Asmaralaya Bag.1


v1.Dangdaunan patingkérésék, tangkal awi tingpelenoy katebak angin nu bangun ngoconan. Angin reureuh sakedapan. Ngahiur deui tatangkalan. Di langit manuk patingkalayang. Méga umpal-umpalan. Tongérét gé ngilu nembang, sawirahma jeung peta urang nu kasmaran.



v2.Asmaralaya_ Dangdaunan patingkérésék, tangkal awi garulak-gilek ditebak angin nu ngoconan. Angin reureuh sakedapan bangun nu keur ancang-ancang. Ngahiur deui tatangkalan, ngahiur deui dangdaunan. Manuk tingkalayang. Méga umpal-umpalan. Kalan-kalan, tongérét milu nembang sawirahma jeung peta urang nu kasmaran.