saukur cicing, teu nembalan, da enya atuh, kuring nu kurang tarapti mah. Beu, naha jadi papaseaan kieu.? 

Aduh, mun enya Si Agus nu jadi malingna, naha bet kutega. Salah kuring deui, mercaya jelema nu can puguh juntrunganana. Tilu poe ti harita, sabot kuring beberesih di garasi nu ngahiji jeung gudang bubututan, teu ngahaja, panon kuring nempo kardus di tutupan ku jolang urut. Hate rada curiga, sabab, teu rumasa kuring mah nyimpen dus di gudang.

Jolang nu dipake nutupan dipindahkeun, dusna ku kuring digusur, da gening rada beurat. Dus teh diisolasian, buni pisan.  Dus ku kuring dibuka, deg, asa copot jajantung, nyaan ngagebeg, eusina tipi. 

Astagfirullah al adzim, gening kamari kuring teh geus ngasupkeun maling ka imah.