Baramaen



Panon poé seukeut pisan nyiwitan kulit, hawa ngelekeb campur jeung haseup knalpot. Kebulna jalan  geus teu dirasa deui. Bagja, umur dua welas taun nu sapopoe cicing di parapatan jalan Muhammad Toha.

Saha nu hayang jadi baramaen, mun seug aya pagawaean mah, urang ge tangtu moal kudu menta menta. Tapi gawe naon atuh? pangabisa urang mah teu boga, sakola ngan saukur nepi ka kelas dua esde. Naha ari urang teu jiga deungeun deungeun nu saumur?. hu uh, Bagja ngarahuh.

Diuk dihandapeun lampu setopan, panonna neuteup ka sabudeureun parapatan. Naha batur bet bisa senang?. Mobil aralus, motor kaluaran anyar, baju ge marantes. Teu jiga urang, boroning mobil, motor, hayang baju nu teu tatambalan ge kudu nungguan nu mere. Jajauheun kana mobil jeung motor ketang, pikeun dahar atawa jajan ge remen teu kacumponan.

Lampu setopan beureum deui, Bagja cengkat tina diukna, nyampeurkeun mobil  nu warna beureum.   Di hareupeun kaca panto, palebah diukna supir, bagja namprakkeun leungeunna, beungeutna ngahaja  dijieun pikarunyaeun.

Kaca mobil, nyerelek kahandap, ngan saukur leungeun supir nu ngasongkeun duit receh lima ratus perak. Duit di tampanan, sup kana saku calana. Geuwat Bagja nyampeurkeun mobil sedan nu aya satukangeun mobil beureum tadi, sarua, namprak, bari ngahelas.

Nu diuk tukangeun setir  ukur ngangkat dampal leungeun katuhuna, teu ngalieuk lieuk acan. Teu bisa dipaksa, matak kitu ge teu hayang mere meureun.  Sugan atuh dina angkot nu ieu mah rada ayaan nu mere teh.

Satengah lumpat, bagja muru kana panto angkot, gek diuk palebah lawang pisan, nyanghareup ka panumpang. Leungeun? ditamprakkeun deui wae. Meunang sarebu limaratus. Lumayan.

Lampu setopan kaburu hejo waktu Bagja  nyampeurkeun Beus kota Damri  jurusan Elang - Jatinangor . Kapaksa Bagja luncat kana beus. Di Jero beus, Kang  firman jeung babaturanna keur ngamen, kapaksa Bagja kudu nungguan heula maranehna beres ngamen. 

Biasana dua atawa tilu lagu. Pan teu meunang atuh  mun aya batur nu sarua neang duitna ku cara menta atawa ngamen, silih piheulaan, sarua weh jeung ngarebut lahan batur. Ketah ari hayang riributan mah, aturan eta teh teu kudu dipalire.

Turun tina beus, Bagja bisa nyakuan duit keretas sarebuan opat lambar, jeung duit kencring limaratus perakan. Beuteung  geus kukurubukan menta  eusi, sirahna karasa jangar.  Bagja ngareureuhkeun heula awakna nu karasa nirisan. Duit dina saku calana dikaluarkeun, nu lambaran di rapihkeun, bari diitung. Beubeunangan poe ieu karek dua welas rebu.

 Sup, Bagja ka warung sangu sisi jalan. Bagja teu wani milih deungeun sangu nu matak meakkeun duitna, enya ge tikorona hayang  ngasaan. Cukup sangu, endog hiji, tahu  jeung kangkung, sakitu ge geus genep rebueun. Pikeun manehna nu penting beuteungna kaeusian.

Sangu ngahaja dibungkus, cai enteh panas dipalastikkan, Bagja teu wani ngilu dahar didinya, hamo nu keur dalahar, leungit kani’matan nempo manehna. Bari  neangan tempat pikeun dahar,  Bagja eureun heula di kios nu kaliwatan, manehna  meuli obat pikeun nyeri sirah.

 Handapeun tangkal kihujan Bagja murak bungkusan, sakeak, sangu jeung deungeunna beak ludes teu nyesa. Cai enteh jeung obat nyeri sirah jadi panutup daharna, euweuh bungbuahan komo deui susu. Euweuh dina sajarah manehna dahar  ‘empat sehat lima sempurna’ mah.

