ésang-ésang
Manéhna waspada, kuring jaga-jaga. Bisi kabur, der malik nyilakakeun. Kumaha lamun jol narajang?Cilaka kuring. Deuleu itu paromanna!Sepa kitu. Beu!Aya cimata nu ngeuyeumbeu juru panonna, pikarunyaeun. Enya, karunya!Bet jadi teu wasa nempona, komo deui kudu maéhanana. "Auuuuung ... auuuuuuung ...." Mending gé ngageroan babaturan kieu mah.