Suku nu Ucang-ucangan

"Tuluuung ... Tuluuung ...". Krek!Beuheungna dipiteskeun. Jep!Marni ngadadak jempé, sirahna ngulahék. "Paéh siah Marni, geus moal bisa deui ngungudag aing ayeuna mah". Bangun nu tacan sugema manéhna nyarita deui, "Awéwé bangkawarah siah, maké jeung ménta dikawin sagala". Krek! ... krek!, dua suku Marni dipites-piteskeun. Awak marni digusur ka sisi jungkrang. Korosak!Gebrus ...!Marni digebruskeun ka jero jungkrang. Satepina ka imah, manéhna bangun nu senang. Sup ka kamar, golédag luhur kasur. Panon geus reupreupan sabot tina palapon nu can kapasang étérnit aya suku nu ucang-ucangan. Koréjat!Enya, aya suku ucang-ucangan. Leketey ...