Asmaralaya Bag 2
Réngsé nutup hapéna, manéhna gura-giru ngajak mulang. Haténa pias. Ringkang-ringkang kalangkang nu betah manjangan, dipegatan gunung halang. Dua tangtung nyemprung kapidangdung, ngudag waktu méméh layung. Disaksian kembang kananga, nu imut jeroeun dada.