Kalapati Teu Kudu Disungsi
"Sia nu salah!Sia hianat!Hina!Nista!" Seuneu jero dada mingkin ngabébéla. Leungeun beuki pageuh kana péstol. Geus cukup nepi kadieu, sia téh nyiksa aing!. Ayeuna mah kari dibekaskeun, jedor, bérés. Pucuk péstol geus antel kana sirah, kari teken, beledug, seleséy!. Nang ning ning nang euy!Aing bébaaas .... bébaaaaaas ......!Jedor!Ha ... ha ... ha ... ha ... kuring paéh ku pikiran sorangan. Kalapati ahirna datang. Aing bébaaaaas ......