Teeeetttt… teeeettt…. teeeeettttt…..
sora lonceng sakola kadengena harus pisan. Ma’lum, pan kelas kuring mah pangdeukeutna jeung ruang guru. Da memang lonceng teh dipasangna di tembok hareup ruang guru. Bu Asih nutup palajaran Fisika nu titadi nyieun ieu sirah jadi lieur. Beres ngadu’a jeung salam, bu Asih kaluar ti kelas, kaayaan kelas nu tadina simpe, ngadadak reang siga di pasar.
“bebas euuyyy !,” surak si Dadang, murid pangocesna di sakolaan ieu.
“kunaon maneh surak euy Dang?,” tanya si hendra bari nyengir siga kuda.
“asa merdeka aing mah deuleu, titadi ngan aing weh nu ditanya teh, ari maraneh hanteu, teu adil ah,” tembal si Dadang.
“bogoheun ka maneh meureun Dang Bu Asih teh,” ma’lum, udah lama menjanda! jablay euy, jarang di belai, hahahahahh,” banyol si Yusuf ngaheureuyan si Dadang.
“heueuh meureun nya? aing tea atuh, awewe mana nu teu bogoheun ka urang? wajah, okey, impor atuh beungeut aing ma, teu cara maraneh karurang bumbu,hahahahahah,” si Dadang mimiti oces.
” Tapi Dang, naha atuh si Rosita bet nolak maneh?,” si Dani milu mairan, sarua, ngaheureuyan si Dadang.
”ke, keheula Dan, lain di tolak, tapi di talak! hahahahah…,” yusuf seuseurian bangun nu ngeunah pisan. Si Dadang ngan saukur nyengir, teu bisa ngajawab, bari ngareret ka kuring. kuring ngan saukur ngadilak ka manehna, tuluy cengkat, ngaleos ninggalkeun kelas.
Bari leumpang, sapanjang jalan, kuring nginget nginget deui sababaraha waktu katukang. Harita, kuring anyaran asup ka sakola ieu dina semester kadua, keur kelas dua. Kuring mah murid pindahan ti Cirebon. Ma’lum, ari boga bapa TNI mah, sok remen pundah pindah dinesna.
Poe ngamimitian sakola, kuring geus di jailan ku si Dadang. Kantong sakola kuring di asupan rupa rupa runtah urut bungkus jajanan barudak sakelas. Isukna, handapeun meja kuring, ditempelan ku urut peremen karet, atuh nempel na erok saragam kuring. Paling rujit, keur poe katiluna, moal poho Saumur umur, kuring di kerem di jero WC sakolaan. Untung aya Dewi, babaturan sakelas nu kabeneran rek ka WC. Ku Dewi di bukakeun tulak luarna, di ganjel ku awi cenah ceuk Dewi mah.
Tisaprak kajadian eta, kuring mah ijid saijid ijidna mun nempo si Dadang jeung CSna teh. Nepi ka ayeuna ge, rasa kangewa teh can keneh bisa leungit. padahal eta kajadian geus aya sataun katukang.
Teu karasa, ayeuna kuring geus kelas tilu, semester ahir. Tereh ujian, tereh kaluar ti sakola ieu. Nu pasti mah tereh bebas tetenjoan, moal nempo beungeut oces si Dadang deui. “buah batu, buah batu, neng ka buah batu?.”
Lamunan kuring paburantak ku gorowok calo angkot nu titadi riweuh mangneangankeun panumpang. Kuring buru buru nyampeurkeun angkot nu tereh pinuheta. Haroream ari kudu nungguan ngetem deui mah. Hayang geura nepi ka imah.
“Sit, Sita, hey, Sitta ,” kadenge aya nu ngageroan ngaran kuring ti gigireun, da puguh kuring mah leumpang na trotoar, manehna mah make motor, teu bisa naek ka trotoar atuh. Manehna ngagupayan ka kuring, nitah nyampeurkeun. Kusabab panasaran hayang apal saha nu ngageroan, jeung pangpangna mah bisi aya nu penting, kuring teu jadi naek angkotna, tuluy nyampeurkeun ka nu keur nyetandarkeun motor.
Na hate kuring nanya, saha nya? naha apal ngaran kuring?. Nu ngageroran ngaran kuring teh mukakeun helemna, bari imut nu manis, ramah ka kuring. Gebeg, reuwas oge, satengah teu percaya kuring rada olohok.
