Lakon asmara Nyi Ronggeng Baged.

Layung beureum marengan Barja, ayeuna, peuting peuting simpe nu ngeukeupan manehna.

Panon seukeut, awas nempo ka sakuliah pasawahan, pare nu meujeuhna dibuat,  bakal nambahan deui eusi petina. Banyuresmi, wewengkon endah, nu mere pakaya ka diri Nyai Endit.

Ngaran sajatina mah Nyi Bagendit. Katelah Randa pangbeungharna di  Banyu resmi. Nyi Endit teh ronggeng Baged panggeulisna diantara nu lian. Hiji panarik ati pikeun sing saha wae lalaki  nu nempona. Kitu deui pikeun Barja, jongos satia Nyai.

Sanggeus mariksa sawah, Nyi Endit dituturkeun ku jongos jongosna balik. Sapanjang leumpang, Barja nu aya disagigireunna, sababaraha kali maok teuteup. Nu dipaok , teu malire saeutik eutik acan. Barja ngan saukur bisa nyeuseup seungitna ti kajauhan.

Barja, isuk pariksa sawah nu beh kulon, ulah nepi ka aya nu maok segon deui!,” pokna bari asup ka jero.

 Di tepas imah Nyi Endit, Barja nyarande kana tembok. Panon neuteup ka langit langit, pikiranna ngalayang, ngopepang   neang diri nu dipikaati.

Nyai, mun seug anjeun narima ieu kaasih kuring, kuring jangji, moal arek ingkar, moal arek nyia nyiakeun. Sakabeh diri jeung hate kuring, dipasrahkeun pikeun anjeun. Gerentes  Bagja. Naha Nyai, naha salila ieu kuring ngan saukur jadi panglipur diri anjeun.

Enya ku kituna mah, Unggal anjeun butuh, saban Nyai perlu ka diri kuring, kuring  bisa ngeukeupan jeung ngusapan, lalampahan urang duaan geus lain dunungan jeung bujang. Tapi naha kuring teu bisa meunangkeun hate anjeun Nyai?.

Barja meureumkeun panonna, angin leutik nu biasa mawa manehna ka alam impenan, kiwari geus teu bisa deui. Pikiranna beuki kumalayang, hatena pagaliwota.

Peuting harita, sabada ti lembur Sukamukti, rengse ngaronggeng, anjeun narik diri ieu asup ka kamar. Kamar nu seungit  kembang malati, kembang nu salawasna nyeungitan diri anjeun. Urang silih udar rasa kasono, kadeudeuh, nepi ka kongkorongokna hayam ngahudangkeun diri urang duaan.

Satuluyna,kuring remen asup ka kamar anjeun, dimana anjeun mere parentah ka kuring. Kudu nepi kamana Nyai, nepi iraha diri ieu jadi pamuas diri anjeun? Kuring deudeuh ka anjeun, teu bisa leupas ti diri anjeun. Kuring hayang ngapimilik diri anjeun sautuhna.

Tujuh poe katukang, waktu Ki Demang datang, mondok di kamar nu biasa dieusian ku urang duaan, hate ieu ngajerit, amarah teu bisa dikungkung. Kuring timburu Nyai, kuring teu rido, hate kuring teu merean.

Sajatina Nyai, urang duaan silih mikacinta, silih mikadeudeuh, tapi harta jeung banda pikeun anjeun leuwih pogot tibatan sucina rasa cinta kuring ka anjeun.

Nyaan, seuseut batan neureuy keueus, kacida hesena ngahontal pamaksudan teh Nyai. Tadi peuting, waktu kuring ngebrehkeun naon nu aya dina hate jeung pipikiran, batan narima, anjeun gening ngadon murka.

“Naon maksud maneh teh Barja, make jeung hayang mibanda kuring, pan geus sidik kuring mah ronggeng, saha nu boga duit, eta nu kawasa ka diri kuring,“ bari nukangan, anjeun nembal, leungeun menerkeun raksukan.

“Nyai, urang urus sawah ku duaan, akang ge bisa mere dahar dahar wae mah ka Nyai”

Anjeun malikkeun awak, nangtung hareupeun kuring nu diuk sisi ranjang. Panon anjeun nu biasa pinuh ku kadeudeuh, ayeuna  katempona pinuh ku amarah.

“Akang, hirup Nyai geus senang ayeuna, Nyai teu butuh pitulung Akang. Mun Akang hayang jadi salaki Nyai, Nyai teu bisa, Nyai teu sanggup mun kudu ninggalkeun dunya ronggeng nu diiluan ku Nyai ti leuleutik, mun akang hayang tuluy aya di sagigireun Nyai, Akang kudu bisa narima kaayaan Nyai.”.

“Tapi Nyai ... ,“ Barja rek nembalan deui.

“Ah, enggeus Kang lah, Nyai ge sarua jeung Akang, mikadeudeuh ka Akang, mikacinta ka Akang, tapi tetep teu bisa Kang, ieu pilihan hirup Nyai, Nyai senang ku hirup nu ayeuna. Geus Kang  ulah di guar deui”.

Acan ge tamat kuring nyarita, anjeun geus megatkeun piomongeun kuring, tuluy goledag, sare nukangan kuring.

Duh Nyai, peuting tadi, kuring kasiksa, kuring teu bisa narima, anjeun tega nolak diri kuring, anjeun teu ngahargaan kaasih kuring.

Panon Barja carinakdak, manehna cengkat tina diukna. Ayeuna hate Barja geus buleud, hiji hijina jalan pikeun Barja bisa mopohokeun kakasih atina nu aya di jero imah, nyaeta ku jalan ninggalkeun-ana.

Nyai, hampura kuring, isuk teu bisa mariksa sawah nu beh kulon, kitu deui pageto, Kuring teu bisa nuturkeun kahayang anjeun, teu bisa .

Layung beureum  marengan Barja, ayeuna, peuting peuting simpe nu ngeukeupan manehna.

Dina waktu nu sarua, dihiji patempatan nu keur ngagelar hajatan. Aya ronggeng nu kasiksa batinna.

Akaaaaaannngggg … Kang Barjaaaaa … hampura Nyai …!,  Jerit hate Nyi Endit, diantara ramena sora kendang, goong, jeung keprok nu nongton.







01 Desember 2010,

(Walau menulis itu bebas, aku tidak mau merubah LEGENDA)