Riska keur ngancingkeun kamèjana basa Rèynold ngagalèntoran.
"Atos ah, om, abdina kedah mulih. Pami mamah uningaeun abdi kikieuan, pisakumahaeun
benduna anjeuna. Mana atuh, ènggal, langkungan nya? Pan sèrvicèna ditambihan."
"Engkè atuh sakedap, Riska tèh ti mana kitu kawit? Om asa kantos tepang ."
"Pun biang mah, Entin. Pami pun bapa, Ujang Darojat, saurna urang pakidulan."
Gebeg. Lalaki nu ngeukeupan Riska ngagebeg, beungeutna pias. Ujang Darojat? gerentesna.