”Euh, sugan teh saha, gening Dadang, aya naon Dang?,” tanya kuring teu make ekspresi darehdeh. Nu ditanya masih keneh imut manis, bari panonna neuteup ka kuring. Seredet, aya nu nyeredet na jero hate. Kuring karek sadar, gening mun teu oces mah si Dadang teh kasep, manis, jeung boga awak nu teu eleh ku ”coverboy”. Panonna nu seukeut siga panon elang, kulitna nu bodas beresih, irungna nu mancung, dedegan nu ngeusi, asa euweuh kurangna ari lain ti oces mah.
“sanes Sit, Sita mulihna ka buah batu nya? sareng atuh yu? kaleresan Dadang oge bade ka buah batu! enging nolak ah, teu sae nampik rejeki, hehe,” ngomong kitu teh si Dadang bari ngasongkeun helem nu hiji deui.
Duka teuing aya angin timana, leungeun kuring nampa helem nu di asongkeun ku Dadang. Tuluy dipake.
Motor di setater, digerung gerung, kuring naek kana motor. “atos Sit?,” tanya Dadang. “atos!,” tembal kuring. Geuleuyeung, motor maju, mawa hate kuring nu dag dig dug. Pipikiran kuring teu paruguh, pedah kakaraeun di bonceng ku babaturan lalaki meureun. Teuing pedah aneh, ningali Dadang, asa beda atuh da , asa rubah, asa lain si Dadang nu biasa oces ieu mah.
“emh, Sit,” ceuk nu di hareup, lalaunan pisan ngomongna teh,bangun nu ragu.
“kah, aya naon Dang,?” tanya kuring bari ngadeukeutkeun ceuli nu katutupan helem, bisi teu kadenge naon nu rek diomongkeun ku manehna.
“Sit, pananganna nyepengan atuh ka abdi, supados langkung aman, da abdi ge moal bendu, hehehe,” ceuk manehna. “moal nanaon kitu? ke bilih aya nu bendu ah,” jawab kuring bari malik nanya, patanyaan nu teu penting, da kuring ge nyaho Dadang mah can boga kabogoh, pura pura weh teu apal ieu mah.
“saha nu bade nyeuseul Sit? paling ge bu Asih, hehehe.” Kuring nyengir ngadenge jawaban Dadang nu di luar dugaan, pikaseurieun oge. Motor ngalaunan, tuluy nyokot jalan Beulah kenca, nyisi heula. Reg, motor eureun. Leungeun Dadang nyokot leungeun kuring, bari tuluy ku manehna di lingkarkeun kana cangkengna. Atuh puguh kuring jadi nangkeup ti tukang.
“Tah, kieu atuh Sit, sanes titadi atuh, ti ngawitan tadi naek! janten tambih bingah ka abdina, hehehe,” kitu ceuk Dadang teh bari ngalajukeun deui motorna. Kuring ngan saukur mesem, cangkengna ku kuring di ciwit leutik.
“aduh, hahahahah, ciwit sayang eta mah nya Sit?,” Dadang ngadon beuki ngaheureuyan. “naon ih, henteu,” jawab kuring nutupan hate nu beuki dag dig dug wae. Nu jelas mah, ayeuna teh aya kabungah nu teu paruguh.
Sapanjang jalan, Dadang ngadongeng, benerna mah ngungkapkeun eusi hate meureun, yen manehna teh resepeun ka kuring, naksir cenah, ngan teu wani balaka,mandeg mayong rek ngungkapkeun rasa suka ka kuring teh. Ceuk manehna keneh, manehna teh resep ka kuring ti mimiti kuring asup sakola di dinya, tapi teu wani pok, sabab nyaho yen kuring mah boga bapa TNI, mun dipikir, naon hubunganana jeung pagawean bapa nya ari rek ngomong suka wungkul mah? dasar si Dadang.
“Sit, janten kumaha ieu teh? di tampi teu? sok ah, mun ditampi tampi atuh, pami henteu, Dadang ge moal bendu, bade ngadodoho weh, diantos lengahna, hehehe!” tanya Dadang menta jawaban langsung.
“jadi, nembak yeuh cariosna teh?,” kuring ngaheureuyan manehna.” muhun atuh, ari tos kumaha deui, da ieu hate teu tiasa di sumput sumput ning,” ceuk Dadang ngajawab jujur.
Kuring teu ngajawab, ngan saukur mageuhkeun leungeun kuring nu titadi meulit dina cangkeng Dadang. Tangkeupan beuki pageuh, beuki geugeut, na hate kuring ngeharewos, “muhun Dang, Sita nampi Dadang.”
Poe ieu, sapanjang jalan buah batu jadi saksi kuring jeung Dadang.