Kareta nu ninggalkeun



Panto kamar ditutupkeun raket pisan. Rada haharewosan ngajawab  telepon teh, da keur di imah. 

 “Kumaha enjing teh?”

“janten, bade angkat tabuh sabaraha ti dinya?”

“tabuh sapuluh weh, bade ngangge kareta Patas nu tabuh sapuluh, dugi ka statsion Bandung tabuh sabelas, kumaha?”

“Muhun atuh, engke ku abdi di antosan di statsion Bandung nya?”

“Muhun”.

Reugreug hate teh euy, bisa keneh gening panggih jeung manehna. Isuk, meureun kudu ngajak heula budak jeung  pamajikan ulin, meh beurangna bisa panggih jeung manehna. Apan sagala ge kudu diakalan, ngarah pamajikan teu curigaeun kuring geus salingkuh ti manehna.

Haduh, teu sabar hayang geura isuk, hate geus kumejot hayang paduduaan jeung manehna, padahal teu pira ngan saukur ngobrol wungkul, tapi hate sok bungah kacida.

 Euis, Euis, naha hate urang bet kabengbat ku maneh atuh?. Teu beunang dipapalerkeun, teu beunang di bebejokeun. Unggal waktu, unggal usik, ngan aya maneh jeung maneh dina pikiran teh.

“Pah, kadieu sakedap!,” kadenge sora pamajikan ti dapur, buru buru disampeurkeun, bisi kaburu ngawekwek.

“Aya naon mah?,”

“Pah, enjing ulah kamamana nya? urang ajak Dede jalan jalan!,” ceuk pamajikan bari ngakeul sangu.

“Kamana? paling ge enjing enjing tiasana, da enjing siang mah aya padamelan,” pok teh di tambahan ku ngabohong.

“Pan enjing mah dinten Minggu atuh pah, naha make jeung aya padamelan sagala? Papah mah meni teu gaduh waktos kangge mamah sareng Dede,” pamajikan protes bari jamedud.

“Muhun atuh lah, enjing urang jalan jalan, tos ulah baeud geulis , janten tambih geulis katingalna,” cekeng teh bari noel gado manehna.  Pamajikan ngan saukur ngajebian.

Isuk Isuk keneh, budak jeung pamajikan di bawa momotoran. Meuli sangu koneng, baju, jeung cocooan budak, teu pira balanjana mah sakitu, tapi katingalina barungah pisan. Heueuh, rumasa tara ngajak ulin, sibuk ku urusan pagawean, jeung salingkuhan.

Ret kana jam, aduh geus jam salapan, kumaha ieu, budak jeung pamajikan betah keneh ulin, mun diajak balik, kacipta jamedudna.

Sabot keur ngahuleng, Kirining hape disada, si Wahyu nelepon. Kabeneran pisan maneh nelepon Wahyu, bantuan urang ngakalan pamajikan nya? Cekeng teh dina hate.

“Halow, Sep, keur dimana euy?,” nu di peuntaseun telepon nanya.

“Euh, Bapa, hapunten pa, sapertosna  abdi moal tiasa nepangan dinten ayeuna, kaleresan nuju aya kaperyogian ieu teh,”  jawab teh ngakalan. Ngahaja sora rada ditarikan, pedah pamajikan keur neuteup  seukeut, pasti keur ngadedengekeun.

“Naon ari maneh Sep, asa teu nyararambung ngajawab teh,”  si Wahyu teu ngartieun, nya puguh moal ngarti atuh da teu di bejaan heula, hahahah, hate seuri sorangan.

“ Muhun atuh Pa pami kitu mah, abdi bade teras ngadeuheus ka palih dinya “.

“Ah maneh mah teu baleg euy, hahahahah, geus ah, assalammualaikum”

“Wa’alaikum salam,” hape di tutup, tuluy disakuan deui.

“Saha Pah?,” Tanya pamajikan.

“Eta Pa Endang, Papah dipiwarang ka bumina ayeuna keneh,” cekeng teh jiga nu heueuh.

“Hayu atuh enggal uih, dam amah g eke siang bade ka bumi Bi Tuti,” pamajikan ngajak buru buru balik.
Emh, nuhun Wahyu, ahirna bisa oge urang panggih jeung Euis poe ayeuna.

Jam sapuluh geus aya di statsion Bandung, kareta nu dimaksud can keneh datang. Nu datang karek kareta jarak jauh, ti jawa wungkul, nu lokal mah can datang cenah. Heueuh nya, pan ti Cicalengka na ge jam sapuluh, nepi ka dieu tangtu jam sabelasan.

“Mohon perhatian, jalur dua dari arah timur, kereta api lokal KRD patas Baraya Geulis akan segera datang. Sekali lagi, jalur dua dari arah timur kereta api lokal KRD patas Baraya Geulis akan segera datang”

Tah gening, datang oge. Hate beuki teu sabar hayang geura panggih jeung manehna. Kareta geus aya di hareupeun, panumpang tarurun ti tiap panto gerbong, gening euweuh. Nepi ka geuleuyeungna deui kareta, manehna teu keneh katempo, boa manehna mah teu jadi kadieu. Duh, meni asa mentegeg pisan ieu hate.

Kaayaan di statsion rada sepi, jumlah  calon panumpang jeung nu nungguan geus ngurangan, sabagean geus naraek kana kareta, sabagean deui, nu nganteur jeung ngajemput geus naringgalkeun statsion.

Leumpang nyampeurkeun bagean informasi, nanyakeun jadwal kareta lokal jam sabaraha deui datangna, cenah mah aya jam sabelas ti Cicalengka. Beu, sajam deui meureun kudu nungguan maneh teh Euis.