Euuu ! teurab, asa ku ngeunah, awak ge kesangan deui ayeuna mah. Jangar sirah nu tadi nyiksa, saeutik saeutik karasa leungit, geus harampang deui. Angin nu ngahiliwir, ngabebetot panon  Bagja sangkan peureum. Bagja indit ka alam impenan.

Sok sanajan ngan sakerejep sarena, karasa pisan segerna kana awak. Bagja cengkat, muru ka jalan deui, gajleng kana angkot nu mawa manehna balik ka parapatan Mohammad Toha.

Ja, timana maneh tadi euy? tadi si Sagus neangan, ceuk si Sagus, barudak urang mah teu meunang neangan duit didieu deui cenah, sabab manehna lewih tiheula didieu. Kumaha atuh Ja?,“  bari gek diuk si Didi nanyana teh.

"Kamana ayeuna si Sagusna Di? ari tadi di tembalan kumaha ku maneh?"

Ah, teu di tembalan Ja, urang mah ngaleos weh”.

Bagja rada ngahuleng, sabab si Sagus mah lain lawaneun manehna. umurna geus kolot, sapantaran jeung Kang Surya. kana duapuluhdalapanan. Maenya kolot kudu dilawan? mun enya ge dilawan, tangtu manehna sorangan nu bakal tinggal ngaran.

Jigana si Sagus teh teu rido rejekina diiluan ku maranehna, atuh da titah saha, cara neang duitna ku jalan nipu. Boga awak sajagjag jagjag, der di kitu kieu ngarah katempo cacad, suku di taplokan peuyeum, ngarah di gembrong laleur, tuluy di baluran ku obat merah nu geus dicampur jeung warna coklat tina bahan paranti ngawarnaan dahareun. Sakilas mah enya jiga borok jeung panyakit, tapi da jalma ge ayeuna mah arapaleun atuh, yen eta teh ngan saukur cacad jijieunan.   

Keun ke ku urang dibejakeun ka Kang Surya, urang mah kumaha Kang Surya weh, da Kang Surya nu tanggung jawab ka urang salila ieu pan. Mun ceuk Kang Surya urang kudu pindah, nya pindah. Montong sieun ku si Sagus lah”

Heueuh Ja, Kang Surya nu jadi bapa urang salila ieu teh, manehna nu jadi panyalindungan urang, kasaha deui atuh urang kudu nurut?” Didi ngeluk tungkul. 

Bagja surti, Didi jeung manehna pada pada budak yatim, teu boga indung, teu apal bapa. Ngan Kang Surya nu jadi bapa angkat maranehna.

Bagja nepak punduk Didi, “hayu ah, mending neang duit deui,” nu di tepak cengkat, cirining panuju. Didi muru kana mobil sedan biru,sedengkeun Bagja, nyamperkeun mobil  bodas. Sabot Bagja keur namprakkeun leungeun di hareupeun mobil, teu disangka sangka, aya nu metot kana baju manehna.

Ari sia hayang di teunggeulan ku aing Bagja? Pan geus dibejaan, montong neang duit didieu, neugtreug pisan sia mah,”  bari popolotot si Sagus hohoak.

Naon Kang, naha make jeung teu meunang?,”  Bagja malik nanya. Torojol si Didi nyampeurkeun.

Aya naon Ja?,” tanya si Didi bari panonna mah mencrong ka Kang Agus.

Tah maneh Didi, naha teu ditepikeun ka si Bagja omongan urang? tampiling ku aing siah,” kituna teh Kang Agus bari ngangkat leungeun katuhuna rek nampiling.

Bagja nyolongkrong kahareupeun Didi, maksudna pikeun ngaganti pipi Didi nu rek di tampiling ku pipi manehna.

Gep, leungeun Kang Agus aya nu newak, jarak  lima senti deui kana pipi Bagja. Kang Surya, manehna datang pas pisan dina kaayaan dibutuhkeun ku Bagja jeung Didi. Kang Surya jeung Kang Agus parea area omong, ayeuna duanana keur galungan.

Enya ge nu keur galungan posisina di jalan lebah kulon, tapi sabudeureun parapatan Mohammad Toha  macet total, nu laleumpang ngarandeg, nu make motor areureun, tapi naha euweuh nu wani misahkeun. Nu galungan, ngadon jadi tongtonan.

Mun meunang milih, kuring embung jadi baramaen, gerentes Bagja, nyakclakkeun cipanon.    

   
       
  







27 November 2010