
ial, sans-serif; font-size: 11px; line-height: 16px; text-align: left;">Dina peuting nu mimiti ngangkang, dina batin nu ngarakacak, leungeunna pageuh ngais si bungsu. Kalan-kalan, celepot ... celepot … tarang, pipi, irung jeung biwir si bungsu diciuman. Clak! ... Clak! Cimata ngeclak tina panonna. Sirah si bungsu diusapan, “Sabar geulis … Apa milari heula pangreureuhan nu raoseun pikeun hidep”. Nu diajak nyarita teu némbal, teu ucap, teu kukumaha. Tilu poé si bungsu utah-utahan jeung miceun waé. Bati ku teu kuat, isuk-isuk si bungsu ngaleupaskeun nyawa tina ragana. “Emh dunya … bong abong ... sajeungkal gé kuring bet teu boga”. Rahuh … manéhna ngarahuh, jero jeung panjang. Lalaunan si bungsu digolérkeun dina roda, imah maranéhna cénah. Sanggeus sababaraha lila, Ceg ... leungeun kana singkup. Wur … wur ... taneuh, keusik, beling, kérésék, palastik, botol jeung lianna ngarimbunan raga si bungsu nu ti isuk geus ngababatang.
Galamedia, 7 April 2012