 Aya korsi di beh kulon nu kosong, jiga nu nitah ngadiukkan. Nya geus atuh, ku urang didiukkan, bari nungguan manehna, sugan weh manehna naek kareta jadwal jam sabelas ti cicalengka. 

“Perhatian perhatian, jalur dua dari arah timur kereta api KRD Patas akan segera datang”

Tah, aya bewara deui, rek datang cenah kareta nu mawa maneh teh.  Kareta nu didadagoan titadi datang, tuluy reg eureun.  Katempo maneh geus nangtung hareupeun panto kareta rek turun.Panto kareta muka, panon teu leupas ti diri maneh Euis, maneh imut, imut nu teu bisa dipopohokeun.

Euis nyampeurkeun, tuluy metot leungeun  ngajak rurusuhan kaluar ti statsion. “Hayu enggalan, seueur nu kenal didieu mah,” ceuk  maneh. Teu loba ngomong, atawa niat rek protes, gancang weh nuturkeun maneh urang teh.

Kaluar  ti statsion, nu di tuju ngeusi beuteung heula, da karunya maneh can dahar ti isuk isuk cenah.  Nu keur ngahuap teu leupas tina teuteupan, nyaan geulis gening maneh teh, komo bari potongan buuk nu ayeuna mah, mantes pisan.

Keuretan beungeut nu oriental, panon sipit, buuk lempeng, di cet coklat deuih buukna teh, katempo awewe nu enerjik ceuk urang mah.  Anteng urang duaan ngobrol di café, roko teuing geus beak sabaraha batang, nu jelas aya ku ni’mat ngaroko dibarengan ku maneh.

Geugeut urang mah nempo maneh nyarita teh, capetang, aya weh nu di obrolkeun teh. Ari kahayang mah ngusapan buuk maneh, ngusapan ku kadeudeuh, ngabangbrangkeun ieu kasono.  Hanjakal, ngan bisa wareg neuteup wungkul gening ayeuna mah. Tapi sakitu ge urang mah geus bungah, bisa paduduaan jeung maneh ge urang mah geus ngarasa bagja pisan.

Teu karasa, waktu nyerelek, ayeuna geus satengah lima. Maneh geus kudu balik, pedah jadwal kareta ayana jam satengah genep. mun elat, kudu naek kareta KRD Ekonomi cenah, haroream, pasti pasesedek.  Euh aing mah, geus mah hese hayang panggih jeung maneh teh Euis, ayeuna, dimana panggih, kudu rurusuhan deuih.

Kirining hape disada, geuwat di cokot hape teh tina saku jaket, telepon ti pamajikan, cenah mah manehna keur di jalan Braga, menta di jemput. Aduh aing mah, kumaha ieu nganteurkeun Euis atuh nya?.

“Euis, kumaha atuh nya, Aa kedah ngajemput si Teteh, Euis kersa ngantosan?”

“Nya atos weh atuh A, Euis mah da tiasa uih nyalira, ulah janten emutan, enggal atuh jemput si Teteh, bilih ke janten papaseaan sareng Teteh,” jawabna, bari tuluy nyekeskeun korek pikeun rokona.
 
“Euis, kieu weh, ku Aa dikantunkeun heula  sakedap, Aa jajap  heula si Teteh uih nya? Euis antosan di statsion,  engke Aa nyusul Euis ka Statsion,” cekeng teh ngolo manehna.

“Euh, kumaha atuh nya, saur Euis ge wios weh teu kedah  dijajapkeun Euis mah atuh,” tembalna.

“Ih, sanes kitu, maenya Euis teu dijajapkeun ku Aa, pokona mah engke Aa pasti ka statsion jajap Euis nya?”. Manehna ngan saukur unggeuk, katempona kuciwa pisan.

Sanggeus nganteur balik pamajikan ka imah, geuwat ngajugjug deui ka statsion, motor dikebut, teu malire deui kaayaan di jalan, poho kana kasalametan sorangan. Nu aya dina pipikiran urang ayeuna, bisa nganteurkeun Euis kana kareta.

Tungguan Euis, tungguan nya, ulah waka naek kana kareta  Euis, tungguan Aa. Motor beuki di gas, pikiran beuki  teu paruguh, hayang geura nepi di stasion. Asa boga dosa mun urang teu nganteurkeun maneh tepi ka naek kareta. Duh, aing mah, meni asa jauh jauh teuing statsion teh.

Satepina di statsion, motor geuwat di parkir, tuluy lulumpatan ka jero statsion,teu paduli batur rek narempokeun ge. Ah aing mah nyaan pikanapsueun, teu nyaho urang keur rurusuhan kitu, make jeung kudu mayar heula peron deuih. Sabot ngaluarkeun duit pikeun mayar peron, katempo aya kareta nu keur ngageuleuyeung. Boa eta, ah, lain meureun.

Di jero statsion, kaayaan sepi, luak lieuk neangan manehna, nu di teangan euweuh katempo. Rada hanjelu oge, tapi panasaran, rek nanya ka patugasna weh, sugan nu bieu mah lain kareta patas.

“Kang, dupi kareta patas ka cicalengka tos angkat?”

“Nu nembe pisan Kang, eta kareta terakhir lokal patas, naha bade kamana? pami bade ka cicalengka mah atanapi ka rancaekek, antosan kareta KRD weh atuh” tembal nu ditanya.

“Ah henteu Kang, sawios, hatur nuhun kang”.

Euis, naha teu daek nungguan? Hanjakal teuing Euis, hanjakal, Kareta geus mawa Euis ninggalkeun ieu diri.  
Nyaan hanjelu, hanjelu pisan. Panon neuteup sapanjang erel kareta ka beh wetankeun, ka palebah cicalengkakeun. 

 Iraha deui urang bisa panggih atuh Euis?.