BAGEA _ Disawer ku ririncikan hujan, ditabeuhan ku pating jelegerna guludug. Awewe kabaya beureum ngarengkenek sabot dipotret ku kingkilaban. Bagea, ayeuna kuring moal loba pasu'alan.
BURON _ "sumputkeun kuring ... sumputkeun kuring ti kapusing!," kitu ceuk anjeun poe harita. Kuring ngan saukur cicing, rumasa teu bisa mere pitulung. Pulisi geus ningker lembur urang. Kuring teu bisa nulungan. Teu nyana dina ahirna, iketan samping nu ku anjeun dibeulitkeun kana tangkal caringin, antukna misahkeun jiwa tina ragana.
FIKSIMINI BASA SUNDA _ Juma'ah peuting, mangsa batur geus talibra.Maranehna manco hareupeun monitor, ramo pakepuk dina keyboard. Paheula-heula, pahade-hade nyieun carita.
SAHA ETA? _ Awak diharudum sarung, sora ngagerem waktu kuring ngaliwat hareupeunana. Sirahna cengkat, sarung morosot kana taktakna.
Kelepek. Tadi sidik pisan, euweuh beungeutan.
PESO 1 _ Gidig ka kantor redaksi nu kamari nolak tulisan manehna. Gebrag kana meja. Peso nu ngagurilap nyangsang dina beuheung redakturna.
Peso 2 _ Gidig ka kantor redaksi nu kamari nolak tulisan manehna. Kantor katembong kosong. Brag, leungeun ngagebrag meja. Peso nu ngagurilap nyangsang dina beuheung hiji-hijina jalma nu aya didinya.
MUN AWEWE DIBOBODO _ Tok, tok, tok. Tilu kali aing ngetok panto. Kolotrak, maneh muka tulak. Kereket, panto muka lalaunan. Cleb, peso nuncleb dina awakna.
BUTA HEJO _ Langit dijojoet. Sagara ditawuan, caina nyimbeuh beungeut kota. Buuk gunung nu hejo dibabad, sup kana sakuna. Mucekil.
Buta hejo kiwari ngacak ngacak dunya. Jalma leutik rea jadi kurbanna.
NGANGGUR _ "Kang, kumaha atuh budak teh beuki panas wae awakna, hamo aya nanaon". Bapana budak ukur ngarahuh.
HALODO _ Ki Hujan bendu, kitu ceuk anjeun. Ki Hujan teu deudeuh ka Nyai, tempas kuring. Ki Hujan diomongkeun katembong ambek kapegung. Ki Hujan kesangan. Urang nu bayeungyang.
BATU SONAGAR _ Dina hujan aya asih, aya sono nu nyaliara. Teu kendat raat maseuhan lampah jeung kereteg. Batu nu bihari sonagar, leah handapeun saweran hujan.
MALADARA _ Pungkal pengkol dina poek, asruk-asrukan. Malakalmaot ngabedega dijajalaneun. Hana'ang, meureun bati maladara. Duh, hanjakal maladara.
TEROR _ Awak nirisan, meusmeus angin niupan punduk. Getih leuwih tarik kamalirna. Satukangeun aya nu nuturkeun. Sagigireun aya nu neuteup seukeut. Beh ditu, aya nu ngabedega, mencrong. Ngabelegbeg.
SMS _ Kang, tadi siang abdi katabrak kareta. Nanging da teu nanaon, mung mastaka ngagulutuk, potong tina tenggek. Kang, buka atuh panto, abdi tiris diluar.
SARENGSENA TEATER _ Jep, gedong Rumentang Siang sèpi jempling. Ukur riungan cakcak nu keur kèkècrak. Maranèhna keur ngawangkong, silih tèmpas ngomongkeun kumaha ramèna pagelaran tadi. Komo waktu Rahwana nyatakeun cinta ka Dèwi Sinta. Dèwi Sinta nepi ka boboroloan.
Sarèngsèna Tèater, nu nonton marawa patanyaan dina hatèna. Kumaha carita satuluyna?
MARANEHNA _ Tiburit keneh maranehna nu pakaleng-kaleng ngurilingan gedong. Kudu dibejaan, yen ieu teh kapeutingnakeun. Kaeraan waktu nu lalaki nembal, "Ah, kangge abdi mah siang atanapi wengi ge sami, poek". Iteuk, panon maranehna ngadilak bari imut ka kuring.
SALAH UCAP _ "Ceu, abdi mah trauma ku pameget teh, baheula ge nuju bobogohan sok rajeun dibohongan".
" Ih, puguh abdi ge sami, abdi mah trauma ku salaki eteh, remen nganjang tara mayar".
ROCKER _ Panggung geus bebeledugan, sababaraha grup rock geus midang. Hareupeun panggung jalma pasedek-sedek, nonton. Beledug! Sora tarik satukangeun nu nonton.
JAGAL _ Huluna dicepeng ku saurang, nu saurang deui meuncit beuheungna. Wor, getih ngagewor. Grok, grok, tuluy jep. Nu di peuncit, nyawana pisah tina raga.
"Geuning meuncit sirah tèh teu bèda jeung motong hulu, nya?" cèk maranèhna dina peuting nu bèda.
SUTRADARA _ Nu nonton éak-éakan, suka bungah maranéhna gogonjakan. Para pamaén asa dikendangan nempo panonton nyarepeng beuteung bari seuseurian. Maranéhna ékting beuki édan. Satukangeun panggung, saréngséna pagelaran, sutradara ceurik sorangan.
NELEPON APA _ "Apa, itu cai tina keran ngocor teras. Kah? tukang ledeng? Aya, nuju ngalereskeun ranjang sareng mamah. Da tadi gé waktos enéng ngalangkung ka kamar mamah, ranjangna téh kekereketan tarik téh pisan. Apa enggal uih nya!"